Font size
WorksheetsDiajar bahasa sunda asik kelas 8
Total questions: 25
Worksheet time: 25mins
Warta teh nyaeta beja atawa katerangan nu ditepikeun ku urang ka.....
Instansi
Pribadi
Balarea
Kelompok
Eusi warta mah kudu netral,maksudna
Kudu mihak ka pamimpin
Teu meunang mihak ka salahsahiji pihak
Kudu aya di pihak balarea
Kudu aya di pihak media nu ngawartakeunnana
Tanah sunda wibawa gemah ripah tur endah
Urang sunda samawa jeung toweksa perceka
Nyangga darma anu nyata
Seuwe pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka
Rumpaka kawih diluhur nitah ka urang sangkan...
Ngarawat leumbur
Ngagulkeun leumbur
Cicing di leumbur
Indit ti leumbur
Kecap seuweu nu aya dina rumpaka kawih diluhur saharti jeung kecap...
Turunan
Senggeuh
Heurap
Tutup kurung
Salah sahiji bedana kawih jeung kakawihan nu bener nyaeta..
Kawih anonim hartina kakawihan anu ngarangna
Kawih milik. Balarea hartina kakawihan anonim
Kawih aya pangarangna hartina kakawihan anonim
Kawih anonim hartina kakawihan milik balarea
maksud rumpaka sawer nyaeta...
Mapatahan
Mepende
Maracahan
Nyarekan
Kalimah nu payus pikeun pamanggih dina acara sawwala nyaeta
Ari ceuk sayah mah ente nu salah nu pasti mah lantaran miskin
Kamalaratab masalah nu kahijina ceuk aing mah
Pamendak sim kuring nu jadi pokok pasualan mah kamiskinan
Heuh lantaran kamalaratan pang na jadi loba rampog teh
Eling eling masing eling
Rumingkang dibumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar nya lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan
Tema guguritan diluhur nyaeta...
Cinta
Piwulang
Kulawarga
Kapahlawanan
Guguritan diluhur mepelingan supaya hirup urang
Hayang jadi jalma miskin
Sombong ka sasama
Nuturkeun hawa napsu
Beurat birit
Guguritan diluhur ditulis dina wangun pupuh asmarandana watekna....
Pepeling
Kagungan
Kaambeuk
Pikaseurieun
.......
Aya tulang nyangsang na dahan, deudeuh
Sésa raga arucutan
Langlayangan teu kapuluk teu karucu
Di hiji leuweung geledegan
Tangkorékna diranggeum areuy
Topi waja tadah cihujan
Bedil, sekin, ngarumpuyuk lumpuh
Di hiji leuweung geledegan
.......
Parasaan nu kagambar dina sajak di luhur, nya éta ....
bungah
waas
gumbira
sedih
Wanci layung hurung konéng
Manéhna datang leungeuna euweuh sapotong
Bedil nyolengkrang ’na tonggong
Pélor ngabérés handapeun cangkéng
.....
Nu dicaritakeun dina sajak di luhur di luhur nya éta ....
patani
dokter
pajoang
guru
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Ka pelok anu dipelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha bakal buahan
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngeteyep nyiar kahakanan
Teu kadéngé rumahuhna
Gaya basa nu kapanggih dina éta sempalan sajak nya éta ….
personifikasi
sinekdode
hiperbol
litotes
pikeun jawab no 14 15
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang Silih témpas silih élédan
Moal lila jeung babaturan
.........................................
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Eusi kawih Ririungan di luhur téh nyaritakeun .....
jalma nu keur kumpul ngariung
jalma nu rék papisah jeung dulur-dulurna
jalma nu keur sosonoan lantaran rék papisah jauh
jalma nu keur ngawadul
Amanat anu merenah tina éta rumpaka kawih di luhur nya éta ...
lamun rék pisah urang kudu ngarumpul
urang kudu sosonoan lamun keur ngariung
urang ulah sok ngawadul lamun keur sosonoan
urang bakal papisah lamun geus nepi kana wancina
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan rumpaka kawih paragraf kadua di luhur nya éta...
hiji waktu nu bakal datang
hiji wanci anu geus ditangtukeun
hiji wanci nu bakal datang
hiji mangsa nu geus ditangtukeun
(SundaNews) Barudak sakola penting disayagikeun buku-buku bacaan anu mibanda kualitas eusi nu hadé tur luyu jeung kamekaran jaman. Ku kituna, sakola kudu daria ngokolakeun pabukon. Dina taun 2014, bakal aya aturan anu ngawajibkeun sakola nyisihkeun anggaran 5% keur kapentingan pabukon, tangtuna ogé diantarana nyadiakeun buku. Sakumaha anu ditepikeun ku Deputi Bidang Pemberdayaan Perpustakaan Nasional, Woro Salikin, sakumna sakola di Indonesia, boh nagri atawa swasta, wajib nyésakeun anggaran 5% pikeun pabukon.
Anu wajib nyésakeun anggaran pikeun nyadiakeun buku téh nya éta ....
barudak sakola
pamarentah
sakumna sakola
perpustakaan nasional
Sisindiran ieu di handap anu kaasup kana paparikan nya éta ....
Ngimpi mulung kembang tanjung,
ari meunang kembang angkrék.
Ngimpi tepung jeung nu jangkung,
ari gok jeung nu pécékrék.
Lamun hayang dahar noga,
kudu daék nya meulina.
Lamun hayang asup surga,
kudu daék nya solatna.
Tibatan mawa pedang,
mending gé mawa ragaji.
Ti batan ulin bagadang,
mending gé diajar ngaji.
Kihiang nu meunang nuar,
disugu pikeun jualeun.
Kahayang meunang nu beunghar,
puguh mah jalma kuuleun.
Tarotol kembang sapatu,
kembang bolang gurat-gurat.
Sing getol nu lima waktu,
………………………………..
Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nya éta……
pikeun pibekeleun ka ahérat
pibekeleun mulang ka ahérat
bekel urang mulang ka ahérat
bekel mulang ka ahérat
Kota wétaneun Bogor
Ahad mah aya di bumi
Wangsal tina wangun sisindiran di luhur téh nya éta ….
Cianjur
Jakarta
Sukabumi
Bandung
Wacana pikeun ngajawab soal nomer 21 - 22
Jawa Barat beunghar ku budaya. Salah sahijina nu mekar tur tumuwuh téh nya éta widang kasenian. Kapan ampir di unggal wewengkon aya kasenian hasna. Upamana baé kuda rénggong ti Sumedang, badawang ti Bandung, sisingaan atawa singa depok ti Subang, cianjuran ti Cianjur, jeung uyeg ti Sukabumi.
Salian ti uyeg, di Sukabumi mekar warna-warna kasenian daérah lianna, boh anu sipatna umum boh anu sipatna husus. Nu umum, mangrupa warna kasenian nu aya tur tumuwuh di sakuliah Tatar Sunda, saperti calung, angklung, réog, degung, jaipongan, wayang golék, jeung seni béla diri penca silat. Sedengkeun nu husus, mangrupa warna kasenian has anu aya di hiji wewengkon. Sanajan aya sawatarana nu geus nyebar tur mekar di wewengkon séjén.
Parebut sééng mangrupa warna kasenian has anu mekar di wewengkon Sukabumi. Munggaranana mekar di kampung Kuta, kacamatan Cicurug, kabupatén Sukabumi. Ieu warna kasenian téh mimiti dipikawanoh taun 1911.
Warna kasenian tumuwuh tur mekar di saban wewengkon. Warna kasenian ieu di handap anu sipatna has nya éta ....
badawang, uyeg, sisingaan, jeung angklung
calung, cianjuran, parebut sééng, jeung badawang
penca silat, jaipongan, degung, jeung wayang golék
sisingaan, uyeg, parebut sééng, jeung kuda rénggong
Pamadegan anu pangmerenahna tumali jeung kasenian daérah nya éta .......
kasenian has daérah geus teu pantes makalangan di mangsa ayeuna
kasenian has daérah mangsa kiwari mah alusna mekar di pilemburan
kasenian has daérah mangsa kiwari mah geus kuno tur katinggaleun jaman
kasenian has daérah hadéna dipekarkeun luyu jeung panéma jaman
Téks pikeun ngajawab soal nomer 23 - 24
BASISIR SUKABUMI
Hanjakal henteu milu
Pelesir ka Geo Park Ciletuh
Mapay-mapay raratan sakur basisir
Ujung Genténg nu kamashur
Palampang nu matak hélok
Guguritan di luhur disusun ngagunakeun patokan pupuh ….
gambuh
durma
kinanti
maskumambang
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh nu digunakeun dina guguritan di luhur nya éta ….
8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-o
8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a
7-u, 10-u, 12-i, 8-u, 8-o
8-u, 8-a, 8-a, 8-i, 8-o
Sabudeureun leuweung Pasir piring
…………………………………..
Taya sora éstu réhé combrék
Iwal sato meulah simpé jempling
Kawas anu ngawih
Jauh tina bingung
Ungkara nu merenah pikeun ngalengkepan guguritan di luhur nya éta ….
linduk ku kakalan
Linduk ku dangdaunan
Linduk ku tatangkalan
Linduk ku kakayon
