NEW
Font size
WorksheetsPH Bahasa Sunda Kelas 6 Pangajaran 1 (Nyalametkeun Mahluk)
Total questions: 20
Worksheet time: 3600secs
Latar tempat dina carita di luhur nya éta ....
Bandung
Sumedang
Garut
Kuningan
Tema dina carita di luhur nya éta ....
Kasenian Kuda
Kamonésan Kuda
Kuda Rénggong
Kuda Ngigel
Anu kaasup unsur-unsur carita dina carpon nya éta ....
Galur
Wirahma
Artikulasi
Intonasi
Hal anu bisa dilenyepan tina eusi carita disebut ....
Téma
Palaku
Latar
Amanat
Carpon Sunda mimiti dimuat di majalah dina taun 1920. Ari ngaran majalahna nya éta ....
Pasundan
Pananjung
Parahyangan
Purbasari
Kumpulan carpon nu judulna Carita Biasa mangrupakeun karya ti R.A.F. R.A.F mangrupakeun singkatan tina ....
Randi Aditya Affandie
Rohman Andika Firmansyah
Rachmatullah Ading Affandie
Rudi Anwar Fuad
Anu kaasup panulis Sunda nya éta ….
WS Rendra
Sapardi Djoko Darmono
Godi Suwarna
Taufik Ismail
Kumpulan carpon "Kanyaah Kolot" karya ....
Yus Rusyana
Duduh Durahman
Aam Amilia
Karna Yudibrata
Anu ngabédakeun carpon jeung novel nya éta ....
jalan carita dina carpon leuwih loba
palaku dina carpon loba
Waktu kajadian dina carpon sakeudeung
Latar dina carpon loba
Kecap nu maké rarangkén tengah nya éta ....
pinter
budak
sehar
aramis
Kecap "bodas" lamun ditambahan maké rarangkén tengah -ar- jadi ....
barodas
bararodas
boardas
bodasan
Kecap pananya "iraha" dipakéna pikeun nanyakeun ….
alesan
barang
waktu
jumlah
Kecap pananya sabaraha dipakéna pikeun nanayakeun ….
barang
jumlah
cara
sabab
Lamun hayang nanyakeun ngeunaan "hiji hal" urang bisa ngagunakeun kecap pananya ....
di mana
saha
naon
kumaha
Lamun hayang nanyakeun ngeunaan "jalma" urang bisa ngagunakeun kecap pananya ....
saha
di mana
kunaon
naha
“... sangkan urang bisa nulungan manuk éta?”
Kecap pananya nu cocok keur kalimah pananya di luhur nya éta ….
Saha
Naon
Naha
Kumaha
“Mira téh sakolana geus kelas VI.”
Kalimah pananya nu cocok keur éta jawaban, nya éta ….
Di mana Mira sakola?
Sok kana naon Mira indit sakola?
Kelas sabaraha Mira téh sakolana?
Saha babaturan Mira?
"Bumi Rudi ayana di Jalan Wastu Kancana caket sareng Rumah Sakit Umum".
Kalimah pananya nu cocok keur eta jawaban nya éta ....
Saha nu bumina di Jalan Wastu Kancana?
Kumaha carana ameng ka bumi Rudi?
Di mana Rumah Sakit Umum téh?
Di mana bumina Rudi téh?
"Abdi kamari teu ngiring liburan ka Bandung, kumargi teu damang."
Kalimah pananya nu cocok keur éta jawaban nya éta ....
Kamana liburanna?
Di mana liburanna?
Sabaraha ongkos ka Bandung?
Kunaon manéh kamari teu ngiring ka Bandung?
Di handap ieu kalimah pananya nu panulisanna bener nya éta ….
sabaraha harga pulpén éta?
Saha nu badé liburan ka bandung?
Dimana Randi mésér buku
Kunaon Yuni teu sakola?
