Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

pengayaan Bahasa Sunda 8

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Puisi anu sok dilagukeun Atawa dikawihkeun disebut...

a)

Kawih

b)

Kakawihan

c)

Rumpaka Kawih

d)

Tembang

2.

Es lilin mah didorong-dorong

Dibantun mah dibantun ka Sukajadi

Abdi isin dunungan samar kaduga

Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Rumpaka Kawih Es lilin ngagunakeun Wangun...

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Wawangsalan

d)

Sisindiran

3.

Rumpaka kawih Es lilin diwangun ku .... padalisan

a)

4

b)

6

c)

8

d)

10

4.

Umat imut lucu

Sura seuri nyari

Larak-lirik keupat

Rumpaka diluhur dicutat tina judul kawih

a)

Es Lilin

b)

Tanah Sunda

c)

Mojang Priangan

d)

Karatagan Pahlawan

5.

Kecap umat-imut, sura-seuri, Jeung larak- lirik kaasup kecap rajekan

a)

Dwi Reka

b)

Dwi Purwa

c)

Dwi Madya

d)

Tri lingga

6.

Lengkepan rumpaka kawih ieu!

Berjuang keur lemah cai

......................................

Taya basa menta pamulang tarima

Ikhlas rido keur korban merdeka

a)

Lali rabi tur tegang pati

b)

Lali rabi tur tega pati

c)

Cadu mundur pantrang mulang

d)

Lila rabi tur tega pati

7.

Nu kaasup conto kawih modern nyaeta

a)

Tanah Sunda

b)

Peuyeum bandung

c)

Budak jalanan

d)

Karatagan Pahlawan

8.

Kawih nu eusina nyaritakeun hiji budak anu teu apal Kana kaayaan indung bapa, Aya Dina judul kawih....

a)

Jang

b)

Budak saha

c)

Dimana ieu

d)

Budak jalanan

9.

Anu nyiptakeun kawih "Jang" nyaeta....

a)

Darso

b)

Kustian

c)

Mang Koko

d)

Oon B

10.

"Bororaah hayang sura-seuri. Sapopoe Kuring sasapu bari meresan buku-buku.", Conto kecap rajekan Dwi Madya Tina kalimah diluhur nyaeta

a)

Sura-seuri

b)

Sapopoe

c)

Sasapu

d)

Buku-buku

11.

Mana tokoh ieu di handap anu mopulérkeun kawih "Kabogoh Jauh"?

a)
b)
c)
d)
e)
12.

Bubuy bulan sanggray béntang

Panonpoé disasaté

Unggal bulan abdi téang

Unggal poé ogé hadé


Kawih di luhur téh rumpakana ngagunakeun puisi ....

a)

sair

b)

puisi bébas

c)

sisindiran

d)

guguritan

e)

pupuh

13.

Pucuk awi, eulis, lir gugupay

gugupay mah, eulis, katebak angin

pucuk ati, eulis, na salempay

gugupay tawis ning tigin


Kawih di luhur téh karangan Mang Koko anu judulna ....

a)

Gupay Pileuleuyan

b)

Malati di Gunung Guntur

c)

Salempay Sutra

d)

Kembang Tanjung Panineungan

e)

Angkrék Japati

14.

Salah sahiji kawih anu kungsi dipopulérkeun ku ieu juru haleuang téh nyaéta ....

a)

Bulan Batu Hiu

b)

Borondong Garing

c)

Dina Amparan Sajadah

d)

Kembang Tanjung Panineungan

e)

Budak Jalanan

15.

Di urang mah aya nu disebut kawih jeung aya nu disebut kakawihan. Saenyana mah éta-éta kénéh, lalaguan anu sok dihaleuangkeun. Ngan baé kakawihan mah biasana dihaleuangkeunana téh ....

a)

dipirig ku gamelan

b)

teu dipirig ku gamelan

c)

di outdoor

d)

di buruan

e)

bari ulin

16.

Mana ieu di handap anu teu kaasup kana golongan kakawihan?

a)

Trangtrang Koléntrang

b)

Eundeuk-eundeukan

c)

Lalamunan

d)

Oray-orayan

e)

Pérépét Jéngkol

17.

Ceuk Satjadibrata jeung Danadibrata , duanana nu nyusun kamus basa Sunda, béndana kawih jeung tembang téh lain dina soal aya henteuna wiletan jeung ketukan, tapi lebah mola henteuna kana .....

a)

pupuh

b)

pirigan kacapi

c)

rumpaka lagu

d)

sora juru kawih

e)

téma lagu

18.

Bungur Jalan ka Cianjur


Bungur jalan ka Cianjur

Gunung Pangrango ngadago teu weléh sono

jentréng kacapi gelikna suling

geus deukeut ka Pajajaran

ceuk galindeng cianjuran


Bungur jalan ka Cianjur

ka Cibalagung nu liwung teu weléh gandrung

jetréng kacapi gelikna suling

jauh kénéh ka Pakuan

ceuk galindeng panineungan


Eta kawih téh sanggian Mang Koko, anu rumpakana dikarang ku ...

a)

Nano S.

b)

Agus Suriamiharja

c)

Sunarya ART

d)

Wahyu Wibisana

e)

Ajip Rosidi

19.

Mun pareng abdi nincak déwasa

Hayang laksana jadi tentara

Ngusir musuh nu rzk niat jail

Dor-dor-dor musuh paéh dibedil


Kawih di luhur rumpakana disusun maké puisi ....

a)

sisindiran

b)

guguritan

c)

bébas

d)

sa'ir

e)

prosais

20.

Itu saha dunungan, ngabantun munding

digantélan geuning ku sapu tangan

itu saha dunungan ku ginding teuing

singhoréng mah aduh, geuning jungjunan


Ditilik eusi rumpakana, téma kawih És Lilin téh nyaéta ....

a)

religiusitas

b)

gotongroyong

c)

sosial

d)

kaadilan

e)

cinta