NEW
Font size
WorksheetsLaporan Kajadian Kelas VIII
Total questions: 10
Worksheet time: 5mins
Laporan kajadian nyaeta..
laporan nu mangrupa kajadian ngeunaan hiji katerangan hal nu ditulis dumasar kana hasil fiksi, imajinasi nu ditulis dina hiji rangkeyan kajadian
laporan nu mangrupa kajadian ngeunaan hiji katerangan hal nu ditulis dumasar kana data, fakta jeung katerangan ngeunaan hiji kajadian
laporan nu mangrupa kajadian ngeunaan hiji katerangan nu ditulis dumasar katerangan ngeunaan hiji kajadian
laporan nu mangrupa katerangan ngeunaan hiji kajadian hal nu ditulis dumasar imajinasi nu ngarang
Laporan kajadian aya rumusan...
2W+1H
3W+2H
3H+2H
5W+1H
Aya sababaraha hal nu dianalisis dina laporan diantarana, iwal...
eusi kajadian
kronologi waktu
kalengkepan data
suasana
Tengetan léngkah-léngkah ieu dihandap:
1) Nyatetkeun hal-hal anu penting
2) Nangtukeun judul laporan
3) Nyusun rangka karangan
4) Nuliskeun laporan sacara kronologis
Susunan léngkah nulis laporan kajadian anu merenah nyaéta…
1,2,3,4
1,3,2,4
1,4,3,2
1,3,4,2
Di antara wacana ieu di handap anu nuduhkeun laporan kajadian téh nyaéta…
Bahasan téh nyaéta tulisan dina wangun lancaran anu ngabahas hiji perkara. Eusina bisa naon waé. Bisa perkara pertanian, ékonomi, atawa masalah social. Biasana dumasar kana fakta-fakta, boh tina panalungtikan boh tina pangalaman sorangan.
Dina ieu kasempetan simkuring ngawakilan kelas VIII seja ngahaturkeun pangwilujeng ka raka-raka kelas IX anu taun ieu lulus sakola. Mugi-mugi baé tiasa neraskeun sakola ka jenjang nu leuwih luhur
Teu téga saenyana kuring téh lamun manéhna kudu balik sorangan. Tapi manéhna keukeuh embung dijajap, da bisa sorangan ieuh cenah. Manéhna tuluy leumpang rumanggieung, saléngkah-saléngkah ninggalkeun gerbang sakola.
Pasanggiri degung marebutkeun piala R.A.A. Wiranata Kusumah digelar di Balai Pengelolaan Taman Budaya Jawa Barat. Éta kagiatan dibuka ku Gubernur Jawa Barat sarta diiluan ku pamilon ti 19 kabupatén/kota. Ari pamilonna aya 27 grup ti SMA jeung SMK sa-Jawa Barat.
Di handap mangrupa conto-conto laporan kajadian/peristiwa, iwal...
Laporan hasil kagiatan
Laporan kagiatan osis
Laporan perjalanan singkat
Laporan laporan ngeunaan guguritan jeung sisindiran
Hal-hal nu kudu diperhatikeun dina nganalisis hiji laporan kajadian nyaéta, iwal...
Ngaregepkeun laporan kalawan gemet
Ngalakukeun cék and ricék kana hal nu dipalaporkeun kalawan détail jeung cermat
Teu nyampuradukkeun antara fakta jeung opini atawa pendapat nu cenderung miboga sifat subjektif
Ngalakukeun latihan sacara terus-terusan.
Ieu kagiatan lalampahan nu ku simkuring caritakeun téh lumangsung dina tanggal 23-24 April 2019. Harita téh kuring jeung babaturan sa-SMP miang rék ngayakeun karya wisata ka basisir Pangandaran.
Ieu kagiatan téh lian ti tujuan keur pelesir ogé mangrupa hiji tarékah pikeun ngawanohkeun siswa kana kondisi alam lingkungan nu sabenerna nu aya patalina jeung pangajaran nu kungsi katarima ku siswa salila diajar di sakola.
Siswa nu milu téh aya kana 300 jelemana. Inditna ngagunakeun 8 beus pariwisata. Babawaan nu dibekel ku kuring kawilang loba, timimiti pakéan keur salin, alat-alat kaperluan mandi, kadaharan jeung inuman keur sakalieun di jalan, nepi ka sendal ogé di bawa, pokona mah babawaan téh sakantong pinuh.
Laporan di luhur téh nyaritakeun lalampahan ka...
Basisir Batu Karas
Basisir Pangandaran
Basisir Kulon Pangandaran
Basisir Grén Kényon
Ieu kagiatan lalampahan nu ku simkuring caritakeun téh lumangsung dina tanggal 23-24 April 2019. Harita téh kuring jeung babaturan sa-SMP miang rék ngayakeun karya wisata ka basisir Pangandaran.
Ieu kagiatan téh lian ti tujuan keur pelesir ogé mangrupa hiji tarékah pikeun ngawanohkeun siswa kana kondisi alam lingkungan nu sabenerna nu aya patalina jeung pangajaran nu kungsi katarima ku siswa salila diajar di sakola.
Siswa nu milu téh aya kana 300 jelemana. Inditna ngagunakeun 8 beus pariwisata. Babawaan nu dibekel ku kuring kawilang loba, timimiti pakéan keur salin, alat-alat kaperluan mandi, kadaharan jeung inuman keur sakalieun di jalan, nepi ka sendal ogé di bawa, pokona mah babawaan téh sakantong pinuh.
Kira-kira sabara urang nu milu karya wisata ka Basisir Pangandaran téh...
250 urang
300 urang
350 urang
400 urang
Lian ti pelesir karya wisata téh mangrupa hiji tarékah pikeun ngawanohkeun siswa kana kondisi alam lingkungan nu sabenerna nu aya patalina jeung pangajaran nu kungsi ditarima di sakola. Ieu hal mangrupa...
Bubuka laporan
Panutup laporan
Tujuan laporan
Tujuan karya wisata
