wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS BASA SUNDA (WARTA & NOVEL) GENAP

Total questions: 20

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebut…

a)

medsos

b)

ikalan

c)

warta

d)

novel

e)

warta

2.

1. Pikeun nanyakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya…

a)

naon

b)

naha

c)

mana

d)

sabaraha

e)

kumaha

3.

Ana kitu mah teu adil atuh dunya téh! Ari bangsat tobat bisa ditarima ku masarakat! Tukang tipu, copét ditampa ku masarakat. Na ari ungkluk geus tobat bet pada mikaceuceub baé? Pada mikaijid? Padahal sarua! Pagawéan hina, maling, nipu, jeung ngungkluk téh! Sarua hinana! (dicutat tina Novel kembang-kembang petingan karangan Holisoh ME).


Téma anu merenah pikeun sempalan novel di luhur téh nya éta…

a)

sosial

b)

budaya

c)

lalampahan

d)

agama

e)

rumah tangga

4.

Novel munggaran dina sastra Sunda, nya éta…

a)

gogoda kanu ngalora

b)

baruang kanu ngalora

c)

pipisahan

d)

laleur bodas

e)

puputon

5.

Ieu di handap anu teu asup kana cirri-ciri novel nya éta..

a)

palakuna rea

b)

Alur basajan

c)

Caritana nyaritakeun kahirupan sapopoé

d)

Latarna laluasa

e)

karangan non fiksi

6.

Isukan, Prabu Hayam wuruk ngirimken surat ka sulur papayung Nagri Sunda. Kecap sulur sarua hartina jeung…

a)

alur

b)

gaganti

c)

pamingpina

d)

puseur

e)

ponggawa

7.

Muga baé tiwas-sucina Prabu Linggabuana heunteu jadi mamala. Kecap Mamala ngandung harti…

a)

ruksak

b)

bahaya

c)

prihatin

d)

apes

e)

sial

8.

Majapait moal kumawani ngajorag merangan Nagri Sunda. Kecap Ngajorag maksudna nya éta…

a)

datang

b)

nyerang

c)

sumping

d)

ngamusuhan

e)

nepungan

9.

Warta téh nya éta berita anu ditulis dumasar … kana

a)

opini

b)

fakta

c)

rekaan

d)

sawangan

e)

paguneman

10.

Ieu di handap anu teu kaasup kana padika siaran radio nya éta…

a)

Nyiapkeun heula naskah

b)

Paham kana eusi naskah

c)

Sora (vocal) kudu ngoncrang

d)

kudu alus peta jeung dangdanan

e)

teu ngandung unsure SARA

11.

Kode etik jurnalis teh nya eta padika anu ngadadasaran moral jeung etika parainsan pers. Ari kode etik pers teh ditetepkeunna ku PWI. Kecap PWI kapanjangan tina…

a)

Persatuan warga Indonesia

b)

Perkumpulan warga Indonesia

c)

Persatuan wartawan Indonesia

d)

Perkumpulam wartawan Indonesia

e)

Pekerjaan wartawan Indonesia

12.

Pasosore Ambu Warji ngalangeu di lawang imahna, panonna molotot teu puguh nu dipencrong, ceulina kawas nu torek, taya dedengeanana, sabab harita pikiran jeung ingetan Ambu Warji keur sabil, rusras ka jaman baheula, eling ka waktu bihari, waktu manehna hirup senang.

Ceuk dina pikirna, “Eh, naha teu nyana teuing ku milik diri, bet nepi ka kieuna. Padahal baheula mah waktu aya keneh Bapa Warji, aing teh teu kurang hakaneun teu kurang pakeeun, ari ayeuna aing nepi ka mindeng nyorang ngongkrong. Eh, naha ti mana aing bisa meunang hakaneun keur anak aing?”


Tina carita di luhur latar tempat anu nyampak dina éta carita téh nya éta…

a)

pangkeng

b)

enggo

c)

imah

d)

lawang imah

e)

buruan

13.

Fungsi lambang garis miring dua (//) dina téks warta nya eta…

a)

titik (.)

b)

tanda seru (!)

c)

pananya (?)

d)

Kekenteng (")

e)

koma (,)

14.

Fungsi lambang garis miring hiji (/) dina téks warta nya eta…

a)

titik (.)

b)

tanda seru (!)

c)

pananya (?)

d)

Kekenteng (")

e)

koma (,)

15.

Mangrupa alinéa atawa paragraf anu aya handapeun judul, nyaéta ...

a)

Headline

b)

Lead, intro

c)

events

d)

timeliness

e)

end

16.

mangrupa titél, labél, mérek, atawa ngaran anu dilarapkeun kana warta. Gunana pikeun ngahudang kapanasaran nu maca kana pasualan anu ditepikeun dina warta. Éta dadaran téh ngajéntrékeun salasahiji struktur warta, nyaéta ...

a)

Headline

b)

events

c)

Lead, intro

d)

timeliness

e)

end

17.

Kajadian anu anéh bakal ngirut minat pamaca. Contona, mun aya anjing ngégél jalma, éta teu anéh, tapi lamun aya jalma ngégél anjing, éta téh anéh tur ngandung ajén warta. Éta dadaran ngécéskeun salasahiji ajén dina warta, nyaéta ...

a)

Conflict

b)

Significance

c)

Human interest

d)

The unusual

e)

Timeliness

18.

Nu teu kaasup unsur pangwangun warta dina 5W+ 1H nyaéta ...

a)

What

b)

Which

c)

Who

d)

Why

e)

When

19.

Mangrupa alénia atawa paragraf ahir atawa mongan langsung pikeun mungkas warta disebut..

a)

Waruga warta

b)

End

c)

Lead, intro

d)

Headline

e)

waktu

20.

Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut..

a)

editing

b)

jurnalis

c)

kameramen

d)

tabloid

e)

redaktur