Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS BASA SUNDA KELAS XI

Total questions: 10

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna...

a)

béwara

b)

iklan

c)

médsos

d)

warta

e)

amanat

2.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya....

a)

naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana

d)

naon, kunaon, saha, ku saha, mana, di mana

e)

mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana

3.

Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina sara, nyaéta....

a)

suku

b)

agama

c)

ras

d)

rasa

e)

antargolongan

4.

Anu disebut lead dina warta téh, nyaéta....

a)

judul warta

b)

bubuka warta

c)

waruga warta

d)

pamungkas warta

e)

nu nulis warta

5.

Ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur-unsur warta nu dikandung ajén warta, nyaéta....

a)

waktu (time liness)

b)

aya patalina jeung kahirupan balaréa

c)

anéh (unusual)

d)

konflik

e)

pawarta

6.

Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna....

a)

sisindiran

b)

rarakitan

c)

paparikan

d)

wawangsalan

e)

tatarucingan

7.

Dumasar kana sifatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sésébréd, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

8.

Mawa peti dina sundung,

dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.


Sisindiran di luhur mibanda sifat....

a)

silih asih

b)

sésébréd

c)

piwuruk

d)

silih asah

e)

silih asuh

9.

Belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi.


wangsalna.......

a)

Simeut

b)

Oray

c)

Hayam

d)

Kuda

e)

Belut

10.

Sapanjang jalan soréang,

moal weléh diaspalan.

Sapanjang tacan...................,

moal weléh diakalan.


kecap nu cocok pikeun titik-titik diluhur nyaeta......

a)

kahontal

b)

kasorang

c)

katéang

d)

katajong

e)

kabawa