NEW
Font size
WorksheetsUlangan Bahasa Sunda BAB Warta & Novel
Total questions: 17
Worksheet time: 31mins
Narasumber: "Pan aya opat rupa sakola teh. Kahiji, sakola anu kualitasna handap, mayarna murah. Kadua, nu kualitasna sae, mayarna mahal. Katilu, nu mayarna murah, kualitas sae. Kaopat, nu mayarna mahal, kualitasna handap."
Dina hal ieu, narasumber nepikeun pananggihna ngeunaan...
Sakola anu murah
Sakola anu mahal
Sakola nu kualitasna handap
Sakola anu kualitasna hade
Rupa-rupa kualitas sakola
Matak cape maca novel ieu mah. Alurna henteu bisa gampang katebak. Sugan teh tokoh utamana rek kadi kawin jeung bebenena, nyatana manehna kalah milih karir. Matah hanjelu puguh oge. Tapi, slur carita ieu mangrupakeun kaunggulan ieu novel. Unggal bagian aya wae konflik anu matak tegang jeung pikapanasaraneun nu macana.
Bacaan di luhur ngomentaran unsur...
Alur
Penokohan
Latar
Konflik
Tema
Di juru, aya televisi. Teu jauh ti tempat tidur diperenahkeun sasetel korsi tamu. Telepon di meja sudut, kipas angin, kulkas, lomari pakean, bupet. Di luhureun bupet, aya tape recorder deck. Di tahapan handapna, aya mesin paranti nyetel piringan hitam.
Sempalan carita di luhur bener-bener nyaritakeun unsur...
Tokoh
Latar
Tema
Sudut pandang
Kasang tukang pangarang
Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna...
Bewara
Iklan
Medsos
Warta
Amanat
Gambaran kajadian anu ditepikeun dina wangun warta ilaharna bisa dipake ngajawab pananya...
Naon, ku naon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha
Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha
Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
Naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana
Mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana
Anu disebut lead dina warta teh nya eta...
Judul warta
Bubuka warta
Waruga warta
Pamungkas warta
Nu nulis warta
Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta,nya eta...
Waktu
Aya patalina jeung kahirupan balarea
Aneh
Konflik
Pawarta
Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut...
Carpon
Cartibang
Hikayat
Dongeng
Novel
Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nya eta...
Karangan non fiksi
Tokohna loba
Alurna panjang
Latarna laluasa
Eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe
Matak pogot maca novel ieu mah. Alurna henteu bisa gampang katebak. Sugan teh tokoh utamana rek ngalanjutkeun sakolana, nyatana manehna kalah milih karir. Matak hanjelu puguh oge. Tapi, alur carita iru mangrupakeun kaunggulan ieu novel. Unggal bagiananna aya wae konflik anu matak tegang jeung pikapanasaraneun nu macana. Bacaan di luhur ngomentaran unsur...
Alur
Penokohan
Latar
Konflik
Tema
Rebutan antara harga diri Prabu Linggabuana jeung ambisi Gajah Mada anu antukna nimbulkeun perang rongkah. Dua kakuatan teu daek serah bongkokan ku cara kitu-kitu wae. Dyah Pitaloka anu masih ngagunakeun pakean panganten milu malakalangan, tandang ka medan perang pikeun mertahankeun negeri jeung harga diri salaku putri Sunda. Sajarah nyatet eta kajadian sabage Perang Bubat (1357). Sempalan resensi novel di luhur, kaasup kana bagian...
Identitas novel
Sinopsis novel
Kaunggulan novel
Kalemahan novel
Mangpaat novel
Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hade. Katangar yen ieu novel teh digarap kalawan ngagunakeun hasil riset nu cukup lengkep. Hal ieu bisa dibuktikeun tina gambaran Perang Bubat nu jadi klimaks carita. Bagian ieu dekeut pisan jeung teu pikaboseneun.
Sempalan resensi novel di luhur ngomentaran unsur...
Tema
Penokohan
Latar
Amanah
Alur
Keur meujeuhna anteng pisan ari gebeg teh ngadenge nu ngetrokan jandela. Angenna rantug deui, inget ka nu nyalinglar tadi tea. Boa nu tadi nyusul ka masigit, ceuk dina hatena.
Tokoh nu digambarkeun di luhur ngabogaan sipat...
Kapokan
Loba kasieun
Talobeh
Leutik hate
Antepan
"Dina rapat poe ieu kuring rek nepikeun informasi yen mudik lebaran dilarang pisan." Tegas Presiden Jokowi ngaliwatan video conference bersama Wakil Presiden Ma'ruf Amin jeung menteri Kabinet Indonesia Maju, di Istana Merdeka Jakarta, Salasa (21/4).
Warta di luhur nepikeun informasi ngeunaan...
Jumlah pasien corona
Vaksin Corona
Larangan mudik
Rapat Presiden
Menteri Indonesia Maju
"Kuring meunangkeun informasi ti pihak rumah sakit yen aya perawat ti RSD Gunung Jati positiv Cobid-19. Hasil eta kaluar dina tanggal 20 April 2020, kuring meunangkeun eta kabar dina salasa peuting." Ceuk Aziz
Warta di luhur ngeunaan...
Pasien Corona
Perawat RSD anu beunang covid
IGD RSD anu disterilkeun
Tes covid-19
JUmlah pasien covid-19
Kiswa Wiriasasmita anu sok ngagunakeun jenengan Kis WS teh, sastrawan Sunda anu muncul sabada perang dunya. Sanjan geus mimiti anclub ka dunya jurnalistik ti mangsa samemeh perang (1939, di Ciamis), tapi ari ngumumkeun karya sastra mah kakara dina sabudeureun taun 1950, mangrupa sajak anu nimbulkeun reaksi ti nu nyumput di satukangeun sandiasma Ki Sunda.
Sempalan biografi di luhur nyaritakeun...
Kiswa Wiriasasmita sabage saurang sastrawan
Ki Sunda salaku sastrawa
Kahirupan dina widang jurnalistik
Karya sastra urang Sunda
Sandiasma saurang sastrawan Sunda
Basa-basana gaul, henteu kaku. Jadi, maca ieu otobiografi karasana betah. Si Tokoh saperti ngajak ngobrol ka urang. Sanajan kandel, aya kana 500 halaman, teu bosen maca ieu otobiografi mah.
komentar ieu loba muji kana aspek...
Tema
Basana
Kandelna
Loba halaman
Penokohan
