Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Diajar bahasa sunda smp Kelas 7

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Paguneman dilakukeun ku.......

a)

Duaan bari sorana bedas

b)

Duaan tapi nu ngomongna saurang - saurang

c)

Duaan tapi nu mgomongna saurang

d)

Sorangan bari sorana teu kadenge ku batur

2.

Anu kaasup paguneman nyaeta

a)

Dialog

b)

Monolog

c)

Epilog

d)

Prolog

3.

Tatakrama basa sunda acara gurat badagna diwangun ku....

a)

Ragam basa loma jeung basa hormat

b)

Ragam basa cohag jeung basa hormat

c)

Ragam basa hormat keur sorangan jeung keur batur

d)

Ragam basa loma jeung basa hormat keur ka batur

4.

Adi kuring teu bisa sakola lantaran gering naon kalimah nu benerna

a)

Pun adi teu tiasa sakola kumargi udur

b)

Pun adi teu tiasa sakola kumargi teu damang

c)

Pun rayi teu tiasa sakola kumargi udur

d)

Rayi abdi teu sakola kumargi teu damang

5.

Pak Darman boga imah anyar di pangandaran "ragam basa hormatna "

a)

Pa Darman gaduh rorompok anyar di Pangandaran

b)

Pa Darman kagungan bumi anyar di Pangandaran

c)

Pa Darman kagungan rorompok enggal di Pangandaran

d)

Pa Darman gaduh bumi enggal di Pangandaran

6.

Donngeng teh nyaeta carita rekaan anu ngandung..

a)

Pamohalan

b)

Kanyataan

c)

Kajadian

d)

Lalakon

7.

Dongeng teh kaasup karyabalarea lantaran....

a)

Kanyahoan anu ngarangna

b)

Sumeber sacara lisan

c)

Sumeber sacara tinulis

d)

Teu kanyahoan anu ngarangna

8.

Dongeng sasakala anu asalna ti kabupaten purwakarta, nyaeta....

a)

Sasakala kalapa Genep

b)

Sasakala leuwi ronggeng

c)

Jongkrang kalapitung

d)

Sasakala Gunung Guntur

9.

Sasakala Cigondewah ti kota....

a)

Bandung

b)

Jakarta

c)

Sukabumi

d)

Demak

10.

Sasakala Gunung Guntur ti kabupaten

a)

Cimalaya

b)

Garut

c)

Kuningan

d)

Cirebon

11.

Arya : "Assalamualaikum!"

Pa Ali : "Waalaikumsalam Warohmatullohi Wabarokatuh. Éh, Arya. Aya naon, Ya?"

Arya : “Punten Pa, dinten énjing abdi moal tiasa …. ka sakola."

Pa Ali : "Naha? Gering Arya téh?"

Arya : "Henteu, mung aya kaperyogian."


Kecap anu pangmerenahna pikeun ngalengkepan bagian kalimah anu dikosongkeun nya éta ….

a)

Indit

b)

Angkat

c)

Miang

d)

Mios

12.

Dina kagiatan MPLS dimimitian ku wawanohan antara pangurus OSIS jeung siswa anyar, da anu ngabingbing di unggal kelas téh pangurus OSIS. Hiji-hiji pangurus OSIS ngawanohkeun diri, dituluykeun ku kuring sabatur-batur. Ngan, saméméhna kuring saparakanca kudu wawanohan heula jeung babaturan nu aya di gigireun kénca jeung gigireun katuhu katut babaturan nu aya di hareupeun jeung tukangeun, utamana babaturan sabangku.

“Nepangkeun wasta téh Téja Wening Munggaran. Mung, cekap disebat Wening. ” Kuring ngawanohkeun diri ka babaturan sabangku.

“Wasta kuring Tigin Andalemi. Nénéh mah Tigin,” ceuk babaturan sabangku bari ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman.

“Dupi kawit ti mana?” Kuring nanya deui.

“Sakola atanapi rorompok?” Tigin neuteup bari imut.

“Duanana,” jawab kuring.

“Sakola mah ti SD negeri 1 Sukaasih, rorompok di kampung Sukagalih. Dupi Wening?” Tigin malik nanya.

“Ti MI Cihurip, rorompok gé sami di Cihurip.”

….

Jejer (topik) anu dicaritakeun dina sempalan téks paguneman di luhur nya éta ….

a)

kawajiban MPLS

b)

wawanohan

c)

babaturan anyar

d)

sakola anyar

13.

Ani : “Pa, dupi Bu Nina parantos datang?”

Pa Agus : “Teu acan dongkap puguh gé.”

Ani : “Dupi bumi Bu Nina di mana kitu?”

Pa Agus : “Rorompokna mah di Kalapa Nuggal.”


Numutkeun tatakrama basa Sunda, ungkara nu bener aya dina nomer ....

a)

1

b)

3

c)

2

d)

4

14.

Gambar pikeun ngajawab soal nomer 14 - 15

Kaulinan barudak lembur atawa kaulinan barudak mangsa katukang anu ditétélakeun dina gambar di luhur ngaranna .................

a)

Engklé atawa sondah

b)

Ucing toél

c)

Galah

d)

Bébénténgan

15.

Dina kaulinan anu ditétélakeun dina gambar di luhur umumna ngagunakeun alat atawa média ....

a)

batu leutik anu dibuleud-buleud

b)

bal leutik

c)

rokrak

d)

kenténg leutik anu dibuleud-buleud atawa pasagi

16.

Kaulinan di luhur umumna dipigawé waktu pasosoré. Hal ieu luyu jeung fungsi atawa mangpaatna. Salah sahiji mangpaat kaulinan di luhur nya éta ...

a)

pikeun nambahan pagawéan

b)

mangrupa kagiatan barudak

c)

mangrupa alat atawa média hiburan

d)

pikeun ngabébénjokeun budak

17.

Ayang-ayanggung

gung goongna ramé

...............................

nu jadi wadana

naha manéh kitu

tukang olo-olo

...........................

Padalisan katilu tina kakawihan di luhur, bisa dilengkepan ku ungkara .....

a)

ménak Ki Wadana

b)

ménak Ki Mas Tanu

c)

ménak Kang Mas Tanu

d)

A. ménak Kangjeng Dalem

18.

Téks pikeun ngajawab nomer soal nomer 18 - 19

.....

Mana sobat mana dulur

Hanteu maturan di kubur

Sumawon nambihan umur

Nu puguh loba kapaur

Hanjakal aduh hanjakal

Teu getol sadia amal

Padahal geuning padahal

Ngan amal nu jadi bekel

Teu guna hahanjakalan

Pan teu kurang nu ngélingan

Pék geura tunggu hisaban

Geura jawab ku sorangan


Eusi pupujian di luhur nyaritakeun ngeunaan...

a)

pépéling

b)

pangajaran agama

c)

muji kaagungan Alloh

d)

solawat ka Nabi

19.

Numutkeun téks di luhur, anu dipanghanjakalkeun téh nya éta ....

a)

salila hirup teu boga sobat

b)

salila hirup teu loba dulur

c)

salila hirup teu loba ngalakukeun amal

d)

salila hirup loba kapaur

20.

Téks pikeun ngajawab soal nomer 20 - 21

Sajeroning ngageroan nini kuring tadi, jorojoy aya hayang nyuguhan cai ka sémah. Da ceuk pikir téh, pasti bakal meunang pujian, boh ti sémah boh ti nini kuring sorangan. Geus kacipta sémah téh bakal nyarita yén kuring rajin jeung bageur sarta mani géksor deuih.

Atuh terus baé kuring gura-giru ngawadahan cai, sok ditunda dina baki bari sakalian jeung leueuteunana. Sanggeus bérés, jung kuring ka tengah imah, nu maksudna rék nyodorkeun cai ka sémah téa.Tapi, tacan gé sok cai téh kana méja, sémah geus nyarita mantén. Pokna bari mésem, “Aduh, sawios engké baé Magrib Geulis, Bageur, da ayeuna mah teu acan waktosna buka.”

Tokoh kuring nyuguhan sémah lantaran ....

a)

sémah mah perlu dijamu

b)

sémah mah jalma nu perlu dihormat

c)

hayang pamuji ti sémah jeung ninina

d)

bageur tur akuan ka sémah

21.

Dumasar kana sempalan wacana di luhur tétéla migawé pagawéan mah kudu .....

a)

didadasaran ku rasa ihlas

b)

miharep pamulang tarima

c)

dirarancang heula ti anggalna

d)

tatanya heula ka nu leuwih nyaho

22.

Wacana pikeun nomer ngajawab soal nomer 22 - 23

Sakadang Kuya mah nyérangkeun waé ti handap. Manéhna kacida hanjeluna, pédah geus katipu ku Sakadang Monyét. Kahayangna mah ngarebut deui sulingna, tapi teu bisaeun naék. Koloyong ka sisi leuwi Sipatahunan. Gok patepung jeung Sakadang Hurang katut Sakadang Keuyeup.

Ku naon Sakadang Kuya bangun nu bingung?” Sakadang Hurang nanya.


Ditilik tina eusina, dongéng di luhur kaasup kana dongéng ....

a)

fabel

b)

parabel

c)

sasakala

d)

sagé

23.

Hal pamohalan nu kagambar dina sempalan dongéng di luhur nya éta ....

a)

Sakadang Kuya aya di sisi leuwi walungan Sipatahunan

b)

Sakadang Kuya patepung jeung Sakadang Hurang

c)

Sakadang monyét aya dina luhur tangkal kai

d)

Sakadang Hurang nanya ka Sakadang Kuya

24.

Hal anu bisa dijadikeun tuladeun dina dongéng Sasakala Batu Kinyang Cimérang nya éta .....

a)

Kasedih Nyi Putri Laras Pandang Layung nalika ditinggalkeun ku indung bapana.

b)

Kabingung Nyi Putri Laras pandan layung nalika aya di tengah leuweung.

c)

Kasabaran Nyi Putri Laras Pandan Layung nalika ngalaman cocoba ti Nu Maha Kawasa.

d)

Katunggara Nyi Putri laras Pandan Layung nalika mamapy-mapay wahangan anu caina canémbrang hérang.

25.

Tujuan iklan layanan masarakat di luhur nya éta ....

a)

méré nyaho tur ngajak meuli buku

b)

méré nyaho tur ngajak ka perpustakaan

c)

méré nyaho tur ngajak maca buku

d)

méré nyaho tur ngajak nalingakeun buku