wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS 1 Basa Sunda Kelas 6

Total questions: 15

Worksheet time: 43mins

Name
Class
Date
1.

Cara anu bisa ku urang lakukeun guna ngajaga kasèhatan nyaèta .....

a)

Loba nginum cai hèrang

b)

Loba ngonsumsi kadaharan instan

c)

Loba ulin di lapang pas tengah poè

d)

Loba sarè

2.

Eureun sakeudeung tina hiji kagiatan pikeun ngalepas capè disebutna .....

a)

Sarè

b)

Peureum

c)

Istirahat

d)

Ngalamun

3.

Cara ngajaga kasèhatan nyaèta urang keudah loba ngonsumsi .....

a)

Sayur-sayuran jeung baso

b)

Daging jeung endog

c)

Jus buah jeung mie ayam

d)

Buah-buahan jeung sayur-sayuran

4.

Cara ngarawat kabersihan waos nyaèta .....

a)

Nginum cai hèrang 2 leter sapoèna atau kira-kira 8 gelas

b)

Nyikat waos minimal sapoè dua kali

c)

Ngonsumsi dahareun anu sèhat jeung bergizi

d)

Moyan unggal isuk-isuk

5.

Perhatikeun parnyataan di handap!

1) otot-otot jadi leuwih kuat

2) leuwih tahan tina stres

3) awak jadi ngajangkungan

4) rèsiko kaserang panyakit leuwih saeutik

5) leuwih tahan tina kaserang panyakit diarè


Mangpaat tina olahraga nyaèta nomèr .....

a)

(1), (2), jeung (3)

b)

(1), (2), jeung (4)

c)

(2), (3), jeung (5)

d)

(2), (4), jeung (5)

6.

Lingkungan imah anu kotor bakal ngadatangkeun .....

a)

Bencana longsor, barau, jeung ngadatangkeun rupa-rupa panyakit

b)

Hawa teu seger, barau, jeung ngabalukarkeun panyakit

c)

Buruan lalening, susukan caina lancar ngocorna, jeung beresih

d)

Beresih, loba reungit, jeung ngabalukarkeun panyakit

7.

Lingkungan anu teu beresih bisa ngadatangkeun rupa-rupa panyakit, diantarana nyaèta panyakit .....

a)

Demam berdarah

b)

Nyeuri huntu

c)

Nyeuri beuteung

d)

Panas tiris

8.

Sato anu mawa virus danguè nyaèta .....

a)
b)
c)
d)
9.

Pèk baca paragraf di handap ieu!

Tujuh sato anu dilindungi, dipiara sacara ilegal di hiji vila di Desa Gununggeulis, geus dievakuasi ku patugas kapolisian. Sasatoan anu diamankeun tèh salian ti lutung jawa, nyaèta maung sumatra, owa jawa, siamang, owa ungku, rusa timor, jeung merak.


Ngaran sato anu diamankeun ku patugas Kepolisian nyaèta .....

a)

Owa jawa, siamang, jeung gagak

b)

Rusa timor, gagak, jeung owa ungko

c)

Lutung jawa, maung sumatra, jeung merak

d)

Kuya, kuda, jeung japati

10.

Pèk baca paragraf dihandap!

Tujuh sasatoan anu diamankeun petugas Kapolisian nyaèta lutung jawa, merak, maung sumatra, siamang, owa jawa, owa ungko, jeung rusa timor.


Sato anu teu diamankeun ku patugas nyaèta .....

a)

Owa ungko jeung owa jawa

b)

Gagak jeung siamang

c)

Rusa totol jeung rusa timor

d)

Rusa totol jeung liger

11.

Tulis 3 cara hideup miara kasèhatan diri?

4 lines
12.

Tulis 2 cara miara kasèhatan panangan!

4 lines
13.

Tulis 3 ngaran sasatoan nu geus langka di Indonesia!

4 lines
14.

Saur hideup, naon panyabab sasatoan èta geus langka di Indonesia?

4 lines
15.

Baca teks dihandap!

Penyu beuki lila beuki ngurangan. Malah, kiwanti tèh geus mèh tumpur. Eta tèh lantaran mindeng kaganggu jeung habitatna ruksak. Umpamana anak penyu kajaring ku pamayang (nelayan) atawa diala, terus diawètkeun, dijual keur kenang-kenangan.

Dibasisir pakidulan Jawa Barat sok aya kènèh nu ngala endog penyu keur jualeun atawa keur komsumsi. Dina sakali ngendog aya 150-an. Tapi kusabab mindeng dicokotan lila-lila mah bèak.


Pèk ringkeskeun eusi tina bacaan diluhur!

4 lines