WorksheetsULANGAN SUNDA SAJAK KELAS 7
Total questions: 50
Worksheet time: 2hrs 40mins
Wanda basa karangan anu rakitanana biasana mah pinuh ku wirahma, kauger ku wangunna jeung ku diksina; lain dina ungkara kalimah cara dina basa sapopoe disebut................
Prosa
Puisi
Drama
Teater
Salahsahiji karya sastra ieu dihandap anu kaasup kana wanda puisi nyaeta.............
Carpon
Esey
Novel
Sajak
Biasana sajak mah ditulis dina wangun ungkara atawa basa...............
Denotatif
Aktif
Konotatif
Pasif
Unsur pangwangun sajak anu mibanda harti pesen panyajak anu karasa kunu maca sajak disebut..............
Jejer
Suasana
Rasa
Amanat
Puisi heubeul disebut oge............
Sajak
Buhun/ tradisional
Puisi
Prosa
Nu kaasup puisi heubeul nu ngawujud carita nyaeta, iwal.............
Naratif
Wawacan
Carita pantun
Sisindiran
Nu kaasup puisi heubeul nu teu ngawujud carita nyaeta..............
Naratif
Wawacan
Carita pantun
Sisindiran
Nu kaasup puisi mantra nyaeta, iwal.....................
Jangjangwokan
Singlar
Sawer
Jampe
Rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan kaasup puisi heubeul jenis...............
Sisindiran
Puisi mantra
Kakawihan
Sa’ir
Nu disebut sajak nyaeta……………….
Mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasoalan
Gagasan poko anu ditepikeun ku panyajak kanu maca
Sikep panyajak pikeun ngabalukarkeun suasana nu karasa ku nu maca
Pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak
Dumasar kana asal-usulna , sajak teh mangrupa karya samperan anu jolna sastra deungeun, nyaeta pangaruh tina sastra ............
Walanda
Eropa
Asia
Portugis
Kusabab sajak mangrupakeun sastra samperan ti nagara dengeun, nagaran deungeun nu dimaksud teh nyaeta……
Walanda
Jepang
Spanyol
Portugis
Nu ka asup jenis sa’ir nyaeta..................
Pupujian jeung sawer
Jangjawokan jeung singlar
Rarakitan jeung paparikan
Puisi pantun jeung wawacan
Gagasan poko anu rek ditepikeun ku panyajak kanu maca disebut.........
Jejer jeung tema
Rasa
Nada jeung suasana
Amanat
Hejo pagununganana paul lautan
Taya kamarasan ngan katugeunahan
Hejo pagununganana paul lautan
Taya katengtreman ngan ancaman
Dumasar kana sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan.................
Kaayaan tanah Sunda nu endah, tapi heunteu tengtrem tur loba ancaman
Kaayaan tanah Sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun.
Kaayaan pagunungan anu hejo lembok
Kaayaan alam Sunda anu geus ruksak ku polusi
Ungkara anu biasa dipake dina sajak teh biasana mibanda harti konotatif (kiasan). Harti konotatif nyaeta.........
Harti nu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen
Harti anu sajalantrahna ditepikeun ku pangarang ka pamaca sajak
Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen
Harti anu mibanda harti lega tur hese ditafsirkeunana
Mun seg nataan pangulinan taya tegal nu lega
Taya alun-alun nu liuh
Taya Cikapundung nu canembrang herang
Taya jalan titincakan
Nudaratang sungkan mulang
Pribumi milih ka sisi
Geus sirna cirri nu matri
Sawarga di Tatar Sunda
Hejo lembok ngarangrangan
Napsu ngaberung na jungkiring padumukan
Enya ge aya nu mitineung lembur
Ngan ukur lembur ciciren
Dumasar pada kahiji sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh haying ngabejaan ka nu maca yen dayeuh Bandung teh…………..
Henteu pikabetaheun
Henteu mitineung lembur
Henteu mitineung lembur
Ukur jeung ciciren
Kunaon pangna dayeuh Bandung teh geus teu pikabetaheun?
Lantaran walungan cikapundung caina herang tur loba tatangkalan nu hejo lembok
Lantaran walungan Cikapundung kotor jeung geus langka tatangkalan nu liuh
Lantaran loba nganjungkiring padumukan jeung jalan tol
Lantaran loba urang lembur nu ngadon usaha di Bandung
Dumasar kana pada kadua sajak di luhur, naon anu ngarangrang teh?
Walungan Cikapundung anu caina herang
Tanah jeung tatangkalan nu hejo lembok
Loba wangunan jangkung
Loba nu ngaberung napsu
Ciri aturan (Ugeran) dina puisi teh nyaeta, iwal………..
Ngandung bait atawa padalisan
Ngandung jajar atawa padalisan
Ngandung suku kata atawa enggang
Ngandung purwakanti
Nu disebut Pada nyaeta…………..
Baris atawa jajar
Bait
Tungtung sora
Engang
Nu disebut Padalisan nyaeta…………..
Baris atawa jajar
Bait
Tungtung sora
Engang
Nu disebut Purwakanti nyaeta………………
Baris atawa jajar
Bait
Tungtung sora
Engang
Dina Puisi sunda salah sahijina puisi hebeul teh nyaeta Pupuh, sedengkeun jumlah pupuh Sunda teh nyaeta aya…………..
15
16
17
18
Sajak henteu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada saperti dina……………….
Pupuh atawa sisindiran
Dangding jeung kakawihan
Sisindiran jeung sa’ir
Pupuh jeung wawacan
Sajak kaasup kana wangun puisi…………….
Buhun
Anyar
Heubeul
Tradisional
Puisi heubeul dina wangun carita disebut oge puisi……………….
Naratif
Argumentasi
deskriftif
persuasif
Luhureun Teluk Jakarta
Ku Etti R.S
Neuteup daratan sabengbatan
Bet manjang dina ingetan
Lemah pangancikan kalimpudan suhunan
Ti gedong petingan nepi ka tempat nyiruruk saliwatan
Nu saha nu ngagelar tanah angar?
Na saha nu teu butuh rampidakana tatangkalan?
Pulas hejo pasawahan
Tingkuridat di antara pulas-pulas campuran
Lir papas na lukisan nu teu mirosea aturan
Ka saha kudu talatah
Nepikeun rasa ngeunaan tempat bumetah
Ka saha kudu jumerit
Nepikeun karisi ngeunaan bumi
Naon jejerna sajak “Luhureun Teluk Jakarta” di luhur teh?
Kaayaan dayeuh Jakarta anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.
Kaayaan dayeuh Bandung anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.
Kaayaan dayeuh anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.
Kaayaan anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.
Mun seug nataan pangulinan taya tegal nu lega
Taya alun-alun nu liuh
Taya Cikapundung nu canembrang herang
Taya jalan titincakan
Dumasar sajak di luhur, katangeun sikep panyajak teh hayang ngabejaan kanu maca yen…………..
Kaayaan dayeuh Jakarta anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.
Dayeuh Bandung teh geus teu pikabetaheun deui lantaran walungan Cikapundung kotor tur geus langka tatangkalan nu liuh.
Kaayaan dayeuh Bandung anu robah alatan kamajuan jaman tur jadi teu pikabetaheun lantaran teu beresih deui.
Dayeuh jakarta teh geus teu pikabetaheun deui lantaran walungan Cikapundung kotor tur geus langka tatangkalan nu liuh.
Sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa jeung gagasan pangarang, nu ditepikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa tina…………….
Implengan dongeng si pengarang nu imajiner
Caritaan dongeng sapopoe
Kanyataan kahirupan sapopoe
Wangun carita nu imajiner
Kumpulan rupa-rupa sajak tina hiji pangarang nu di bukukeun sok disebut……….
Antagonis
Analogi
Antologi
Autologi
Ungkara anu biasa dipake dina sajak teh biasana mibanda harti konotatif (kiasan). Harti konotatif nyaeta.........
Harti nu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen
Harti anu sajalantrahna ditepikeun ku pangarang ka pamaca sajak
Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen
Harti anu mibanda harti lega tur hese ditafsirkeunana
Mun seug nataan pangulinan taya tegal nu lega
Taya alun-alun nu liuh
Taya Cikapundung nu cenembrang herang
Taya jalan titincakan
Nudaratang sungkan mulang
Pribumi milih kasisi
Geus sirna ciri nu matri
Sawarga di Tatar Sunda
Hejo lembok ngarangrangan
Napsu ngaberung na jungkiring padumukan
Enya ge aya nu mitineung lembur
Ngan ukur lembur ciciren
Dumasar pada kahiji sajakdi luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen dayeuh bandung teh..............Mun seug nataan pangulinan taya tegal nu lega
Taya alun-alun nu liuh
Taya Cikapundung nu cenembrang herang
Taya jalan titincakan
Nudaratang sungkan mulang
Pribumi milih kasisi
Geus sirna ciri nu matri
Sawarga di Tatar Sunda
Hejo lembok ngarangrangan
Napsu ngaberung na jungkiring padumukan
Enya ge aya nu mitineung lembur
Ngan ukur lembur ciciren
Dumasar pada kahiji sajakdi luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca yen dayeuh bandung teh..............
Henteu pikabetaheun
Henteu mitineung lembur
Loba wangunan jangkung
Ukur jadi ciciren
Kunaon pangna dayeuh bandung teh geus teu pikabetaheun?
Lantaran walungan Cikapundung caina herang tur loba tatangkalan nu hejo lembok
Lantaran walungan Cikapundung kotor jeung geus langka tatangkalan nu liuh
Lantaran loba ngajungkiring padumukan jeung jalan tol
Lantaran loba urang lembur nu ngadon usaha di Bandung
Dina Puisi sok remen ngagunakeun kecap konotatif, Harti konotatif nyaeta.........
Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi teu ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.
Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna
Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen
Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna
Kabalikanana tina konotatif teh nyaeta denotative,Harti denotatif nyaeta...................
Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.
Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna
Harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen.
Harti anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna
Sajak nu dimuat dina majalah jeung Koran basa Sunda nyaeta, iwal………….
Mangle
Cupumanik
Galura
Pikiran rakyat
Diantara unsur pangwangun puisi dihandap ieu nu bener nyaeta, iwal……….
Jejer atawa tema
Rasa jeung amanat
Nada jeung suasana
Karangan carita
Puisi anyar disebut oge.................
Sastra
Prosa
Sajak
Karangan
Taun mekarna sastra Sunda dina wangun sajak, dimimitian mekar taun...........
1943
1945
1944
1946
Pangarang Sunda nu naratas gelarna sajak nyaeta..........
Sayudi
Etty R
Kis WS
Godi Suwarna
Peuting tadi mah loba bentang”, kecap bentang dina kalimah bieu ngandung harti kecap..........
Denotatif
Konotatif
Detonatif
Kontitatif
“Neng Heni teh bentang kelas”, kecap bentang dina kalimah bieu ngandung harti kecap..........
Denotatif
Konotatif
Detonatif
Kontitatif
Peuting tadi mah loba bentang”, kecap bentang
Kecap bentang nuduhkeun kecap.................
Sifat
Barang
Pagawean
Katerangan
“Neng Heni teh bentang kelas”
kecap bentang nuduhkeun kecap...................
Sifat
Barang
pagawean
katerangan
“Kembang teh paraeh dina usum halodo mah” Kalimah eta kaasup kalimah nu ngandung harti.........
Denotatif
Konotatif
Detonatif
Kontitatif
“Di lembur eta mah loba nu dagang kembang”. Kalimah eta kaasup kalimah nu ngandung harti.........
Denotatif
Konotatif
Detonatif
Kontitatif
“Kembang desa teh geus kawin ayeuna mah”. Kalimah eta kaasup kalimah nu ngandung harti.........
Denotatif
Konotatif
Detonatif
Kontitatif
“Di daranten mah buhaya teh caricing di darat”. Kalimah eta kaasup kalimah nu ngandung harti.........
Denotatif
Konotatif
Detonatif
Kontitatif
“Kade, kang Ojos mah buhaya!”. Kalimah eta kaasup kalimah nu ngandung harti.........
Denotatif
Konotatif
Detonatif
Kontitatif
