Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ulangan tengah semester

Total questions: 40

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna...

a)

Paguneman

b)

Wawancara

c)

Konférénsi

d)

sawala

e)

seminar

2.

Salian ti pikeun nyieun hiji warta, wawancara ogé sok dilaksanakeun pikeun...

a)

Narjamahkeun

b)

Meunangkeun informasi

c)

Ngobrol

d)

Panalungtikan

e)

Diajar

3.

Di handap ieu nu kaasup kana struktur wawancara, nya éta....

a)

Narasumber

b)

Étika

c)

Nétral

d)

Nyatetkeun

e)

Ngarékam

4.

Jalma nu dianggap miboga informasi (sumber informasi) disebut...

a)

Wartawan

b)

Panalungtik

c)

Inohong

d)

Pewawancara

e)

Narasumber

5.

1) kacindekan

2) narasumber

3) jejer

4) paksaban/ jabatan

5) gunem catur


Runtuyan laporan hasil wawancara nu merenah nya éta...

a)

3-1-2-5-4

b)

1-3-2-4-5

c)

3-2-4-5-1

d)

3-2-4-1-5

e)

3-4-2-5-1

6.

Di handap ieu nu lain mangrupa tujuan wawancara nya éta...

a)

Pikeun mastikeun bener henteuna hiji kajadian atawa sok disebut aktualitas fakta

b)

Pikeun nyangking pamadegan resmi ti narasumber

c)

Pikeun ngaguar pamanggih ahli

d)

Pikeun nepikeun hiji informasi

e)

Pikeun meunangkeun informasi

7.

Di handap ieu, hal nu teu kudu disiapkeun saméméh wawancara nya éta...

a)

Muguhkeun informasi nu rék dikumpulkeun

b)

Nangtukeun narasumber

c)

Nyusun angkét wawancara

d)

Nyatetkeun informasi penting ti narasumber

e)

Nyawad pamadegan narasumber

8.

Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda mah jadi kecap-kecap....

a)

Naon, iraha, di mana, saha, kumaha, kunaon

b)

Naon, iraha, di mana, saha, kumaha, sabaraha

c)

Kumaha, saha, ka mana, di mana, naha, kunaon

d)

Iraha, saha, ti mana, kunaon, kumaha, sabaraha

e)

Di mana, saha, iraha, kunaon, kumaha, ti mana

9.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda wawancara, nya éta...

a)

Mandiri

b)

Kelompok

c)

Konférénsi

d)

Resmi

e)

Kauger

10.

Di handap ieu mangrupa tatakrama anu kudu dilaksanakeun mun urang rék ngawawancara, nya éta...

a)

Teu meunang nyawad pamanggih narasumber

b)

Ngarékam narasumber

c)

Nyatetkeun hal nu penting ti narasumber

d)

Muguhkeun tempat

e)

Teu meunang loba nanya ka narasumber

11.

Kagiatan wawancara nu ngalibetkeun sababaraha urang wartawan nu rék ngawawancara artis, disebutna wawancara...

a)

Bébas

b)

Kelompok

c)

Resmi

d)

Kauger

e)

Konférénsi

12.

Kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pewawancara disebutna wawancara...

a)

Madyabébas

b)

Kelompok

c)

Bébas

d)

Kauger

e)

Konférénsi

13.

Kalimah pananya “Kumaha sumbangan dalang kana atikan?” miharep jawaban ngeunaan...

a)

Pangaruh dalang kana seni

b)

Kaayaan kamekaran dalang

c)

Undakna ajén atikan

d)

Dalang jeung pangatik téh sarua

e)

Peranan dalang anu bisa jadi pangatik

14.

Ieu di handap henteu kaasup nu sok ngayakeun wawancara nya éta...

a)

Tukang dagang

b)

Nu ngetés calon pagawé

c)

Panalungtik

d)

Pulisi

e)

Wartawan

15.

Ieu di handap henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya, nya éta...

a)

Ditungtungan ku tanda pananya

b)

Diwangun ku kalimah wawaran (berita)

c)

Miharep respon nu mangrupa tindakan

d)

Miharep réspon nu mangrupa jawaban

e)

Ngandung kecap pananya

16.

Nalika urang ngalarapkeun undak usuk basa dina kahirupan sapopoe, hartina urang teh geus ngalaksanakeun.....

a)

Gaul di masarakat

b)

Tata tertib

c)

pancakaki

d)

Tatakrama

e)

Aturan kahirupan

17.

Di handap ieu nu henteu kaasup kana pungsi tatakrama nya éta...

a)

Pungsi pribadi

b)

Pungsi wawanohan

c)

Pungsi atikan

d)

Pungsi sosial

e)

Pungsi kultural

18.

Hasan mah tatakramana hade ka balarea, antukna Hasan mah loba kawawuhanna.


Sempalan carita di luhur ngagambarkeun fungsi tatakrama nya eta....

a)

Pungsi kultural

b)

Pungsi pribadi

c)

Pungsi sosial

d)

Pungsi atikan

e)

Pungsi wawanohan

19.

Di handap ieu nu kaasup kana tatakrama gaul di masarakat nya éta...

a)

Cara diuk

b)

Cara dangdan

c)

Cara leumpang

d)

Cara nyuguhan

e)

Pasemon

20.

Di handap ieu nu kaasup kana tatakrama paripolah, nya éta...

a)

Cara nyuguhan

b)

Cara ibadah

c)

Cara diuk

d)

Cara ngalongok

e)

Pasemon

21.

Kacaturkeun jaman baheula, di Karaton Surawisésa Kawali kadatangan sémah ti Karajaan Majapahit. Anu maksad badé ngalamar Putri Dyah Pitaloka pikeun dijadikeun prameswari Raja Hayam Wuruk.

“Oh, janten kitu nya?” Saur Prabu Linggabuana

“Kumaha tah Nyai, ceuk pamikiran hidep?”

“Ari kinten-kinten nyandak kasaéan ka Nagri Sunda mah, mangga ngiringan waé abdi mah Ama.” Saur Dyah Pitaloka.

Waktos kanggo jatukrami gé tos ditangtoskeun, yén hélatanana bakal dilaksanakeun di Karajaan Majapahit. Atuh saeusi balé gedé téh tingharuleng, seseueurna mah ngaraos kaabotan, moal enya pangantén istri anu kudu nyampeurkeun pangantén pameget? Tapi da badé dikumahakeun deui, Prabu Linggabuana parantos sapuk sareng pihak Majapahit.

Rombongan ti Karajaan Sunda ahirna angkat ka Karajaan Majapahit pikeun ngaamprokkeun Putri Dyak Pitaloka sareng hayam wuruk. Singget carita, rombongan dugi ka daérah Bubat. Nya Prabu Linggabuana ngutus Patih Rakéan Rangga Katrowulan pikeun ngabéjakeun ka pihak Majapahit yén rombongan ti Karajaan Sunda téh parantos dugi ka Bubat.

................

Carita di luhur kaasup kana jenis dongéng...

a)

Babad

b)

Legenda

c)

Mite

d)

Fabel

e)

Farabel

22.

Babad di handap ieu nu aya patalina jeung penyebaran agama Islam nya éta...

a)

Putri Dyah Pitaloka

b)

Raden Kean Santang

c)

Prabu Siliwangi

d)

Ciung Wanara

e)

Babad Galuh

23.

Di handap ieu nu mangrupa bédana dongéng farabel jeung sagé nya éta...

a)

Farabel mah nyaritakeun kahirupan sasatoan, sedengkeun dongeng sagé mah nyaritakeun kahirupan jalma biasa

b)

Farabel mah nyaritakeun jalma biasa, sedengkeun sagé

mah nyaritakeun asal usul barang atawa tempat

c)

Farabel mang mangrupa dongéng nu nyaritakeun kahirupan

jalma biasa, sedengkeun sagé mah dongéng nu aya patalina/ ngandung unsur

sajarah

d)

Farabel mah mangrupa dongeng nu aya patalina / ngandung

unsur sajarah, sedengkeun sagé mah dongéng nu eusina mangrupa kahirupan jalma

biasa

e)

Farabel mah mangrupa dongeng nu ngandung sajarah,

sedengkeun sage mah ngaritakeun kahirupan jalma biasa

24.

Di handap ieu mangrupa dongéng nu asup wanda babad nya éta...

a)

Tangkuban Parahu

b)

Si Kabayan

c)

Ciung Wanara

d)

Ronggeng Gunung

e)

Nyi Roro Kidul

25.

Sajaba ti ngandung unsur pamohalan, teu tangtu nu ngarangna, ciri séjénna téh ngandung ajén atikan.

Cik mana sempalan dongéng di handap, anu ngagambarkeun ngandung ajén atikan?

a)

Si Oray Kuda anu salawasna jail sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas lengis ka si Aki ménta ditulungan, sieun génghék kaduruk.

b)

Aki-aki teu éléh akal, “tadi Oray ngajak ka Hakim. Ari Hakim mah teu kaci saksina ngan saurang, tapi kudu tilu!”

c)

Aki-aki pada miasih, mikaresep lantaran bageur. Resep nulung ka nu butuh nalang ka nu susah nganteur ka nu sieun jeung keueung, mun teu ku harta banda, ku tanaga,atawa ku du’a

d)

Ceuk Oray Kuda ka aki-aki, “ Heug atuh, urang neangan deui. Tuh tangkal kupa urang tanya.”

e)

“His” ceuk aki-aki “Atuda éta mah bagéan manusa ti Pangéran. Sakur nu kumelip di dunya keur manusa”

26.

Di handap ieu nu henteu kaasup kana struktur babad, nya éta ...

a)

Puseur sawangan

b)

Latar

c)

Galur

d)

Amanat

e)

Carita

27.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana dongéng babad, nya éta babad...

a)

Priangan

b)

Cikundul

c)

Galuh

d)

Cijulang

e)

Sumedang

28.

Karajaan munggaran nu aya di Jawa Barat nya éta...

a)

Tarumanegara

b)

Galuh

c)

Kawali

d)

Salakanagara

e)

Sunda Sembawa

29.

Sanggeus gugurna Prabu Linggabuana di Bubat, karajaan Galuh tuluy di cekel ku....

a)

Raden Anggalarang

b)

Bunisora Suradipati

c)

Ciung Wanara

d)

Prabu Siliwangi

e)

Wastu Kancana

30.

Situs nu aya patalina jeung carita Putri Dyah Pitaloka nya eta...

a)

Bumi Alit

b)

Astana Gede

c)

Karangkamulyan

d)

Situ Panjalu

e)

Jambansari

31.

Di handap ieu nu teu kaasup kana unsur unsur galur nya éta...

a)

Konfliks

b)

Antiklimaks

c)

Point of view

d)

Bubuka

e)

klimaks

32.

Minangka wangun carita, dina babad téh bakal kapanggih ayana galur carita. Ieu di handap anu kaasup kana wanda galur carita, nya éta...

a)

Galur maju, galur ngacak, galur pandeuri

b)

Galur mérélé, galur bobok tengah, galur mundur

c)

Galur marélé, galur mundur

d)

Galur bobok tengah, galur marélé

e)

Galur mundur

33.

Urang teh kudu apal ka nu jadi dulur, ku kituna urang kudu apal kana silsilah kulawarga. Istilah sejen tina silsilah kulawarga nya eta....

a)

Pancakaki

b)

Pancasila

c)

Dulur

d)

Baraya

e)

kulawarga

34.

Urang teh kudu apal ka nu jadi dulur, ulah..........

Paribasa nu cocog pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya eta....

a)

murag bulu bitis

b)

tamiang meulit ka bitis

c)

pareumeun obor

d)

asa ditonjok congcot

e)

buruk buruk papan jati

35.

Adina pamajikan atawa salaki urang disebutna...

a)

Kapiadi

b)

Adi beuteung

c)

Kapilanceuk

d)

Baraya

e)

Adi bojo

36.

Kolotna aki atawa nini urang disebutna....

a)

Bao

b)

Janggawareng

c)

Kait siwur

d)

incu

e)

Uyut

37.
  1. Uyut
  2. Nini
  3. Kait siwur
  4. Janggawareng
  5. Udeg udeg


runtuyan di handap ka luhur nya eta....

a)

Nini-uyut-kaitsiwur-janggawareng-udeg udeg

b)

uyut-nini-kaitsiwur-janggawareng-udeg udeg

c)

kaitsiwur-janggawareng-udeg udeg-uyut-nini

d)

nini-uyut-janggawareng-udeg udeg- kaitsiwur

e)

nini-uyut-kaitsiwur-udeg udeg-janggawareng

38.

Rakana indung/bapa disebut....

a)

mamang

b)

bibi

c)

nini

d)

aki

e)

uwa

39.

anak adina indung atawa bapa disebut,...

a)

kapiadi

b)

kapilanceuk

c)

alo

d)

toa

e)

teteh

40.

Anakna adi urang disebutna...

a)

alo

b)

toa/suan

c)

anak

d)

dulur teges

e)

adi beuteung