WorksheetsLATIHAN DARING B.SUNDA
Total questions: 30
Worksheet time: 21mins
Pupujian
Langit masih bengras, padahal geus liwat ti tabuh lima sore. Kabeneran poe ieu mah teu hujan. Sawareh ngariung di emper masjid, sawareh deui di buruan kantor RW. Ampir pahareup-hareup antara masjid jeung kantor RW teh.
"Enggeusan arulinna, barudak,
geus tereh magrib, "ceuk Uwa Popon ka barudak anu keur ucing-ucingan.
"Enya, ah. Urang enggeusan we ulinna. Sok tiris ari mandi kamagriban teh, "ceuk Fatir ka batur-baturna.
Fatir leumpangna rada rusuh. Najan kitu angger bari ati-ati, sabab sieuneun titajong. Geus nepi ka imah, Fatir langsung brus mandi. Sanggeus mandi teu poho Fatir wudu, Fatir disalin ku papakean beresih, terus nyokot sarung, rek indit ka masjid. Barang jol di masjid, tah geuning kadenge pupujian:
Urang solat berjamaah
di masjid lain di imah
leuwih gede pahalana
kitu conto ti nabina
Teu kungsi lila kadenge sora adan. Jamaah anu rek solat kaitung lobana. Pupujian nu dikawihkeun ku barudak teh hasil diajar di madrosah. Pupujian teh aya anu eusina pepeling atawa ngingetan ka urang pikeun ngalaksanakeun parentah agama.
Dina pupujian anu dinadomkeun ku barudak aya bagian anu ngagambarkeun kaayaan babarengan, anu engkena pikeun manjangkeun silaturahmi.
Salah sahiji eusi tina pupujian anu dikawihkeun ku Fatir jeung babaturanana, nyaeta . . . .
mieling ka urang pikeun ngerjakeun PR
ngingetan ka urang pikeun ngalaksanakeun sakola nu bener
pepeling pikeun ngalaksanakeun parentah agama
mieling pikeun ngajaga kabersihan
Pupujian nu dikawihkeun ku barudak teh nyaeta hasil diajar di . . . .
pasantren
sakola
kantor RW
madrosah
Panggero pikeun ngalaksanakeun solat, disebutna . . . .
komat
nadom
adan
ngaderes Quran
Tong miceun beling ka dinya, bisi . . . ku anu ngaliwat!
Kecap awalan nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta . . . .
kabawa
katempo
kapake
katincak
Perhatikeun gambar!
Kade hilap
mareuman istrikaan!
Maksud kalimah
dina stiker di luhur, ngandung harti . . . .
ngingetan yen ninggalkeun istrikaan teh matak hambur listrik, jeung bisa nimbulkeun kahuruan
ngingetan lamun di tempat anu caang mah, teu kudu ngahurungkeun lampu
pikeun ngajak apik kana barang, sangkan awet dipakena
pikeun ngajak hemat kana waktu, ulah dipiceun teu puguh
Boga sobat teh amis budi, anu matak loba anu resepeun.
Hartikecap nu digurat handap nyaeta . . . .
judes
daekan
kedul
someah
Pahlawan Lingkungan
Desa Bangbayang teh jadi rame, kahirupan wargana oge ningkat. Ieu desa teh ayana di Kacamatan Lemahsugih, Kabupaten Majalengka. Pangna jadi rame, sanggeus masarakat nyieun jalan desa pikeun lalar liwat kendaraan.
Baretona mah di Bangbayang teh teu loba sawah, sabab hese cai. Ari walungan mah aya, ngarana Cihieum, tapi jauh jeung kahalangan pasir. Lahan anu aya di dinya lolobana mah teu bisa dijieun sawah, da hese cai tea. Kurang leuwih opat puluh taun ka tukang, Sudarta boga rencana rek ngocokeun cai ti walungan.
Sudarta ngamodal sorangan, ti mimiti meuli pakakas pikeun nobros pasir tepui ka muruhan pagawe. Sanggeus
hasil gawe Sudarta mimiti ngawujud, kakara tatanggana daraekeun mantuan.
Sanggeus nobros pasir rengse, cai walungan dikocorkeun ka lembur jeung sawah. Sawah di Bangbayang jadi nglegaan, lantaran geus teu hese cai.
Sudarta dianggap pahlawan lingkungan, lantaran gede jasana dina ningkatkeun kahidupan balarea.
Desa Bangbayang teh ayana di Kabupaten . . . .
Lemahsugih
Majalaya
Majalengka
Ciparay
Di Desa Bangbayang teh masarakatna teu loba sawah, kusabab . . . .
tempatna mencil
desa Bangbayang aya jalan pikeun lalar liwat kendaraan
hese cai
jauh ka walungan jeung kahalangan pasir
Sudarta ahirna disebut pahlawan lingkungan, sabab dianggap . . . .
gede jasana dina ningatkeun kahirupan balarea, utamana dina
usaha masalah cai
kebon Bangbayang jadi ngalegaan
cai walungan dikocorkeun ka desa Bangbayang pikeun irigasi
geus opat puluh taun Sudarta nobros pasir pikeun jalan cai ka
sawah
Perhatikeun pupuh Asmarandana di handap ieu!
Jasa Guru
Tugasna dina ngadidik,
sangkan palinter muridna,
dilakonan bari rido,
dibarung ku rasa nyaah,
henteu dibeda-beda,
kabeh dibere piwuruk,
conto hade pikeun urang.
Guru wilangan sareng guru lagu dina pupuh Asmarandana di luhur nyaeta . . . .
8-i, 8-a, 8-i, 8a, 7-e, 8-u, 8-u
8-i, 8-a, 8-o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a
8-i, 8-i, 8-e, 8-o,7-e, 8-u, 8-a
8-i, 8-a, 8-o, 8-a, 7-a, 8-a, 8-u
Perhatikeun gambar!
Dumasar kana gambar, ngaran kaulinan barudak nyaeta . . . .
cingciripit
ambil-ambilan
galah
hahayaman
Dina kaulinan suten, lamun indung leungeun diadu jeung cingir nu bakal meunang nyata . . . .
cingir
indung leungeun
curuk
jariji
Mun ayeuna poe Senen, kamari poe . . ., ari mangkukna poe
. . . .
Ahad, Jumaah
Salasa, Saptu
Salasa, Jumaah
Ahad, Saptu
Aki Darto ngirim cau tanduk opat . . . ka Husni di Bandung.
Kecap bilangan nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta . . . .
kodi
gagang
beungkeut
sikat
Lantaran geus teu bisa ausp kadaharan, anu geuring teh kapaksa . . . .
disuntiK
dibaluran
diinfus
dirawat
Sabab ngedul ngosok huntu, ayeuna teh huntuna loba anu . . . .
potong
beulah
beresih
koropok
Bongan tambarakan, jadi we ayeuna nyeuri beuteung.
Kecap nu digurat handap hartina . . . .
panas tiris
sagala didahar
inpeksi saluran pencernaan
teu bisa hudang
Perhatikeun kawih di handap!
Rempug jukung pamuda Indonnesia
tingkahna waspada, ariatna
rasa jaring, raga sukma
kukuh pengkuh kuat nahan cocoba
Lemah cai merdekana abadi
urang kabeh pada kagiliran
teguh nempuh perjuangan rakyat
Indonesia ngajungjung darajat bangsa
Judul nu luyu pikeun kawih di luhur nyaeta . . . .
Rempug Jukung
Karatagan Pamuda Indonesia
Perjuangan Rakyat Indonesia
Karatagan Pahlawan
Perhatikeun gambar!
Dumasar gambar, ngaran waditra nu patali jeung kasenian di luhur yaeta . . . .
kacapi
suling
calung
rebab
Ceu Mirna ka pasar ngagaleuh ulated, gelenye, sareng comrang.
Kecap nu diserat miring, ngaran kekembangan tina . . . .
cabe, gedang, terong
bawang, genjer, honje
kalapa, jaat, waluh
bawang, cengek, honje
Mang Joko miara rupa-rupa sasatoan di kampungna, upamana wae aya ceme, pedet, nanahoan jeung kokocolan.
Ngaran anak sasatoan nu digurat handap nyaeta . . . .
embe, sapi, lele, gabus
munding, embe, lauk, deleg
embe, munding, bandeng, bogo
kuda, sapi, lele, deleg
Perhatikeun gambar!
Dumasar kana gambar, kecap panganter pagawean nu luyu nyaeta . . .
nging
teup
pes
reup
Dina sastra Sunda pupuh teh aya 17 rupa, salah sahiji nu kaasup pupuh sekar ageng nyaeta . . . .
Maskumambang
Balakbak
Magatru
Dangdanggula
Perhatikeun padalisan pupuh di handap ieu!
Budak leutik bisa ngapung
babaku ngapungna peuting
nguriling kakalayangan
neangan nu amis-amis
sarupaning bubuahan
naon wae nu kapanggih
Padalisan pupuh di luhur, kaasup kana pupuh . . . .
Sinom
Ladrang
Kinanti
Maskumambang
Judul lagu anu ngajurung urang kudu ngahiji sarta ngajaga persatuan nyaeta . . . .
Rd. Dewi Sartika
Sabilulungan
Manuk Dadali
Pileuleuyan
Perhatikeun teks bacaan di handap ieu!
Aya istri Sunda nu kaitung rancage. Kiwari anjeunna jadi anggota DPR RI. Ngantorna di Senanyan, Jakarta. Yuswana tos sepuh pisan, 79 taun. Malah ku rerencanganana mah sok disebut nini-nini. Tapi, nyariosna capetang sareng ahli dina mingpin sidang. Mun mingpin sidang katara sikepna anu tandes, tara asa-asa. Saha atuh anjeunna teh? Nyaeta Ceu Popong, eta nenehna. Ngaran lengkepna na mah Dra. Hj. Popong Otje Djoendjoenan, lahir di Bandung, 30 Desember 1938.
Pikiran utama dina bacaan di luhur nyaeta . . .
Aya istri Sunda nu kaitung rancage.
Aya istri Sunda, anggota DPR RI, yuswana 79 taun, sarta boga
sikep tandes dina mingpin sidang.
Aya istri Sunda nyaeta Ceu Popong nu lahirna di Bandung, 30 Desember 1983.
Aya istri Sunda nu ahli dina lembaga MPR RI.
Rd. Dewi Sartika
. . . .
Sari puspa wangi arum
Seungit manis ngadalingding
Sari sekar nyurup nitis
Kana sukma istri Sunda
. . . .
Kecap ngadalingding ngandung harti . . . .
seungitna ka mamana
ngaluarkeun seseungitan
seuseungitan
gelar atanapi sesebutan
Ieu tokoh ukur tokoh hayalan (fiktif), euweuh dikieunna.Tapi dalit pisan jeung kahirupan urang Sunda. Kalakuanana pikalucueun. Kahirupan ieu tokoh teh rea dongengna sarta dipikaresep pisan. Eta tokoh teh ngaranna . . . .
Si Kabayan
Ahmad Bajuri
Si Cepot
Ajat Sudrajat
Ulah sok satulis-tulis di medsos teh, bisi matak picilakaeun, hadena . . . .
ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
sabata sarimbangan sabobot sapihanean
saur kudu diukur, sabada diungang-ungang
tungkul ka jukut tanggah ka sadapan
sadapan
Informasi ngeunaan globalisasi teh loba pisan, . . . dina internet.
upload
browsing
streaming
