wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

2020 PAT B.SUN 11

Total questions: 25

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

Kareta anjlok nomor KA 2473 rute Manggarai-Bukit Duri lumangsung di antara Stasiun Manggarai-Sudirman, Rebo (6/4/2019) sakitar jam 15.16 WIB. Akibatna sajumlah perjalanan ka ganggu. Kareta relasi Bogor ka Tanah Abang jeung Jati Negara kitu oge sabalikna pikeun samentara waktu teu bisa dilakukeun.

Kareta Relasi Bogor jeung Bekasi nu nuju ka Jakarta, sabagian ngan ukur bisa dioprasikeun tepi Manggarai jeung sabagian tetep bisa dilanjutkeun perjalanan nepi ka Jakarta-Kota.

“Pikeun nu ngagunakeun jasa anu embungeun nanggoan, bisa ngalakukeun tiket di loket Stasiun jeung di penta ngagunakeun model transportasi lain,” Ceuk Humas PT KCJ Eva Chairunnisa ngaliwatan katerangan nu ditarima tim redaksi koran radar bogor.

Manehana oge menta panumpang merhatikeun kasalametan sewang-sewangan, jeung deui hente maksakeun naek kareta lamun geus pinuh” “Lamun geus pinuh, Mangga dagoan kareta anu salanjutna,” Ceuk Eva.

Eusi warta di luhur téh nyaéta ….

a)

Sajumlah perjalanan ka ganggu akibat kareta anjlok

b)

Kareta anjlok di antara Stasiun Manggarai-Sudirman

c)

Kareta anjlok di antara stasiun Bogor jeung Tanah Abang

d)

Kareta Relasi Bogor jeung Bekasi nu nuju ka Jakarta anjlok

e)

Kareta relasi Bogor ka Tanah Abang jeung Jatinegara anjlok

2.

Di mana kajadian kareta anjlok téh ….

a)

Stasiun Bekasi - Bogor

b)

Stasiun Gambir – Jati Negara

c)

Stasiun Manggarai – Sudirman

d)

Stasiun Manggarai – Bukit Duri

e)

Stasiun Klender – Jati Negara

3.

Iraha kajadian éta kareta anjlok téh ….

a)

Poé rebo sontén

b)

Poé rebo kira-kira tabuh 15.16

c)

Poé rebo tangal 6 April 2019

d)

Poé rebo peuting

e)

Poé rebo isuk-isuk

4.

Akibta kareta anjlok sabagian kareta relasi loba nu katunda, sabagian ngan ukur bisa dioperasikeun nepi ka stasiun ….

a)

Jati Negara

b)

Manggarai

c)

Klender

d)

Bekasi

e)

Gambir

5.

Iber perkara hiji perkara atawa hji hal, boh sawangan, boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, nyaéta ….

a)

Informasi

b)

Béwara

c)

Koalisi

d)

Warta

e)

Iklan

6.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipake ngajawab pananya ….

a)

Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, dimana, kamana, ti mana

b)

Mana, nu mana, dimana, ti mana, kamana, bela mana

c)

Naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

d)

Naon, kunaon, saha, ku saha, mana, dimana

e)

Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha

7.

Anu teu kaasup kana tujuan nepikeun warta ….

a)

Propaganda atawa promosi

b)

Nepikeun beja

c)

Pangajak

d)

Iklan

e)

Lisan

8.

Nu ieu kaasup kana hal nu kudu dilakukeun sangkan bisa nepikeun warta nyaeta ….

a)

Loba némpo nu maca warta

b)

Aktip dina acara sawala

c)

Perhatikeun temana

d)

Ulah éra tatanya

e)

Loba maca

9.

Lead dina warta téh ngandung harti ….

a)

Pamungkas warta

b)

Nu nulis warta

c)

Waruga warga

d)

Bubuka warta

e)

Judul warta

10.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung anjén warta ….

a)

Judul (headline)

b)

Konflik (conflict)

c)

Waktu (timeliness)

d)

Anéh (the unusual)

e)

Aya patali jeung kahirupan balarea (significance)

11.

Jakarta, CNN Indonesia- Organisasi kasehatan Dunia nyaeta yen indonesia kedah nyiapkeun langkung-ati langkung

Sae pikeun ngadamel resiko Virus Corona.aranjeunna hariwang yen indonesia henteu tiasa mendeteksi Virus, sanaos

Nagara tatangga ngalaporkeun sabaraha jalma anu kainfeksi.

Kalimah di luhur kaasup kana unsur warta ….

a)

Where

b)

When

c)

What

d)

Why

e)

Who

12.

Hoyong pamarentah Indonesia ningkatkeun, Monitoring, pangesan sareng sistem persiapan anu sanes dina unggal

Fasilitas kasehatan anu ditunjukkeun pikeun nunggulan Virus Corona.

Kalimat di luhur kaasup kana unsur warta ….

a)

Where

b)

When

c)

What

d)

Why

e)

Who

13.

Pikeun nanyakeun “kayaan” ilaharna digunakeun kecap pananya ….

a)

Naon sabab

b)

Kumaha

c)

Naon

d)

Mana

e)

Naha

14.

Basa lemes keur saluhureun tina kecap “makan”, nyaéta ….

a)

Dahar

b)

Emam

c)

Nyatu

d)

Tuang

e)

Neda

15.

Ragam basa hormat keur batur tina kecap “bawa”, nyaéta ….

a)

Nyandak

b)

Candak

c)

Bantun

d)

Mawa

e)

Bawa

16.

Perhatikeun kecap – kecap di handap ieu.

1. Indit 3. Wangsul 5. Uninga

2. Dahar 4. Poho

Kecap nu kaasup kana basa loma nyaéta …..

a)

1, 2, 4

b)

1, 3, 4

c)

2, 3, 4

d)

2, 4, 5

e)

3, 4, 5

17.

Caritana anu panjang dina wangun lancaran (karangan bebas) nepi ka aya bagianana disebutna ….

a)

Pupuh

b)

Novel

c)

Warta

d)

Artikel

e)

Carpon

18.

Ciri-ciri nu aya dina novel nyaéta, iwal ….

a)

Loba patalukana

b)

Mangsa nu kacatur lila

c)

Kaasup kana wangun lancaran

d)

Jalan caritana loba babagianana

e)

Teu kapanggih saha pangarangna

19.

Ayana novel basa Sunda mimiti di taun ….

a)

1914

b)

1915

c)

1920

d)

1921

e)

1922

20.

Judul novel munggaran dina basa Sunda nyaéta ….

a)

Baruang Kanu Ngarora

b)

Azab dan Sengsara

c)

Sekar Panggung

d)

Budak motekar

e)

Cinta pabeulit

21.

Novel anu eusina ngandung nyaritakeun hal – hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuki dina bagian ahir éta novel, disebut ….

a)

Novel sosial

b)

Novel misteri

c)

Novel rumaja

d)

Novel barudak

e)

Novel kulawarga

22.

Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya mani mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah tacan bisa ngomeh manéh. Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Usman mani kokolopakan palay ka Nyi Rapiah, da sakieu geulisna.

Palaku utama dina sempalan novel di luhur nyaéta ….

a)

Nyai

b)

Usman

c)

Nyai Dampi

d)

Nyai Rapiah

e)

Aom Usman

23.

Kecap datang dina paragraph di luhur, kecap hormat keur sorangana, nyaéta ….

a)

Dongkap

b)

Sumping

c)

Balik

d)

Mios

e)

Indit

24.

Kecap kokolopakan dina paragraph di luhur ngabogaan harti ….

a)

Kapincut bakat ku hayang

b)

Bahan pibakaleun

c)

Boga pangabutuh

d)

Néangan duit

e)

Barang bawa

25.

“Ih lain kitu Embi eta baé Embi langkung uninga, kapan kuring rék lakian. Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu baréto, da ku Abah ogé burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan ari éta menak ka somah téh sok nyecepo, ngarurujit. Ayeuna mah lajengkeun baé, sugan jaga di ahérat bisa tepang sukma padasukma. Ari ieu lelepen lain teu nuhun, ngan kuring risi, bisi kauninga ku sepuh, saé haturkeun deui baé.”

Latar tempat dina paragraph di luhur, nyaéta ….

a)

Di pasar

b)

Di pipir imah

c)

Di imah Nyi Dampi

d)

Di imah Nyi Rapiah

e)

Di imah Aom Usman