NEW
Font size
WorksheetsEvaluasi Materi Kawih Kelas VIII
Total questions: 20
Worksheet time: 11mins
Rumpaka lagu nu dihaleuangkeun, biramana/ketukanana panceg tur teu kauger ku patokan pupuh disebut....
kawih
kakawihan
tembang
pupujian
Bubuy bulan sanggray béntang
Panonpoé disasaté
Unggal bulan abdi téang
Unggal poé ogé hadé
Kawih di luhur téh rumpakana ngagunakeun puisi ....
sair
puisi bébas
sisindiran
pupuh
Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu disebut kakawihan. Saenyana mah éta-éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé kakawihan mah biasana dihaleuangkeunana téh ....
dipirig ku gamelan
teu dipirig ku gamelan
di buruan
bari ulin
Mana ieu di handap anu teu kaasup kana golongan kakawihan?
Trangtrang Koléntrang
Eundeuk-eundeukan
Lalamunan
Oray-orayan
Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....
lemah cai
kabogoh
indung bapa
kaendahan alam
Nu ngumbara suka betah di Tatar Sunda, lantaran .......
urang Sunda Balageur
tanahna lega
tanahna subur
pendudukna loba
Anu di maksud seuweu Padjajaran dina eta rumpaka kawih teh nya eta ........
Prabu Siliwangi
anak raja
sakumna urang Sunda
urang Sunda baheula
Lagu "Mojang Priangan" teh eusina nyaritakeun ......
Kaendahan alam
nyaah ka sasama
nyaah ka lemah cai
pasipatan jalma
Lagu "Mojang Priangan" teh ngagambarkeun mojang anu .....
daekan
someah
judes
centil
Peuyeum Bandung teh mangrupa kadaharan ....
oleh-oleh ti Bandung
nu ngan aya di Bandung
kabeuki urang Bandung
anu ngan dijual di Bandung
Peuyeum Bandung dijieunna tina ......
ketan
Cau
sampeu
beas
Ieu di handap anu teu kaasup kana lagu sunda nya eta
Sisindiran
Kawih
Kakawihan
Tembang
Ieu di handap conto kawih nya eta
Maskumambang
Cianjuran
Jurudemung
Papatong
Kecap bebedil mangrupa kecap rajekan.....
Dwipurwa
Dwimadya
Dwireka
Dwimurni
Ieu di handap conto kecap rajekan dwireka nya eta...
Luas-leos
Hiji-hiji
Sababaraha
Jajalmaan
- Tetenong
- Bubujang
- Tutulung
- Bebedil
Kecap anu lain rajekan nya eta...
1
2
3
4
Kecap rajekan anu dibalikan deui 3 kali wangun dasarna nya eta...
Dwireka
Dwilingga
Trilingga
Trireka
Nu teu kaasup kana conto kecap rajekan nya eta....
papanting
papanggungan
tatajong
blag-blig-blug
Nu kaasup kana conto kecap rajekan dwimadya nya eta....
sapeupeuting, sababaraha
beberes, tatajong
dar-der-dor, plak-plik-pluk
bulak-belok, sura-seuri
Gambar di luhur nya eta gambar papatong. Papatong kaasup kana conto kecap rajekan....
dwipurwa
dwimurni
semu/titiron
dwimadya
