wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT 2020 BAHASA SUNDA KELAS 8 SMPIT IMAN

Total questions: 25

Worksheet time: 6hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Kawih nyaeta....

a)

karangan panjang nu ditulis dina wangun pupuh

b)

rakitan basa sabangsa danding nu teu make patokan pupuh

c)

carita rekaan nu mere kesan pamohalan tur pondok

d)

karangan pondok nu ditulis dina wangun pupuh

2.

Judul kawih nu ngandung sumanget nasionalis nyaeta...

a)

Karatagan Pahlawan

b)

Panon Hideung

c)

Peuyeum Bandung

d)

Bubuy Bulan

3.

Kakawihan tangtu beda jeung Kawih. Kakawihan nyaeta...

a)

nikukur

b)

nurutan

c)

niru-niru pupuh

d)

niru-niru kawih

4.

Kakawihan sok dihaleuangkeun ku ...........nalika arulin.

a)

barudak

b)

bapa-bapa

c)

ibu-ibu

d)

kokolot

5.

Nu kaasup judul kakawihan nyaeta....

a)

Panon Hideung

b)

Papatong

c)

Ucang-ucang Angge

d)

Mawar Bodas

6.

Sisindiran nyaeta....

a)

karya sastra dina wangun ugeran

b)

karya sastra dina wangun bebas

c)

karangan panjang nu make patokan pupuh

d)

karangan pondok nu make patokan pupuh

7.

Di handap ieu nu teu kaasup wangun sisindiran nyaeta...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Kakawihan

8.

Lamun hayang nyieun pager, kudu daek mawa paku

Lamun hayang jadi pinter, kudu daek..............

a)

mawa palu

b)

mawa cau

c)

mawa buku

d)

mawa sapu

9.

Aya manuk dina pager,

Na sukuna aya bola.

Lamun urang hayang pinter,

Kudu getol ......................

a)

ka musola

b)

ka lapang bola

c)

ka pasar

d)

ka sakola

10.

Alat pikeun ngajak ngobrol

tong sok nganyerikeun hate

Eusi wawangsalan di luhur nyaeta...

a)

hape

b)

tivi

c)

kompor

d)

kalkulator

11.

Guguritan nyaeta.............

a)

rakitan basa sabangsa danding nu teu make patokan pupuh

b)

karya sastra dina wangun ugeran

c)

karangan pondok dina wangun pupuh

d)

karangan panjang dina wangun pupuh

12.

Eusi guguritan mangrupa....

a)

banyol barudak

b)

bewara

c)

biantara

d)

hiji kajadian, kaayaan atawa poko pikiran

13.

Pupuh nu biasa dipake dina guguritan nyaeta....

a)

kinanti, sinom, asmarandana, balakbak

b)

kinanti, magatru, asmarandana, dangdanggula

c)

pucung, sinom, asmarandana, dangdanggula

d)

kinanti, sinom, asmarandana, dangganggula

14.

Nu teu kaasup aturan dina guguritan nyaeta....

a)

pada

b)

padalisan

c)

guru wilangan

d)

guru sakola

15.

Pupuh dibagi 2 (dua) nyaeta....

a)

sekar ageung jeung rampak sekar

b)

sekar alit jeung sekar ageung

c)

anggana sekar jeung sekar ageung

d)

anggana sekar jeung rampak sekar

16.

Nu kaasup pancen panata acara nyaeta....

a)

muka, nutup jeung ngatur acara

b)

masang panggung

c)

masang speker

d)

mere pamapag

17.

Salah sahiji mangpaat lamun jadi panata acara nyaeta...

a)

pikeun pamer ka batur

b)

mertahankeun pamadegan

c)

ngalatih mental hareupeun jalma rea

d)

bisa nurutan batur

18.

Dina hiji acara, ngaoskeunayat suci Al-Qur'an sok aya dina....

a)

bubuka acara

b)

puncak acara

c)

panutup acara

d)

acara tambahan

19.

Mintonkeun bintang tamu dina hiji acara, ilaharna aya dina...

a)

bubuka acara

b)

puncak acara

c)

panutup acara

d)

tambahan acara

20.

Dina panutup acara, biasana sok didugikeun....

a)

pamapag (sambutan)

b)

wejangan (nasehat)

c)

bewara pinujul

d)

du'a panutup

21.

Carita pondok atawa carpon, biasana hasil imajinasi pangarangna tapi teu saeutik nu nyokot tina...

a)

pangalaman pangarangna

b)

impian

c)

rekaan

d)

cita-cita

22.

Gelarna carpon dina sastra Sunda nyaeta dina awal abad ka-20, kurang leuwih taun....

a)

1910

b)

1920

c)

1930

d)

1940

23.

Majalah jeung koran Sunda nu midangkeun carpon-carpon Sunda nyaeta....

a)

Galura jeung Republika

b)

Giwangkara jeung Intisari

c)

Cupumanik jeung Media Indonesia

d)

Mangle jeung Galura

24.

Buku kumpulan carpon nu geus medal bihari nyaeta....

a)

Sawidak Carita Pondok

b)

Ayat-ayat Cinta

c)

Layar Terkembang

d)

Di Bawah Lindungan Ka'bah

25.

Nu teu kaasup unsur instrinsik carita pondok nyaeta...

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

kandel buku