wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda - Tema 5 Wirausaha

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber), nu tujuanana keur ngumpulkeun informasi disebutna ....

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

talkshaw

d)

ngawangkong

2.

Ieu di handap rupa-rupa wawancara, iwal ....

a)

wawancara wartawan

b)

wawancara panalungtikan

c)

wawancara lamaran gawe

d)

wawancara tugas sakola

3.

Wawancara anu tujuanana ngumpulkeun informasi pikeun bahan warta/berita disebut ....

a)

wawancara wartawan

b)

wawancara panalungtikan

c)

wawancara lamaran gawe

d)

wawancara tugas sakola

4.

Aya sawatara hal nu perlu diestokeun lamun urang rek ngayakeun kagiatan wawancara, iwal ....

a)

muguhkeun informasi naon nu rek dikumpulkeun

b)

nangtukeun saha nu rek diwawancara

c)

nangtukeun lilana ngawawancara

d)

nyusun padoman wawancara

5.

Wawancara nu tujuanana ngumpulkeun data pikeun bahan olaheun, nyaeta wawancara anu dilaksanakeun ku ....

a)

wartawan

b)

panalungtik

c)

nu ngalamar gawe

d)

pausahaan

6.

Kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal, barang, atawa kaayaan ka jalma lian tur miharep jawaban disebut ....

a)

kalimah pagawean

b)

kalimah parentah

c)

kalimah pananya

d)

kalimah bilangan

7.

Kalimah pananya biasana sok ditungtungan ku tanda ....

a)

panyeluk

b)

pananya

c)

titik

d)

koma

8.

Kecap pananya nu fungsina pikeun nanyakeun jalma nyaeta ....

a)

saha

b)

mana

c)

naon

d)

kumaha

9.

Kecap pananya nu fungsina pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan nyaeta ....

a)

saha

b)

mana

c)

naon

d)

kumaha

10.

Kecap pananya nu fungsina pikeun nanyakeun harga, jumlah atawa bilangan nyaeta ....

a)

mana

b)

naon

c)

kumaha

d)

sabaraha

11.

Istilah perdagangan anu hartina dijual ka luar negeri nyaeta ....

a)

ekspor

b)

impor

c)

komisi

d)

konsinyasi

12.

Buruh barangjual anu gede hargana disebutna ....

a)

bati

b)

untung

c)

komisi

d)

modal

13.

Elos nyaeta ....

a)

warung gede, biasana aya sisi jalan gede, nu ngajual rupa-rupa dagangan

b)

wawangunan tempat dagang

c)

tempat jual beuli anu merenah

d)

wawangunan panjang teu dibilikan (bolongor), paranti neundeun barang dagangan

14.

Bagian toko/warung beulah hareup atawa tukang nu teu kakurung ku bilik, paranti ngiuhan disebutna ....

a)

emper

b)

elos

c)

toko

d)

pasar

15.

Jual titip, nitipkeun barang dagangan ka agen atawa jalma sejen dibayarna pandeuri disebut ....

a)

balantik

b)

keketrekan

c)

konsinyasi

d)

padurega

16.

Diajar wirausaha mah kudu sabar, ulah bosenan, ceuk paribasa oge ....

a)

disuhun dina embun-embun

b)

cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

c)

bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak, kukumpul ti lelembut, geus gede ngan kari make

d)

hayang nyapek kudu ngopek

17.

Kudu daek digawe atuh ari hayang barangdahar mah, lamun ....

a)

ngadek sacekna, nilas saplasna

b)

hayang nyapek kudu ngopek

c)

disuhun dina embun-embun

d)

ulah kumeok memeh dipacok

18.

Hade tata hade basa hartina ....

a)

hade goreng bebeja heula

b)

alus rengkah paripolahna jeung budi basana

c)

berita gancang nerekabna bari sok ditambahan

d)

jalma anu rea pangalamanana

19.

"Legok tapak, ..." Tuluyanana nyaeta ....

a)

rea julang

b)

jero kadek

c)

rea pangabisa

d)

genteng kadek

20.

Duit komisi teh ditarimakeun bungaheun pisan.

Paribasa nu merenah pikeun kalimah di luhur nyaeta ....

a)

ulah kumeok memeh dipacok

b)

disuhun dina embun-embun

c)

hanyang nyapek kudu ngopek

d)

ngadek sacekna nilas saplasna