NEW
Font size
WorksheetsUS Bahasa Sunda
Total questions: 40
Worksheet time: 2hrs 0mins
Poe Munggaran Sakola
Ayeuna teh poe munggaran murid kelas VII-A SMPN 1 Kuningan asup sakola. SMPN 1 Kuningan teh pernahna di kelurahan Purwawinangun, Kecamatan Kuningan Kabupaten Kuningan.
“Barudak ayeuna hidep geus di SMP, geus lain murid SD deui. Pangajarannana oge lewih loba jeung leuwih luhur, anu matak hidep kudu leuwih soson soson diajarna Guru nu ngajarna oge henteu saurang, tapi sababaraha urang gumantung pangajaranana” saur Ibu Yanti wali kelas VII-A.”
“Salian ti eta, hidep oge kudu akur sauyunan jeung babaturan sakelas.Sabab salila satahun ka hareup, hidep bakal hirup babarengan meh unggal poe. Iwal lamun pere sakola meureun. Anu matak upama teu akur jeung batur sakelas, bakal karasa susahna. Hidep geus waaranoh acan jeung babaturan sakelas?” Bu Yanti mariksa.
Eusi paguneman diluhur nyaritakeun….
Wawanohan jeung babaturan sakelas
Ibu Yanti wali kelas VII a
Kudu soson dialajar
Poe mimiti asup sakola
Poe Munggaran SakolaAyeuna teh poe munggaran murid kelas VII-A SMPN 1 Kuningan asup sakola. SMPN 1 Kuningan teh pernahna di kelurahan Purwawinangun, Kecamatan Kuningan Kabupaten Kuningan.
“Barudak ayeuna hidep geus di SMP, geus lain murid SD deui. Pangajarannana oge lewih loba jeung leuwih luhur, anu matak hidep kudu leuwih soson soson diajarna Guru nu ngajarna oge henteu saurang, tapi sababaraha urang gumantung pangajaranana” saur Ibu Yanti wali kelas VII-A.”
“Salian ti eta, hidep oge kudu akur sauyunan jeung babaturan sakelas.Sabab salila satahun ka hareup, hidep bakal hirup babarengan meh unggal poe. Iwal lamun pere sakola meureun. Anu matak upama teu akur jeung batur sakelas, bakal karasa susahna. Hidep geus waaranoh acan jeung babaturan sakelas?” Bu Yanti mariksa.
Naon sababna Bu Yanti nekenkeun yen para siswa teh kudi akur sauyunan jeung babaturan sakola ?
Sabab bakal hirup babarengan unggal poe
Sabab bakal karasa hirup susah
Sabab bakal dijarauhan ku babaturan
Sabab remen panggih jeung wali kelas
Pek baca tur tengetan kakawihan ieu!
Oray orayan luar leor mapay sawah,
Entong ka sawah parena keur sedeng beukah,
Oray orayan luar leor mapay kebon
Entong ka kebon dikebon loba nu ngangon
Oray orayan
Oray naon
Oray bungka
Jst
Kakawihan diluhur dikawihkeun ku barudak bari……?
Eundeuk eundeukan dina dahan anu menod
Nepakan tuur budak anu disahunjarkeun
Ngantay, leungeun muntang kana taktak
Paciwit ciwit leungeun
Pek baca pupujian ieu :
Gusti urang sarerea,
Kanjeung Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qures nya bangsana
Ditilik tina eusi jeung maksudna, pada pupujian diluhur nyaritakeun….?
Asal usul Nabi Muhammad
Muji jeung do’a ka Gusti Alloh
Sajarah bangsa Qures
Sajarah bangsa arab
Pek baca sempalan dongeng dihandap ieu:
Sangkuriang ngagebeg barang nenjo diwetan geus bijil balebat teh, tandana geus beurang. Hartina manehna moal tulus papangantenan jeung dayang sumbi.
Bakating ku handeueul kabina bina, ngan jedak bae parahuna ditajong sataker tanaga.
Gubrag parahu teh nangkub, jleg salin rupa jadi gunung.
Watek sangkuriang nu kagambar dina sempalan dongeng diluhur nyaeta..?
Sabar, narima kana kaayaan
Meupeus keuyang gede ambek
Leutik hate, henteu optimis
Asak jeujeuhan teu gampang ambek
Pokal jeung konsonan dina sastra sunda wanguna aya 25, nu 25 dibagi dua bagian nyaeta ?
6 Vokal 12 konsonan
7 Vokal 18 konsonan
8 Vokal 17 konsonan
5 Vokal 10 konsonan
Aki jeung balon :
(Ami Raksanagara)
Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantay digantungan barang barang kaulinan
Kakapalan kukudaan arompet henteu tinggaleun
Geus biasa unggal poe ka budak nawarkeun
Ujang eulis yeuh tingal barang aki
Geura galeuh keur ameng engke dibumi
Aki! aki! abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasep di aki mah teu aya
Niupna oge aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari aki sakieu aya kakolotan
Jejer anu bisa dicindekeun dina eta sajak ?
Lingkungan
Pahlawan
Sosial
Kaendahan alam
Aki jeung balon :
(Ami Raksanagara)
Beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
Kota Bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
Dibaturan sobat ngaran rancatan
Anu rantay digantungan barang barang kaulinan
Kakapalan kukudaan arompet henteu tinggaleun
Geus biasa unggal poe ka budak nawarkeun
Ujang eulis yeuh tingal barang aki
Geura galeuh keur ameng engke dibumi
Aki! aki! abdi mah da hoyong balon
Deudeuh teuing kasep di aki mah teu aya
Niupna oge aki mah geus teu kawasa
Ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
Ari aki sakieu aya kakolotan
Amanat anu hayang ditepikeun ku panyajak dina eta sajak nyaeta..?
Sanajan geus kolot urang tetep daek usaha
Budak kiwari mah geus teu resepeun kana kaulinan baheula
Aki aki mah geus teu bisa niup balon
Disabudeureun urang aya jalma anu nasibna goreng
(1) TEU KENGING MICEUN RUNTAH DIMANA WAE
(2) PAREUMAN LAMPU LAMUN TEU PERLU!
(3) HAYU URANG NGARIKSA SUSUKAN, WALUNGAN JEUNG TATANGKALAN
(4) ETANG HEULA ARTOSNA SATEUACAN NGANTUNKEUN KASIR!
Tina conto iklan layanan masyarakat diluhur, mana nu mangrupa pangajak ?
1
2
3
4
Pek baca rumpaka kawih ieu dihandap:
Es lilin
Es lilin mah ceuceu kalapa muda
Dibantun mah dibantun ka sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi
Cutatan rumpaka kawih diluhur upama ditilik tina wanguna kaasup..?
Sisindiran
Sajak bebas
Mukalisasi puisi
Pupuh
Pek baca rumpaka kawih ieu dihandap:
Es lilin
Es lilin mah ceuceu kalapa muda
Dibantun mah dibantun ka sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
Sok sieun mah aduh henteu ngajadi
Kecap “dibantun” teh mangrupa kecap lemes keur sorangan, ari kecap lemes keur kabatur mah nyaeta…?
Dibenyeng
Dibetot
Dicandak
Disanggakeun
Warta teh nyaeta keterangan atawa beja ngenaan hiji kajadian atawa hiji hal anu ditepikeun ka balarea ngaliwatan media masa atawa media elektronik. Kajadian anu bisa dijadikeun warta teh anu dianggap penting pikeun dipikanyaho ku balarea. Supaya jadi warta anu alus, dina nyusun warta aya sabaraha unsur warta anu kudu ditepikeun nyaeta…?
W + H
5W + 1H
5H + 1W
5WH + 5H
Baca sempalan wacana ieu!
Kebon raya Kuningan teh pernahna di Desa Padabeunghar, Kacamatan Pasawahan, Kabupaten Kuningan, ngurung area anu legana 154 hektar ditutugan jeung lamping kulon Gunung Ciremay. Dijerona aya leuwih ti 23 rebu jenis tutuwuhan dilengkepan ku pasilitas sejena saperti Situ, jalan, tempat reureuh, tempat pintonan tempat pabinihan jeung kantor.
Kalimah pananya anu merenah pikeun jawaban paragrap diluhur nyaeta ?
Dimana pernahna Kebon Raya Kuningan teh?
Kumaha kaayaan Kebon Raya Kuningan teh?
Saha nu nyieun Kebon Raya Bogor teh?
Iraha di resmikeunana Kebon Raya Bogor teh?
Tengetan wanun sisindiran ieu
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
Wangun sisindiran diluhur kaasup…?
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Pupuh
Mijil
Aduh Gusti anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pang abdi dumugi ka kesrek
Reh ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir
Tega nundung sepuh
Guru wilangan jeung guru lagu pupuh diluhur nyaeta…?
10i, 8o, 10e, 10e, 6i, 6u
10i, 6o, 10e, 8i, 6i, 6e
10a, 6o 12e, 10i, 6i, 6u
10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6o
Mijil
Aduh Gusti anu Maha Suci
Sim abdi rumaos
Pang abdi dumugi ka kesrek
Reh ka sepuh parantos ngusir
Takabur sareng dir
Tega nundung sepuh
Watek pupuh mijil diluhur ngagambarkeun kaayan…?
Sedih
Bungah
Banyol
Perang
Panata acara teh disebut oge protokol atawa MC dina basa asing mah. Sangkan dina waktu lumangsungna jadi panata acara bisa lancar tur alus, Aya sabaraha hal anu kudu diperhatikeun samemeh jadi panata acara, nyaeta :
Sora kudu bedas tur bentes
Lentong jeung wirahma kudu merenah
Kudu apal kana runtuyan acara
Miboga kamampuh pikeun ngahirupkeun suasana
(1) bubuka
(2) laporan pupuhu panata calagara
(3) Maoskeun ayat ayat suci AlQur’an
(4) Pintonan kasenian
(5) Biantara ti pupuhu sakola
(6) Du’a
Susunan acara anu bener tur merenah dina acara paturay tineung nyaeta ?
(1),(2),(3),(4),(5),(6)
(1),(3),(2),(5),(4),(6)
(2),(3),(1),(5),(6)
(2),(4),(1),(3),(5),(6)
Pek baca tur tengetan sempalan carpon ieu :
Kalan kalan matak aral ngaliwatan ieu jalan teh.Pang pangna aya mun keur usum ngijih eta.Keur usum ngijih mah mindeng atuh kuring atawa babaturan teu tulus indit ka sakola alatan labuh lebah ieu tanjakan.Malah hiji mangsa mah nepi ka sakola aya sapuluh urangna anu teu tulus indit ka sakola alatanana nya labuh tea.
Naon anu ngalantarankeun “kuring” teu tulus indit ka sakola…?
Labuh lebah tanjakan
Lantaran usum ngijih
Cape leumpang dina pudunan
Nempo nu labuh pauntuy untuy
1) salam bubuka
2) salam panutup
3) pedaran tema
4) nganuhunkeun kanu mere kasempetan kanu nyarita
5) Solawat + salam kana Nabi Muhamad SAW
6) sanduk sanduk menta hampura
7) Puji Sukur ka Alloh SWT
8) nataan anu hadir (anu pantes di hormat)
Diluhur kaasup poko poko penting dina bubuka biantara. Poko poko penting eta bisa disusun sacara merenah anu saluyu jeung…?
1-2-3-4-5-6-7-8
1-7-5-4-8-3-6-2
1-7-4-8-5-3-6-2
7-5-7-4-8-3-6-2
Pek baca sempalan wacana ieu!
Tos teu bireuk deui kanu namina Bapa Danu Setia mah.Anjeunna, Guru di salah sahiji SMP nu aya di Kabupaten Bandung. Lian ti ngatik ngadidik murang kalih SMP teh, oge sering ka peto kedah biantara payuneun umum. Boh dina acara kagiatan di sakola boh di masyarakat. Ku sering seringna biantara, sapertos teu geumpeur deui. Malihan mah upami di piwarang biantara dadakan oge anjeuna mah siap bae. Teu kantos nyiapkeun naskah biantara sagala.
Tehnik biantara anu digunakeun ku Bapa Dana Setia teh nyaeta ngagunakeun tehnik..?
Maca
Ngapalkeun
Dadakan
Nyiapkeun poko poko penting nu rek dibiantarakeun
Mamanis basa teh mindeng digunakeun dina biantara. Gunana pikeun ngantebkeun eusi anu ditepikeun atawa mangrupa panyari wungkul sangkan anu ditepikeun leuwih genah kadengena.
Conto mamanis basa anu sok digunakeun dina panutup biantara nyaeta ?
Sim kuring sasanggem didieu teh etang etang lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan pamugi aya mangpaatna
Alhamdulliah, dina danget ieu urang tiasa patepung lawung patepang raray.
Maksad sim kuring dongkap ka dieu, mung ukur seja ngiring jabung tumalapung, bade ngadugikeun pamaksadan pun lanceuk.
Rupina mung sakitu biantara nu kapihatur bobo sapanon carang sapakan luhur saur bahe carek, hapunten anu kasuhun.
Anu henteu kaasup ciri kampung adat nyaeta…?
Kampung anu masih keneh pengkuh nyekel adat jeung kabiasan karuhuna
Maranehna pantrang ngarempak adat kabiasaan anu geus diguratkeun ku karuhuna
Upama ngarempak adat sarua hartina jeung henteu ngahargaan karuhun
Bisa katembong tina adegan kahirupan sapopoe masyarakatna anu salawasna hayang nyaluyukeun jeung kaayaan jaman.
Wangunan suhunan anu dipake di kampong Adat Naga nyaeta ?
Tagog anjing
Badak heuay
Parahu kumureb
Julang ngapak
(1) Teu meunang make dadampar suku (sandal atawa sapatu)
(2) Teu meunang heheotan atawa nyiduh
(3) Teu meunang make baju dines atawa hideung hideung
(4) Teu meunang ngobrol sompral
(5) Teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar
(6) Teu meunang nyaritakeun sajarah karuhuna saban poe salasa, rebo jeung saptu
Tina sababaraha pantrangan anu ditataan diluhur anu teu kaasup ciri ciri kampung adat naga teh nyaeta :
(1),(2)
(2),(3)
(3),(4)
(5),(6)
Di Jawa Barat mah henteu loba kampung adat teh. Anu geus kakoncara teh ukur sababaraha hiji, kitu oge sumebar di sababaraha kabupaten.Kampung Adat anu aya di Kabupaten Ciamis nyaeta :
Kampung Naga
Kampung Kuta
Kampung dukuh
Kampung kasepuhan cipta gelar
Dina istilah wawangunan sunda buhun aya ngaran tempat anu gunana pikeun neundeun pare eta tempat teh sok disebut oge…?
Lio
Saung
Leuit
Kobong
RINGKESAN NOVEL SI PASER
Karangan Tatang Sumarsono
Eson teh anak patani anu ngebon di suku gunung Manglayang.Hiji mangsa aya anak mencek asup ka kebona, lantaran dibeberik ti leuweung ku anjing pamoroan.Eta anak mencek teh tigebrus kana lombang, atuh ku Eson jeung bapana bisa ditewak.
Eta anak mencek teh tuluy diingu ku Eson.Dingaranan si paser lantaran luncatna tarik pisan, diibaratkeun kana paser anu ngabelesat tina sumpit. Eson tulaten pisan ngurusna teh. Beuki lila si paser beuki gede, luncatna oge beuki luhur. Malah hiji waktu mah si paser bisaeun kabur, sanggeus ngaluncatan buruan. Untungna bisa ditewak deui ku Eson, bubuhan geus lindeuk. Ngarah teu kabur deui, pager buruan teh ku Eson dijangkungan.
Hiji waktu Pa Yeye, bapana Eson kadatangan jurutulis desa. Maksudna rek ngolongan sangkan Eson ngalepaskeun deui mencek inguanana ka leuweung, sabab eta sato kaasup anu ditangtayungan ku Pamarentah. Puguh bae Eson teu panujueun da geus nyaaheun pisan ka si paser teh. Ngan lantaran hantem diolo ku bapana, ahirna Eson daekeun ngaleupaskeun deui si paser. Eta mencek teh dibawa ka leuweung di lepaskeun. Eson kagegeringan.Tilu poe ti harita si paser teh balik deui.
Ahirna eta mencek teh dipasrahkeun, minangka hadiah, ka kebon binatang. Eson henteu ngarasa kaleungitan teuing da unggal waktu manehna bisa ngalongokan sato kameumeutna.
Watek Eson anu kapanggih dina ringkesan novel Si Paser nyaeta…?
Welas asih
Bedegong
Geringan
Wanian

Anu nyababkeun Eson kagegeringan teh nyaeta ?
Eson kadatangan juru tulis desa sangkan eson ngalepaskeun deui si paser
Si paser teh teu balik balik deui
Eson masrahkeun si paser ka kebon binatang minangka hadiah
Eson ngaleupaskeun si paser ka leuweung
RINGKESAN NOVEL SI PASER
Karangan Tatang Sumarsono
Eson teh anak patani anu ngebon di suku gunung Manglayang.Hiji mangsa aya anak mencek asup ka kebona, lantaran dibeberik ti leuweung ku anjing pamoroan.Eta anak mencek teh tigebrus kana lombang, atuh ku Eson jeung bapana bisa ditewak.
Eta anak mencek teh tuluy diingu ku Eson.Dingaranan si paser lantaran luncatna tarik pisan, diibaratkeun kana paser anu ngabelesat tina sumpit. Eson tulaten pisan ngurusna teh. Beuki lila si paser beuki gede, luncatna oge beuki luhur. Malah hiji waktu mah si paser bisaeun kabur, sanggeus ngaluncatan buruan. Untungna bisa ditewak deui ku Eson, bubuhan geus lindeuk. Ngarah teu kabur deui, pager buruan teh ku Eson dijangkungan.
Hiji waktu Pa Yeye, bapana Eson kadatangan jurutulis desa. Maksudna rek ngolongan sangkan Eson ngalepaskeun deui mencek inguanana ka leuweung, sabab eta sato kaasup anu ditangtayungan ku Pamarentah. Puguh bae Eson teu panujueun da geus nyaaheun pisan ka si paser teh. Ngan lantaran hantem diolo ku bapana, ahirna Eson daekeun ngaleupaskeun deui si paser. Eta mencek teh dibawa ka leuweung di lepaskeun. Eson kagegeringan.Tilu poe ti harita si paser teh balik deui.
Ahirna eta mencek teh dipasrahkeun, minangka hadiah, ka kebon binatang. Eson henteu ngarasa kaleungitan teuing da unggal waktu manehna bisa ngalongokan sato kameumeutna.
Nu kaasup unsur unsur intrinsip dina novel teh nyaeta tema, palaku, watek palaku, latar waktu jeung latar tempat, galur/jalan carita, jeung amanat. Upama ditengetan tina ringkesan novel diluhur teh aya ngaran palaku nu ngarana si paser. Landian keur saha ari si paser teh ?
Eson
Mencek Inguan Eson
Bapana Eson
Juru tulis Desa
Pakeman basa (idiom) nyaeta ungkara basa anu kekecapanana geus matok, puguh entep seureuhna, sarta miboga harti injeuman. Nu kaasup pakeman basa teh nyaeta babasan, paribasa, cacandran, uga, caturangga jeung..?
Rakitan lantip
Rakitan dalit
Rakitan anggang
Rarakitan
“Ka budak nu……moal loba nu nyaah, da lamun di titah teh sok keleked, hese indit!”
Kalimah diluhur bisa dilengkepan ku babasan…?
Beurat birit
Kandel kulit beungeut
Hampang leungeun
Gede hulu
Conto kalimah anu ngagunakeun rakitan lantip nyaeta :
Asurkeun seuneuna atuh ngarah tereh asak sanguna
Jalma nu amis budi mah loba nu mikaresep
Ulah waka cul dog dog tinggal igel, can karuhan gampang neangan pagawean jaman kiwari mah.
Kiwari mah kaayaan Bandung teh heurin ku tangtung
“Ulah luhur teuing boga kahayang teh, urang kudu…….nyaluyukeun jeung kamampuh sorangan.”
Paribasa pangjurung laku hade anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta :
Mipit kudu amit ngala kudu menta
Ngukur ka kujur nimbang ka awak
Nete taraje nincak hambalan
Ngindung kawaktu ngabapa ka jaman
“Ari kadulur teh kudu nyaah najan sakumaha sangsarana oge ari keur meunang kasusah mah kudu dibelaan, kapan ceuk kolot oge……….”
Paribasa wawaran luang anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah diluhur, nyaeta………
Ngajul bulan ku asiwung mesek kalapa ku jara
Tikukur macokan gunung jogjog neureuy buah loa
Buruk buruk papan jati
Kokoro nyoso malarat rosa
Basa Bapa Guru Matematika asup ka kelas, barudak ngadak ngadak jempe euweuh nu ngomong saurang oge, apan ceuk babasan oge nu kitu teh…
Panjang lengkah
Pindah pileumpangan
Kawas gaang katincak
Murag bulu bitis
Salah sahiji ciri utama naskah drama anu ngabedakeun jeung naskah naskah karya sastra sejena nyaeta dina lebah cara nuliskeunana. Dina drama eusi carita teh henteu diguluyurkeun tapi ditulis dina wangun…
Dialog
Monolog
Epilog
Prolog
Drama anu paguneman palakuna digurit dina wangun tembang jeung kawih disebut…
Drama komedi
Drama tragedi
Drama tragedi jeung komedi
Gending karesmen
Baca tur tengetan sempalan drama ieu dihandap :
(Si Kabayan sare keneh ngaguher dikamarna. Kerekna tarik mani nyegrek.
Saking ku tarikna hayam nu dikurungan dina carangka tepi ka disarada rareuwaseun
Tuluyna patembalan kerek Si Kabayan jeung sora hayam.Torojol mitoha si kabayan ngahudangkeun)(1)
Mitohana : Kabayan! Hudang atuh, geus beurang!
Kabayan : (3)(ngulisik) Eeeeeh!
Mitohana : Hayu urang ka huma bantuan abah ngala roay
Kabayan : (3) (Hudang, kukuliatan, ngomong semu medenghel) Keur ngeunah ngeunah sare aya nu ngagugubrag
…………………………………….
Kabayan : (Kukuliatan ngomong sorangan). Atah adol mitoha teh kami keur ngeunah sare make dihudangkeun. Pira oge ngala roay, make kudu dibantuan sagala. Keun siah……(4)
Pituduh laku atawa katerangan adegan tina sempalan diluhur nyampak dina conto nomer…?
1
2
3
4
Baca tur tengetan sempalan drama ieu dihandap
(Si Kabayan sare keneh ngaguher dikamarna.Kerekna tarik mani nyegrek.
Saking ku tarikna hayam nu dikurungan dina carangka tepi ka disarada rareuwaseun
Tuluyna patembalan kerek Si Kabayan jeung sora hayam.Torojol mitoha si kabayan ngahudangkeun)(1)
Mitohana : Kabayan! Hudang atuh, geus beurang!
Kabayan : (3)(ngulisik) Eeeeeh!
Mitohana : Hayu urang ka huma bantuan abah ngala roay
Kabayan : (3) (Hudang, kukuliatan, ngomong semu medenghel) Keur ngeunah ngeunah sare aya nu ngagugubrag
…………………………………….
Kabayan : (Kukuliatan ngomong sorangan). Atah adol mitoha teh kami keur ngeunah sare make dihudangkeun. Pira oge ngala roay, make kudu dibantuan sagala. Keun siah……(4)
Anu mangrupa candraan tina sempalan drama diluhur nyaeta nomer…?
1
2
3
4