wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sajak Sunda Kelas VII

Total questions: 11

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

Sajak asup kana karangan dina wangun......

a)

Ugeran

b)

pupuh

c)

pupujian

d)

mantra

2.

Sajak munggaran medal dina sastra Sunda kira-kira dina taun....

a)

1946

b)

1953

c)

1956

d)

1963

3.

Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...

a)

Konotatif

b)

Denotatif

c)

Majas

d)

gaya basa

4.

Tema dina sajak maksudna ....

a)

Dasar atawa poko pasualan nu ditepikeun dina sajak

b)

Gambaran kaayaan

c)

Gambaran nu karasa, kadenge atawa katenjo, najan ukur dina wangwangan

d)

Kecap nu dipake pikeun ngantebkeun maksud

5.

Keuyeup


Beungeut nyanghareup

Leumpang nyangigir

Beungeut nyanghareup

Ati mungkir


ku: Ganjar Kurnia


Ngagambarkeun naon sajak diluhur?

a)

Keyeup

b)

jalma soleh

c)

jalma munafik

d)

gajah

e)

jalma bangor

6.

Mojang lenjang nu hideung santen

Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten

Upami wengi dipépéndé bulan ngempur

Jungjunan

Upami dugi ka puput umur

Kurebkeun kuring dina pangkonan


Sajak "Priangan" teh ngeunaan ....

a)

Kayaan Alam Priangan

b)

Mojang Priangan

c)

Kabogoh nu asalna ti Priangan

d)

nu hayang geura maot

7.

wirahma nyaeta....

a)

lentong (tarik-halona sora)

b)

sora anu bedas

c)

mimik

d)

suasana

8.

"Aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan"


rasa anu karasa dina sempalan sajak di luhur nyaeta....

a)

gumbira

b)

hade

c)

sedih

d)

prihatin

9.

Hejo pagununganana paul lautan

Taya kamarasan ngan katugeunahan

Hejo pagununganana paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman


Dumasar kana sempalan sajak di luhur, katangen sikep panyajak teh hayang ngabejaan ka nu maca ngeunaan.................

a)

Kaayaan tanah Sunda nu endah, tapi heunteu tengtrem tur loba ancaman

b)

Kaayaan tanah Sunda nu endah tur tengtrem pikabetaheun.

c)

Kaayaan pagunungan anu hejo lembok

d)

Kaayaan alam Sunda anu geus ruksak ku polusi

10.

Nu disebut Pada nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Tungtung sora

d)

Engang

11.

Nu disebut Padalisan nyaeta…………..

a)

Baris atawa jajar

b)

Bait

c)

Tungtung sora

d)

Engang