NEW
Font size
WorksheetsBahasa sunda
Total questions: 10
Worksheet time: 8mins
"Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh swt. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka urang. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga paturay tineung." Paragraf di luhur ka asup kana?
Panutup
Salam panutup
Eusi
Bubuka
"Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah." Paragraf di luhur ka asup kana biantara?
Panutup
Salam panutup
Eusi
Bubuka
Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku?
Sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
Nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
Nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
Ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara
Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas salapan nyaéta, iwal
Ménta diduakeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
Nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
Ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
Ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur
Salasaurang tokoh présidén Indonesia anu kasohor mahér dina biantara nyaéta?
Ir. Soekarno
Mahatir Muhamad
Ahmad Dinéjad
Ridwan kamil
Cara nepikeun biantara tara maké naskah, tapi naon anu rék diomongkeun dirarancang heula kalawan taliti. Biasana sok dijieun catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rék ditepikeun téa, disebut métodeu biantara?
Métodeu impromptu
Métodeu ngapalkeun
Métodeu naskah
Métodeu ékstémporan
euit nyaéta wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik nu gunana paragi neundeun paré. Leuit lamun dina basa Indonésia mah disebutna?
Lumbung
Bakul
Wadah
Gudang
Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula kana golodog. Unggah hartina?
Turun
Naék
Asup
Hanjat
Wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Kecap wangunan hartina?
Kaayaan
Modél atawa bentuk
Modél atawa bentuk
Pondasi
Lamun ngebut di jalan téh gedé mamalana. Sinonim tina kecap mamalana nyaéta
Cilakana
Pahalana
Bahayana
Kawanina
