wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda-Rumpaka Kawih

Total questions: 10

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Puisi anu sok dilagukeun Atawa dikawihkeun disebut...

a)

Kawih

b)

Kakawihan

c)

Rumpaka Kawih

d)

Tembang

2.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

3.

Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan

a)

4

b)

6

c)

8

d)

10

4.

Umat imut lucu

Sura seuri nyari

Larak-lirik keupat

Rumpaka diluhur dicutat tina judul kawih

a)

Es Lilin

b)

Tanah Sunda

c)

Mojang Priangan

d)

Karatagan Pahlawan

5.

Kecap umat-imut, sura-seuri, Jeung larak- lirik kaasup kecap rajekan

a)

Dwi Reka

b)

Dwi Purwa

c)

Dwi Madya

d)

Tri lingga

6.

Lengkepan rumpaka kawih ieu!

Berjuang keur lemah cai

......................................

Taya basa menta pamulang tarima

Ikhlas rido keur korban merdeka

a)

Lali rabi tur tegang pati

b)

Lali rabi tur tega pati

c)

Cadu mundur pantrang mulang

d)

Lila rabi tur tega pati

7.

Nu kaasup conto kawih modern nyaeta

a)

Tanah Sunda

b)

Peuyeum bandung

c)

Budak jalanan

d)

Karatagan Pahlawan

8.

Kawih nu eusina nyaritakeun hiji budak anu teu apal Kana kaayaan indung bapa, Aya Dina judul kawih....

a)

Jang

b)

Budak saha

c)

Dimana ieu

d)

Budak jalanan

9.

Anu nyiptakeun kawih "Jang" nyaeta....

a)

Darso

b)

Kustian

c)

Mang Koko

d)

Oon B

10.

"Bororaah hayang sura-seuri. Sapopoe Kuring sasapu bari meresan buku-buku.", Conto kecap rajekan Dwi Madya Tina kalimah diluhur nyaeta

a)

Sura-seuri

b)

Sapopoe

c)

Sasapu

d)

Buku-buku