NEW
Font size
WorksheetsPAT BAHASA SUNDA KELAS III SEMESTER 2 TAHUN 2020
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Kalimah pananya nu nuduhkeun ‘tempat’ nyaeta ….
Iraha pere sakola?
Dimana Teti meser boneka ucing teh?
Saha ngaran murid anyar di kelas 3?
Pakakas anu diapake nyiuk cai nyaeta...
Pengki
Kored
Gayung
Ngabersihkeun tehel atawa parabot lain nyaeta ngagunakeun.....
Elap
Beusi
Awi
Jamban hartina........
Kamar Mandi
Kamar
Dapur
Dijieuna tina beusi sareng waja, dianggo kanggo ngababad jukut dina galengan. Pakakas anu di pake nyaeta ...
Parang
Gayung
Pengki
Waktos abdi naek ka kelas opat, pas bade dibagi rapot teh abdi seseblakan sieun teu naek. Mangkaning anu nampinage mamah. Abdi bingah pisan waktos abdi di pasihan teurang ku mamah yen abdi teh naek ka kelas opat.
Carita pangalaman anu di luhur nyaeta pangalaman ...
Pikabungaheun
Pikasediheun
Pikasieuneun
Ayeuna rea jajanan anu ngabahayakeun kasehatan.
Rea sarua hartina jeung ….
Loba
Kotor
Beresiih
Kalimah nu ngagunakeun aksara gede nu bener nyaeta ….
Dimana ari Gunung Tangkuban Parahu teh?
Pa Budi mah bumina oge di sumedang.
siska sakola di sd Manonjaya.
Pa Guru: “Desi, ……………………………”
Desi: “Mangga Pa, kaleresan bumi abdi caket sareng bumi Tini”
Kalimah parentah anu saluyu jeung guneman di luhur nyaeta ….
Pangmeulikeun pulpen ka koperasi
Pangmasihkeun buku ka Tini
Pangnyandakeun kantong bapa di kelas
Tita: “Des, kamari mulih ti mana?”
Desi: “….”
Jawaban anu pas dilarapkeun dina guneman di luhur nyaeta ….
Kamari abdi meser sapatu
Kamari abdi teu sakola
Kamari abdi wangsul ti Cipageran
Titenan gambar ieu!
Kalimah wawaran anu saluyu jeung gambar nyaeta ….
Bapa guru nuju marios ulangan murid.
Bapa dokter nembe rengse marios pasen.
Bapa polisi nuju ngantosan pamariosan dokter
Titenan gambar ieu!
Langlayangan bisa ngapung kusabab ayana energi ….
panonpoe
listrik
angin
Ciri kalimah wawaran ditungtungan ku tanda ….
tanya
seru
titik
Wirya jeung Wawan geus jadi …. dalit ti jaman sakola TK keneh.
Kecap anu pas pikeun ngeusian titik-titik diluhur nyaeta ….
sobat
musuh
rai
Sagala rupa parabot imah kiwari geus make listrik, salah sahijina lampu.
Lamun peuting datang lampuna pareum tangtu imah bakal poek ….
caang
mongkleng
pareum
Katempona ukur kertas salambar-salembar
Dibuka dibaca
naon anu katempo ti dinya
urang boga élmu pangaweuruh
Judul anu saluyu keur sajak di luhur nyaeta .....
buku jandela dunya
kertas
élmu
Lengkepan kalimah dihandap ieu!
“Bapa, bilih bade … tos disayogikeun di meja.”
neda
dahar
tuang
Andri papanggih jeung Agung di jalan basa poe Jumaah.
Andri : “Eh, Agung! ….?”
Agung : “Ka masjid bade Jumaahan”
Andri : “Sareng atuh, yu !”
Agung : “Mangga.”
Kecap pananya nu saluyu jeung guneman diluhur nyaeta …
Bade kamana
Tos timana
Hayu
Ngaran cabang olahraga nu make raket jeung bal leutik nyaeta ….
badminton
tenis
maen bal
Pa Tatang angkat ka kantor, abdi …. ka sakola.
Kecap hormat keur sorangan nu saluyu kana kalimat diluhur nyaeta ….
angkat
indit
mios
Istilah pikeun tukang nu sok nyieun barang tina emas nyaeta …
kamasan
kemasan
emas
Mardi sakulawarga keur …. ka Pantai Pangandaran.
emam
pelesir
ngantri
…. nu bade ngiringan pasanggiri pupuh teh?
Kecap pananya nu luyu jeung kalimah diluhur nyaeta ….
saha
dimana
iraha
Pék ku hidep susun kalimah dihandap ieu jadi kalimah nu bener!
energi – tina – nu – atom – nyaeta – nuklir – Tanaga – dihasilkeun
Tanaga energi nyaeta atom nu dihasikeun tina nuklir.
Energi nuklir nyaeta tanaga nu dihasikeun tina atom.
Tanaga atom nyaeta energi nu dihasikeun tina nuklir.
Lengkepan kakawihan dihandap make kecap nu bener!
Oray-orayan
Oray-orayan luar leor mapay sawah
Entong ka sawah, …………… keur sumedeng beukah
Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi ?
Anu mandina pandeuri
sawahna
parena
tutuwuhannana
