NEW
Font size
WorksheetsAssesment B.Sunda kelas 9
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 30mins
Baca ieu paguneman!
Yuni : “Nin, badé angkat ka mana ? Mani rurusuhan kitu ?”
Nina : “Badé ka sakola Yun, kasiangan puguh Nina téh, kedahna mah tabuh 8.00 tos kempel di sakola.”
Yuni : “Har, na aya kagiatan naon di sakolah téh Nin ?”
Nina : “Ih, teu acan terang nya ? Pan sakola urang téh badé ngiring rampak sekar di Bandung. Tah minangka wawakilna téh nyaeta ti kelas Nina. Naha Yuni teu ngiringan kitu ?”
Yuni : “Pami ti kelas Yuni mah ngiringna pasanggiri maca sajak.”
Nina : “Ké, ari Yuni ayeuna bade ka mana deuih, tos aged ?”
Yuni : “Nya sami badé ka sakola ogé, pan badé latihan sareng Bu Susi”
Dina paguneman di luhur, saha waé anu jadi tokohna ?
Yuni
Nina
Bu Susi
Yuni Jeung Nina
Tengetan ieu data di handap!
Bagian A
Dimas : “Badé iraha ngerjakeun tugas kelompok téh?”
Jasmine :”Dinten Saptu waé nya, margi abdi dinten Minggonna badé ngiring pun Bapak ka uleman.”
Dimas : “Sumuhun atuh, abdi ogé aya acara dinten Minggu mah.”
Jasmine : “Tabuh salapan waénya, di bumi Abdi, carioskeun ka réréncangan.”
Bagian B
Riri : “Sakola urang mah asa kurang wadah runtah nya!”
Anita : “Bener, ngan aya hiji, éta ogé geus ruksak.”
Riri : “Kumaha lamun ngusulkeun ka pengurus OSIS sangkan di ayakeun kagiatan nyieun wadah runtah?”
Anita : “Wah, hadé pisan ideu na.”
Riri : “Hayu atuh!”
Anita : “Hayu!”
Dina pernyataan ieu di handap, mana anu luyu jeung data paguneman di luhur?
Paguneman dina bagian A ngagunakeun basa loma, sedengkeun dina bahian B ngagunakeun basa lemes
Paguneman dina bagian A ngagunakeun basa lemes, sedengkeun dina bagian B ngagunakeun basa loma
Paguneman dina bagian A ngagunakeun basa lemes, sedengkeun dina bagian B ngagunakeun basa kasar
Paguneman dina bagianA jeung bagian B ngagunakeun basa loma
Titénan sempalan ieu paguneman!
Fika : “Ayu, éta manéh miceun runtah téh mani sadaék karep ih, nu kitu tah perkawis anu kirang saé téh!”
Ayu : “Naha émang? Da teu aya anu ningali ieuh mereun?”
Fika : “Lain masalah kitu Yu, katingali heunteuna mah kapan éta téh tiasa ngajadikeun lingkungan sakola urang jadi kotor.”
Ayu : “Ceuk saha, apan aya petugas kabersihan ieuh anu ngabersihkeunana? Da éta tugas manéhana kanggo ngajagi kaberesihan di sakolaan urang.”
Fika : “Ah teu balég manéh mah, ari anu kudu ngajagi kaberesihan lingkungan sakola téh sanes ngan pancén bapa nu ngajaga kabersihan wungkul, nanging sakumna urang sadaya wargi sakola. Ka-asup manéh, Ayu!”
Ayu : “Ka-asup abdi ogé?”
Fika : “Nya leres, tah mending ayeuna mah candak deui gih plastik urut cilokna sareng piceun tuh ka tempat sampah.”
Ayu : “Muhun..”
Amanat tina éta paguneman téh nyaéta….
Sakola jadi bersih lamun urang miceun runtah sambarangan
Meresihan sampah di sakola mangrupa pancénna penjaga sakola.
Warga sakola unggal poé kudu meresihan sampah di lingkungan panjaga sakola
Urang salaku warga sakola kudu ngajaga kabersihan sakola ku cara miceun runtah tong sambarangan.
Titénan ieu judul-judul dongéng sunda di handap !
1) Si Kabayan Ngala Nangka
2) Prabu Siliwangi
3) Dipati Ukur
4) Si Kabayan Ngadeupaan Leuncar
Tina sababaraha judul dongéng di luhur, anu asup kana judul dongéng sagé téh nyaéta….
1) jeung 4)
2) jeung 3)
1) jeung 2)
2) jeung 4)
Baca sempalan ieu dongéng kalawan taliti!
Ku lantaran ambek jeung apal yén Dayang Sumbi geus ngagagalkeun rencanana, teu antaparah deui parahu anu geus méh réngsé téh ditajong ku Sangkuriang nepi ka nangkubna. Éta parahu anu ditajong ku Sangkuriang nepi ka nangkub téh ayeuna katelah Gunung Tangkuban Parah. Ari tunggul-tunggul kai anu dituaran ku sangkuriang keur bahan nyieun parahu téa, ayeuna katelah Bukit Tunggul.
Téma dina sempalan dongéng Sasakala Gunung Tangkuban Parahu di luhur téh nyaéta…
Silih asih
Amarah anak ka indung
Kajujuran kudu dijunjung
Salah paham antara anak jeung indung
Titénan ieu gambar!
Iklan Layanan Masyarakat di luhur miboga téma….
kasehatan
kaberesihan
kaimanan
lingkungan
Titenan tabel ieu!
Dumasar kana tabel di luhur, mana nu kaasup ciri tina Iklan Layanan Masarakat ?
1
2
3
4
Titénan tabél ieu!
Dumasar kana éta tabél, mana pernyataan ieu di handap nu bener ?
Tabel 1 mangrupa pengertian tina iklan
Tabél 2 mangrupa pengertian tina iklan komersial
Tabél 1 mangrupa pengertian tina wawaran
Tabel 2 mangrupa pengertian tina wawaran komersial.
Titénan ieu jenis kaulinan di handap !
1) Ulin Bonéka
2) Béklen
3) Langlayangan
4) Oray-orayan
5) Congklak
6) Ucing sumput
Tina kaulinan barudak di luhur, anu asup kana jenis kaulinan barudak awéwé nyaéta….
1), 2), jeung 6)
2), 5), jeung 6)
1), 2), jeung 5)
1), 2), jeung 4)
Tengetan ieu gambar kaulinan barudak!
Numutkeun éta gambar, bisa didéskripsikeun cara maénkeun kaulinan jajangkungan téh nyaéta….
Dipaénkeun ku saurang pamaén, alat anu dipakéna nyaéta kai anu dijieun siga gasing maké tali panjang
Dipaénkeunna leuwih ti saurang, alat anu dipakéna nyaéta awi panjang, sarta pamaén numpakan éta kai ulah nepi ka labuh nepi garis finish.
Dimaénkeun leuwih ti saurang pamaén, alat anu dipakéna nyaéta kai panjang anu dijieun siga sandal, tuluy pamaén leumpang nepi ka garis finish
Dipaénkeun ku ngan saurang pamaén, alat anu dipakéna nyaéta awi panjang, sarta pamaén numpakan éta kai ulah nepi ka labuh nepi garis finish
Titenan sempalan carpon ieu di handap !
Dina poe ahad nu geus kaliwat, di Kampung Manggis Hilir, Cimande, rebo, 7 Agustus 2019, tepatna tabuh 10 enjing parantos aya hiji kajadian anu ngahebohkeun warga salembur, ku sabab ayana longsor dicaket pasawahan warga.
Dumasar Eusina, unsur when dina warta diluhur nyaeta....
Rebo, 7 Agustus 2019
Kampung Manggis Hilir, Cimande
Ayana longsor dicaket pasawahan Warga
Kajadian anu ngahebohkeun warga salembur
Warta mangrupa wangun tulisan nu miboga struktur. Struktur warta téh kabagi tilu bagian nyaéta …
Judul (headline), téma (theme), jeung bubuka.
Bubuka, panutup, jeung risét dokuméntasi
Téma (theme), Judul (headline), bubuka, intro (lead).
Judul (headline), bubuka/ intro (lead), jeung tubuh warta.
Titenan conto sisindiran ieu di handap !
Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang hayang pinter
Kudu getol ka sakola
Jenis sisindiran di luhur téh kaasup kana ….
Guguritan
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Baca sisindiran ieu di handap !
(1) Tumpak kuda ka Cikarang
(2) Jalanna lempeng kacida
(3) Pamuda di lembur urang
(4) …………………………
Kalimah anu merenah keur ngalengkepan padalisan (4) sisindiran di luhur ….
Beungeutna siga kuda
Teu kabita ku narkoba
Loba nu bogaeun kuda
Mun kabita ku narkoba
Titénan ieu tabél sisindiran
Bedana paparikan jeung rarakitan di luhur, nya éta....
Jumlah padana
Jumlah engangna
Jumlah padalisanna
Kecapna murwakantina
Titenan conto guguritan ieu di handap !
Hayang balik ka kiwari
Mulang ka alam tukang
Sangkan haté lipur paler
Teu ngoleang sumoréang
Miéling nu geus ilang
Gandrung ku negeus kalarung
Tibelat mangsa kaliwat
Watek atawa sipatna guguritan diluhur nyaeta ....
Prihatin
Gumbira
Silih asih
Pikaseurieun
Titenan conto karya sastra ieu di handap !
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Néangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon baé nu kapanggih
Wacana di luhur kagolongkeun kana ....
kawih
pupuh
sajak
sisindiran
Baca pupuh ieu di handap !
Demi anu luhur budi,
Ajrih taya papadana,
Someah tara jumago,
Teu adigung adiguna,
Dipiresep balarea,
Nu kitu kudu ditiru,
Turutran laku-lampahna.
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nya éta ....
8a-8a-8a-8a-8a-8a-8a
8a-8i-8u-8e-8o-8a-8i
8i-8u-8e-8o-8a-8a-8i
8i-8a-8o-8a-8a-8u-8a
Titénan ieu sempalan téks pangjejer acara di handap!
Hadirin anu dipihormat, Acara parantos réngsé. Hatur nuhun ka sadayana. Bilih aya kacalétot basa salami ngajejeran acara, hapunten ka sadayana. Moal seueur anu dicatur, mung sakitu anu tiasa kapihatur.
Wasalamualaikum wr.wb
Ungkara di luhur téh diomongkeun ku pangjejer acara dina bagean …
Du’a
Eusi
Bubuka
Panutup
MC disebut ogé pangjejer acara. Pancen utama pangjejer acara, nya éta …
Ngatur pakéan nu rék minton
Ngatur pamaén nu rék manggung
Ngatur anu boga hajat sangkan tartib
Ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar
Titénan ieu sempalan biantara di handap!
Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci, Alhamdulillah dina danget ieu urang sadayana tiasa ruing mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung ( perpisahan ), wireh simkuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami 3 taun.
Bapa kalih ibu guru, hadirin sadaya nu dipihormat.
Sim kuring ngadeg didieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas salapan, hoyong cumarios ngedalkeun maksad hate.
Dumasar kana sempalan biantara di luhur, naon jejer ( tema ) éta biantara ?
Bubuka rapat pasanggiri
Upacara Paturay Tineung
Rapat kagiatan acara Paturay Tineung
Kagiatan sakola salami 3 taun.
Dina acara sambutan muka acara pelantikan, Ketua OSIS nepikeun biantara bari maca catetan nu eusina gurat badag ( garis besar), eusi biantara. Metode biantara samodel kitu disebut metodeu ….
Impromtu
Ekstemporan
Ngapalkeun
Naskah
Bandingkeun sempalan ieu biantara di handap !
BIANTARA 1
Ngadegna sim kuring di ieu tempat bade sasanggem minangka wawakil rengrengan panitia Kagiatan Pasanggiri dina raraga mieling Tepung Taun Kamerdekaan Republik Indonesia
BIANTARA 2
Peryogi kauninga, pangna sim kuring salaku Ketua OSIS ngadeg didieu teh bade ngadugikeun rarancang kagiatan dina raraga mieling Tepung Taun Kamerdekaan Indonesia.
Dumasar kana eta biantara, naon beda biantara I jeung 2?
Biantara I nu nepikeun biantara nyaeta sekretaris panitia pasanggiri, sedengkeun Biantara 2, nu nepikeun nyaeta Ketua OSIS.
Biantara I nu nepikeun biantara nyaeta Ketua OSIS panitia pasanggiri, sedengkeun Biantara 2, nu nepikeun nyaeta panitia
Biantara I nu nepikeun biantara nyaeta panitia pasanggiri, sedengkeun Biantara 2, nu nepikeun wawakil Ketua OSIS.
Biantara I nu nepikeun biantara nyaeta wawakil panitia pasanggiri, sedengkeun Biantara 2, nu nepikeun nyaeta Ketua OSIS.
Titenan conto tema-tema biantara ieu di handap.
( a ). Pentingna di ajar sing suhud
( b ). Ngajaga katengtreman lingkungan RT
( c ). Mikanyaah Budaya sorangan
( d ). Iklim politik di Indonesia
( é ). Miara kabersihan sakola
( f ). Kaayaan Ekonomi di nagara urang.
Tema biantara nu merenah pikeun ditepikeun dina pembinaan Upacara Bendera poe Senen di sakola, nyaeta ….
a, c, d
a, c, é,
c, d, é
b, d, f
Titénan ieu tabél!
Tina katerangan tabel di luhur, nu kaasup ciri Kampung Adat Kasepuhan Ciptagelar nyaeta…
1
2
3
4
Titénan ieu gambar!
Gambar di luhur nuduhkeun wangunan nu aya di kampong adat. Biasana pikeun nunda hasil tatanén. Ngaranna nyaéta ….
Imah Ageung
Leuit
Gedong luhur
Imah panggung
Titénan ieu bagean-bagean wangunan di handap.
1. Gedong gede
2. Leuit
3. Balong
4. Bumi ageung
5. Gedong luhur
Tina katerangan di luhur, ngaran wangunan nu aya di Kampong Adat Ciptagelar nyaeta….
1 jeung 2
4 jeung 5
2 jeung 4
3 jeung 4
Ieu katerangan di handap, kagiatan/upacara adat nu aya di kampong Urug nyaeta…
Salametan, upacara ngaseuk
Upacara rasulan, upacara seleh taun
Upacara sedekah bumi, upacara Muludan
Upacara tatanen, upacara sisingaan
Titénan ieu data di handap!
Data 1:
Babasan miboga harti injeuman, sedengkeun paribasa miboga harti sabenerna.
Data 2:
Babasan di wangun ku dua kecap, sedengkeun paribasa di wangun ku leuwih ti dua kecap.
Data 3:
Babasan bisa dirobah, sedengkeun paribasa teu bisa dirobah.
Data 4:
Babasan geus matok, sedengkeun paribasa teu matok.
Dumasar kana éta data, nu mangrupa bédana babasan jeung paribasa nyaeta data ....
1
2
3
4
Paribasa Hade tata hade basa larapna nu merenah aya dina kalimah…
Jang Dadan mah budakna padamikaresep ku saha wae, teu loba musuh, sabab jalmana hade tata hade basa
Neng nina jalmina hade tata hade basa mun aya nu jajan sok hayang wae menta
Budak hade tata hade basa nah mun dibere nasehat ngalawan bae
Cicing atuh lamun guru keur mere elmu teh, dasar budak hade tata hade basa!
Titénan ieu babasan di handap !
- buntut kasiran
- babalik pikir
- adat kakurung ku iga
- miyuni kembang
- hampang leungeun
- panjang lengkah
Paribasa nu nuduhkeun tinglah laku manusa nu hade/baik nyaeta….
1, 3, 5
2, 4, 6
3, 5, 6
2, 4, 5
Titénan ieu data di handap !
Data A:
1. Wangunna geus matok
2. Miboga harti nu mandiri.
3. Ngandung harti konotasi
Data B:
1. Wangunna bisa dirobah
2. Miboga harti nu sabenerna
3. Ngandung harti denotatip.
Data C:
1. Wangunna geus matok.
2. Miboga harti nu mandiri
3. Ngandung harti denotatip.
Data D:
1. Wangunna bisa dirobah
2. Miboga harti nu sabenerna
3. Ngandung harti konotasi.
Dumasar kana éta data, nu mangrupa ciri-ciri pakeman basa nyaeta
D
C
B
A
Titenan Sempalan novel ieu di handap!
“Jalan nu disorang, kaayaanana asa teu jauh beda jeung baheula. Pangpangna nya mun keur usum ngijih éta. Keur usum hujan mah mindeng atuh kuring atawa babaturan teu tulus indit ka sakola alatan labuh lebah ieu tanjakan. Hiji mangsa mah nepi ka aya sapuluh urangna anu teu tulus indit ka sakola. Alasanana, nya labuh tea. Labuh babarengan. Enya, apan ari leumpang téh na pudunan mah sok nguntuy"
Jejer carpon di luhur nyaritakeun ....
Jalan nu disorang
Labuh babarengan
Teu tulus indit ka sakola
Si Diding labuhna tisorodot ka hareup
Baca conto sempalan novel ieu di handap!
“Nu daragang samping, baju, kadaharan, pepetasan rame papinter pinter nawarkeun daganganna, muji muji daganganna pamurah-murah, matak riweuh daratang nu rek balanja …”
Tina conto sempalan di luhur, latar tempat nuduhkeun di ….
Puskesmas
Pasar
Kuburan
Sakola
Titénan ieu sempalan novel di handap !
“Hawa tiis nyecep, cai ibun ngagarenang dina jujukutan…panon poe mimiti caang/kaluar ti sela-sela gunung. Ma Uneh tuturubun leumpang ka kebon bari mawa boboko…”
Latar dina sempalan novel di luhur nuduhkeun waktuna…
Pasosore
Peuting
Beurang
Isuk-isuk
Titénan ieu sempalan novel di handap !
“Pokona kuring hayang balanja sagala, meuli petasan, baju, nu loba..”ceuk Si Emed ka indungna nu keur sedih mikiran kalakuan anakna sabada bapana maot kalah ngahajakeun…”
Lamun dititenan karakter/watek si emed tokoh Emed teh…
Bedegong jeung galak ka nu jadi indungna
Nurut jeung nyaah ka nu jadi indungna
Tara ngalawan ka indungna
Resep babantu jeung rajin mantuan indungna ka Pasar
Titénan sempalan drama ieu di handap !
Nini Uti ngider ngadangkeun sorabina, bari sakeudeung-sakeudeng ngilik-ngilik cepuk pamanggih di sisi gang. Bangun kacida hayangna muka, tapi teu wani. Di parapatan jalan, Nini Uti papanggih jeung 3 Wiyaga.
Wiyaga : “Teu acan séép Nini, surabi Nini ?”
Nini Uti : “Teu acan, nun. Mangga atuh baradé surabina. Raos geura surabi nini mah !”
( Wiyaga nempo Nini Uti nyekelan cepuk )
Wiyaga : “Ieu cepuk meunang maok nya ?”
……………
Tina éta sempalan drama, di mana latar tempatna ?
Di sisi gang
Di imah Nini Uti
Di parapatan jalan
Di imah Wiyaga
Titénan kalimah-kalimah ieu di handap !
a. Di parapatan jalan, Nini Uti papanggih jeung 3 Wiyaga.
b. Nini Uti ngider ngadangkeun sorabina, bari sakeudeung-sakeudeng ngilik-ngilik cepuk pamanggih di sisi gang.
c. Nini Uti salamet ti rempugan para wiyaga, tuluy ka péngkolan rék ka imah Pa Jaksa.
d. Nini Uti umurna 60 taunan, tukang sorabi, miskin tapi jujur.
e. Ahirna Nini Uti bisa leupas ti wiyaga, tuluy lumpat muru imah Pa Jaksa.
Dumasar kana éta kalimah, mana anu mangrupa bagéan epilog drama nyaéta ….
a jeung b
b jeung d
c jeung é
d jeung é
Titenan sempalan drama ieu di handap !
Nini Uti : ( Morongos kasinggung ) “saha nu meunang maok ? Gampang wéh tudah tuduh téh?”
Nini Uti : ( Ngagerentes jero hate) “Wah kuring kudu waspada… ieu jelema rék ngakalan kuring !”
Wiyaga : “Enya lah meunang maok, meunang nyolong, meunang maok…!”
Nini Uti : “Yeuh bisi teu percaya mah, éta cepuk meunang nimu, lain meunang maok !”
Tina sempalan éta téks drama, kalimah mana nu disebut Monolog ?
( Morongos kasinggung ) “saha nu meunang maok ? Gampang wéh tudah tuduh téh?”
(Ngagerentes jero hate) “Wah kuring kudu waspada…. ieu jelema rék ngakalan kuring !”
“Yeuh bisi teu percaya mah, éta cepuk meunang nimu, lain meunang maok !”
“Enya lah meunang maok, meunang nyolong, meunang maok…!”
Titenan unsur-unsur ieu di handap!
a. nada
b. dialog
c. wirahma
d. jejer
e. palaku
f. imaji
Tina katerangan di luhur nu kaasup unsur drama nya eta…
b, d, é
a, b, c
b, c. d
d, é, f
