NEW
Font size
WorksheetsPenugasan Akhir Tahun (Bahasa Sunda)
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
INDONESIA
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai
Kakayon, tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Petetan, ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela, piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo panarengan ngarangrangan teu kariksa
Kecap gemah ripah loh jinawi hartina ....
Pamingpin jeung rahayatna sehat tur waluya
Raharja sejahtera mukti lahir jeung batinna
Daun jeung tangkal muguran, rek paeh
Cai nu cicing, upamana di balong atawa dano
Dina kawih disebutkeun Indonesia nu hejo lembok, hartina loba leuweung di Indonesia diantarana....
Santolo jeung Pangandaran
Citanduy jeung Citarum
Sancang jeung Pamancar
Galunggung jeung Pangrango
Basisir Santolo pernahna teh aya di....
Tasikmalaya Kulon
Ciamis Wetan
Garut Kidul
Banjar Patroman
Basisir Santolo teh kaasup salah sahiji tempat anu cocog pikeun tempat niis ngabrangbrangkeun pikir kusabab....
tempatna asri jeung alamna asli kénéh
tempat wisata na geus nyampak
ramé loba nu ngadon piknik
oba tempat anu bisa dipaké kémp
Basisir Cilauteureun kaasup basisir anu unik, sabab....
tempatna lega tur laluasa jeung bisa dipaké kémping
didinya aya muhara anu walunganana patepung jeung laut
fasilitas wisata anu nyampak di basisir kaitung lengkep
alamna masih asri jeung asli keneh, Caina hejo semu bulao
Tempat kaluarna cai tina jero taneuh. Sok disebut oge cinyusu. Istilah geografisna nya éta....
mumunggang
séké
geger
jojontor
Tanah anu ngoblong kosong. Biasana sok dipake ngangon domba atawa munding.Disebut....
lamping
pasir
lengkob
tegalan
Kikisik hartina....
kaurus
keusik di basisir
ditempuh
ngumpul sarerea
Pikeun ngajawab no 9 – 10, prak baca sajak di handap ieu!
Situ Paténggang
Dinten Minggu kalangkung
Abdi diajak piknik ku mamah
Ka Situ Paténggang
Pun adi ogé ngiring
Mios ti Cicaléngka tabuh tujuh
Dina beus saruka bungah
Seueur ogé anu ngiring
Réréncangan damel mamah
Mung dua jam di jalanna
Tabuh salapan tos dugi
Kapegat macét sakedap
Payuneun Pasar Ciwidéy
Situ Paténggang éndah pisan
Matak betah titingalan
Hawana teuing ku seger
Teu acan keuna polusi
Jumlah pada dina sajak “ Situ Paténggang” nya éta....
16
8
10
4
Situ Paténggang hawana seger, kusabab....
teu acan keuna polusi
éndah pisan kaayaanana
kapegat macet di jalanna
seueur anu ngadon piknik
Titénan sempalan sajak di handap ieu!
Ayeuna mah kabuyutan geus jadi pangulinan
Cinyusu na dapuran awi jadi sayang beurit
Tangkal lamé jeung kiara kari tunggulna
Rungkun jeung sora sasatoan kari na implengan
Sempalan sajak di luhur lamun dirobah jadi wangun lancaran, nya éta....
Ari dina jaman ayeuna mah kabuyutan teh geus jadi pangulinan.Cinyusu dina dapuran awi kiwari jadi sayang beurit,atuh tangkal lamé jeung kiara kari tunggulna, komo sora sasatoan mah ngan kari implengan.
Kabuyutan teh tempat paranti beurit nyayang,didinya loba pisan tangkal lamé jeung kiara,malahan loba sasatoan nu baretaheun hirup didinya. Ti mimiti ucing,anjing, jeung sasatoan nu liaana.
Loba cinyusu jeung dapuran awi di hiji tempat nu ngaranna kabuyutan. Nu baheulana kabuyutan teh tempat pangulinan, ayeung geus robah mangfaatna geus jadi tempat beurit nyieun sayang jeung nganak didinya.
Di cikabuyutan,pabalatak tangkal lamé jeung kiara. Sasatoan laliar didinya.Beurit ngarinumna dina cinyusu anu aya di cikabuyutan. Tungtungna Cikabuyutan lain tempat ulin tapi tempat sayang beurit.
Harita poé Ahad. Iman jeung babaturanan rek ngaliwet di saung sawah.Maranehna merekel béas, peda, jeung sambel tarasi nu dibungkus ku daun cau meunang ngaleumpeuh.
Kecap ngaleumpeuh dina kalimah di luhur hartina nya éta...
Ngadeangkeun daun cau supaya leuleus.
Ngadéangkeun daun cau supaya garing
Moékeun daun cau supaya heunteu heuras.
Moékeun daun cau supaya heunteu aya caian.
Di tengah sawah paragpag bebegig nu dijieun tina calana atawa baju butut anu geus teu kapaké.
Kecap bebegig dina kalimah di lluhur hartina nya éta...
Jejelemaan pikeun nyingsieunan nu rek maling paré.
Jejelemaan pikeun nyingsieuna manuk di sawah.
Jejelemaan pikeun nyingsieunan beurit di sawah.
Jejelemaan pikeun nyingsieunan oray di sawah.
Pék baca sempalan carita pondok di handap ieu!
Tunggu Paré
Unggal poé sanggeus balik sakola, Iman indit ka sawah rék nungguan paré nu keur beuneur héjo. Sabab mun teu ditungguan teh paréna sok rawing dihakanan manuk. Tampolana sok tinggal sapuna wungkul. Manuk abreng-abrengan kayaning piit, ékék,bondol,tikukur, jeung réa-réa deui.
Sempalan carita pondok di luhur bisa di robah jadi wangun sajak, salahsahiji wangun sajak nu saluyu jeung sempalan carpon di luhur,nya éta...
Unggal poé sanggeus balik sakola
Iman indit ka sawah rék maén langlayangan
Di sawah keur meumeujeuhna loba angin
Jadi resep pisan mun dipaké ulin langlayangan.
Unggal poé sanggeus balik sakola
Iman indit ka sawah rek ngaliwet
Bari nempo manuk nu abreng-abrengan
Kayaning piit, ékék,bondol,tikukur.
Unggal poé sanggeus balik sakola
Iman indit ka sawah rék nempo manuk
Resep pisan bakat ku loba manukna
Manukna di paraban ku pare.
Unggal poé sanggeus balik sakola
Iman indit ka sawah rék nungguan paré
Sabab paréna rawing dihakanan ku manuk
Kayaning manuk piit, ékék, bondo,tikukur.
Pikeun ngajawab no 15-16, baca sajak di handap ieu!
Leuweung Kuring
Baheula mah leuweung téh geueuman
Réa pantangan bisi kuma onam
Réa di pegung bisi kasarung
Réa jeung réa deui nu matak inggis ku bisi
Ayeuna mah kabuyutan geus jadi pangulinan
Cinyusu na dapuran awi jadi sayang beurit
Tangkal lamé jeung kiara kari tunggulna
Rungkun jeung sora sasatoan kari na implengan
Malah geuning kiwari mah nu geledegan teh lain leuweung
Tapi haté jelema nu teu méré ka alam engké
Sagala diruksak
Sagala digalaksak
Pamali geus teu matri
Iwal mun alam geus mudalkeun kaceuceubna
Niban ka dirina
Eusi sajak leuweung kuring nyaéta....
Alam nu geus ruksak, digalaksak ku jelema
Leuweung jadi endah, tempat pangulinan
Haté jelema nu mikacinta ka alam
Ruksakna alam balukar loba beurit
Wangun lancaran nu saluyu jeung pada kahiji dina sajak leuweung kuring nyaéta...
Leuweung téh pikareuseupeun. Loba jalma nu ngaradon piknik. Balakécrakan bari nempo pamadangan nu éndah.
Baheula mah dileuweung teh ceuk dongéng sok aya buta héjo,nu kabeukina ngadahar daging budak nu leutik kénéh.
Baheula mah leuweung téh pikakeueungeun, réa pantangan bisi kumaonam. Réa pisan nu matak inggis ku bisi.
Leuweung baheula béda jeung leuweung ayeuna.Baheulamah di leuweung loba sasatoan garalak, ayeuna mah heunteu.
Pikeun ngajawab soal no 17-18, baca bacaan di handap ieu!
Kadaharan anu Séhat
Unggal jalma perlu dahar. Sangkan urang boga tanaga pikeun hirup. Jalma anu kurang dahar sok langlayeuseun. Loba dahar oge jadi heunteu séhat. Dahar anu alus mah, anu meujeuhna,ulah kurang,ulah seubeuh teuing,komo lamun nepi ka kamerekaan mah.
Kadaharan anu séhat téh nyaéta kadaharan anu beresih sarta ngandung gizi, protein, atawa vitamin. Beresih tina kokotor atawa kuman jeung bibit panyakit lianna.
Barangdahar ku dahareun anu ngareunah rasana.
Dahareunana meunang meuli ti supermarket kasohor
Anu meujeuhna,ulah kurang,ulah seubeuh teuing.
Anu loba ngandung gizi,protein, jeung vitamin.
Ari kadaharan nu sehat mah nyéta...
Kadaharan anu hargana mahal jeung di bungkus ku plastik.
Kadaharan anu ngandung gizi jeung beresih tina bibit panyakit.
Kadaharan anu asalna tina sayuran alami bebas pestisida
Kadaharan anu loba di jual di pasar-pasar tradisional.
Titenan daftar kadaharan di handap ieu!
es krim, coklat, es soda, permen, mie baso, buah mangga, es jeruk, sambel
Kadaharan di luhur, nu matak nyeri huntu,nya éta....
es krim, coklat, jeung permen
es soda, mie baso, jeung sambel
es jeruk, sambel,jeung buah mangga.
permen, buah mangga,jeung mie baso.
Titenan daftar ngaran rupa-rupa lauk!
lauk emas, lauk paus, cumi-cumi, gurame, hiu, lélé, lobster, hurang, lumba - lumba, bogo
Ngaran lauk di luhur nu kaasup lauk cai tawar, nyaéta....
gurame, cumi-cumi, jeung bogo
lauk emas, gurame, jeung lélé
lobster,cumi-cumi, jeung lumba-lumba
hurang, hiu, jeung lauk paus
Jaki keur ngobrol jeung Teh Nurul, lanceukna. Jaki nétélakeun, yen di sakolana aya UKS. Lamun aya murid anu gering sok dibawa ka UKS.
Kalimah nétélakeun nu bener, nya éta....
Ceuk Jaki,” Teh Nurul, saur Pa Guru upami aya murid anu teu damang, kedah dilandongan diUKS.”
Ceuk Jaki,”Teh Nurul, di sakola abdi aya UKS. Upami aya murid anu teu damang,sok dibantun ka UKS.”
Ceuk Teh Nurul, “ Jaki, di sakola teteh seueur murid nu janten dokcil,tugasna ngabatosan murid nu udur di sakola.”
Ceuk Teh Nurul,” Jaki, di sakola teteh aya UKS,.Upami aya murid anu teu damang,sok dibantun ka UKS.”
Di handap ieu aya kalimah wawaran. Nulis kalimah wawaran nu bener, nya éta...
ayeuna Dani geus kelas tilu
Ayeuna Dani geus kelas tilu!
Ayeuna Dani geus kelas tilu.
Ayeuna Dani geus kelas tilu?
Mah - ieu – poé - ulangan – euweuh
Susunan kalimah nu bener, nya éta....
Poé ieu mah euweuh ulangan
Euweuh ulangan ieu poé mah
mah poé ieu euweuh ulangan
Ulangan euweuh poé ieu mah
Pikeun ngajawab soal no 24-25, baca bacaan di handap ieu!
Diudag Tsunami
Ngaranna Undang Haerudin. Umurna 12 taun. Manehna téh urang basisir kidul. Ngaran lemburna Bulakbenda, Désa masawah, Kacamatan Cijulang, Ciamis. Waktu kajadian tsunami , Undang keur aya di pangangonan.
Sanajan lemburna ancur, ratusan urang jadi korban, alhamdulillah, manehna mah salamet. Kumaha kajadianana harita, Undang Haerudin nyaksian pisan. Kieu cenah caritana téh:
Harita kira-kira pukul lima sore, Undang nénjo aya ombak gedé. Kusabab ari ombak laut kidul, apan sohor pisan galedéna, diaggapna téh kajadian biasa. Ari hég teh teu kungsi lila kadéngé aya nu ngagorowok, Tsunami! Tsunami! Tsunami!” cenah.
Ukur memenitan, ombak geus nyéréd ka sisi lembur. Nuturkeun batur, manéhna gancang lumpat, ngajauhan basisir. Kungsi rek nyalametkeun sapi, tapi nempo cai sakitu tarikna, manéhna milih buru-buru kabur.
Numutkeun bacaan di luhur, basa aya ombak gedé, asalna mah heunteu ngarasa anéh, kusabab....
Ombak tinggarulung teh matak pikaresepeun.
Ombak Laut Kidul kasohor galedéna
Ari geus tabuh lima,ombak sok jadi galedé
Tamba keselsok ngabandungan polah ombak
Nu ngalantarankeun Undang teu tulus nyalametkeun sapina, nya éta....
Sapina cicing wae teu daekeun ingkah
Undang sieuneun nempsapina ngamuk
Undang nempo cai sakitu tarikna
Kahalangan ku ombak nu tinggarulung
Tamba kesel manehna ngabandungan polah ombak tinggarulung ti tengah ka sisi. Nepi ka sisi balik deui ka tengah. Kitu jeung kitu baé matak resep.
Kecap resep mun dirarangkenan ku rarangken barung pika-eun, nya éta....
pikareuseupeun
reseupeunka
pireuseupeun
pikareuseupna
Teh Aneu meuli kaen ... ti Pasar Baru.
Pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nu bener, nya éta....
baju
bajueun
bajuna
pibajueun
Nulungan Tukang Beca
Tabuh satengah tujuh isuk-isuk kuring indit kasakola. Palebah tikungan,katenjo aya budak meuntas. Manehna teu luak-lieuk heula. Mangkaning ti hareupaya béca keur mengpeng tarik pisan, kawantu jalanna mudun. Untung bé kaburu kagiwarkeun. Budak mah salamet, ngan bécana ngaleong kasisi . Atuh jedak waé nabrak pager awi nepi ka ucutan. Bécana tijumpalik. Anu tumpakna tikusruk.
Numutkeun bacaan diluhur, beca ngagaléong kusabab....
jalanna mudun, bécana mengpeng tarik
ngagiwarkeun meh teu nabrak budak
nabrak pager awi nepika ucutan.
anu tumpakna tikusruk nepika jontowor tarangna.
Pikeun ngajawan no 29-30, baca bacaan di handap ieu!
Hanjuang di Kutamaya
Anu disebut Sumedang ayeuna,baheula mah Karajaan Sumedang Larang. Puseur dayeuhna di sebut Kutamaya. Ari anu jadi rajana nya éta Pangeran Geusan Ulun, turunan Raja Pajajaran anu kateulah Prabu Siliwangi. Malah bisa disebutkeun yén Sumedang Larang teh minangka gaganti Pajajaran, sabab Makuta Prabu Siliwangi ragragna ka Pangéran Geusan Ulun.
Kakocapkeun , dina hiji poé,Embah Jaya Prakosa meunang laporan yén pasukan Cirebon geus katempo ngaleut rék ngarurug Dayeuh Sumedang.harita kénéh opat sénapati ngayakeun rundingan, dipingpin ku Embah Jaya Prakosa, pikeun nyegat musuh sangkan teu kebat asup ka dayeuh. Pangna kitu téh sabab lamun perangna di jero dayeuh geus pasti bakal loba lembur anu ruksak sarta rahayat anu jaradi korban.
Sumedang Larang dianggap gaganti Pajajaran, lantaran....
Pangéran Geusan Ulun turunan Raja Pajajaran
ayana di wewengkon urut Karajaan Pajajaran
ayana opat sénapati anu asalna ti Karajaan Pajajaran
makuta Prabu Siliwangi ragragna ka Pangéran Geusan Ulun
Opat sénapati nyegat musuh sangkan teu asup ka jero dayeuh, lantaran...
bisi loba rahayat anu jadi korban
éra ku rahayat dina éléhna ku musuh
ambéh leuwih laluasa dina perangna
méré kasempetan ka rajana pikeun kabu
