NEW
Font size
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA KELAS 3
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Taman Hareupeun Imah
Hareupeun imah Farida aya taman. Teu lega, tapi mani resik sabab hade pisan. Farida jeung ibuna rajin ngurus eta taman. Lamun keur usum halodo, tara elat diceboran. Farida mah giliran nyeborna téh pasosore.
Kumaha kaayaan taman hareupeun imah Farida téh ...
Lega
Resik
Kotor
Barala
Tatangkalan téh kudu disemprot, ngarah….
Hama paraeh
Morontod
Subur
Resik
Farida nyebor taman wanci….
Isuk-isuk
Beurang
Peuting
Pasosore
Pakakas husus nu digunakeun mangkas tatangkalan, nyaéta….
Gunting taman
Singkup
Kored
Embrat
Sajaba ti dicebor, sawaktu-waktu sok disemprot, sangkan hama anu ngaganggu paraeh. Tatangkalan dipangkas ngagunakeun pakakas husus parantina anu disebutna gunting pangkas. Miara tatangkalan téh kaasup ibadah sarta rea gunana pikeun balarea.
Hareupeun imah Farida loba tatangkalan, kumaha cara Farida ngarawat tatangkalanna ...
Jukutna teu dipiceunan.
Tangkalna diantep teu dipangkas.
Diceboran unggal isuk jeung sore.
Tangkalna tara digemuk.
Piknik ka Kawahputih
Harita nuju pere sakola, abdi diajak piknik ka Kawahputih nu ayana di Gunung Patuha. Matak disebat Kawahputih, lantaran di dinya mah kawah teh warnana bodas, dugi ka matak serab. Kawah teh pinuh caina, warna caina teh bodas semu hejo. Taneuh sareng batuna barodas. Kawahputih matak narik ati. Hiji waktos abdi hoyong ameng deui ka dinya.
Kumaha warna cai di Kawahputih teh….
Bodas semu biru
Bodas semu hejo
Hejo semu bodas
Biru semu bodas
Pangna disebut Kawahputih teh lantaran….
Jalanna nanjak
Seueur kebon stoberi
Seueur tangkal kai arageung
Warna kawahna bodas
Kawahputih ayana di daerah….
Gunung Patuha
Gunung Gede
Situ Patenggang
Ciwidéy
Pakakas nu sok digunakeun ngarawat taman nyaéta .…
ragaji
palu
gunting taman
obeng
Tong … hayam keur anakan mah, bisi ngabintih.
Digeroan
Ditulisan
Dideukeutan
Dicaian
Ranti … piknik ka Ciwidéy ku mang Udin.
Dideukeutan
Diajakan
Dijauhan
Digeroan
Kalimah nu ngagambarkeun pangalaman nu ngabungahkeun ….
Ayu labuh tina sapedah lantaran teu ati-ati.
Lina kurang sehat lantaran jajan sembarangan.
Lantaran tara sakola Udin matak teu naek kelas.
Ridho jeung Randi juara 1 lomba balap karung.
Ani meunang penteun pang gedena di kelas. Kalimah diluhur nyaritakeun pangalaman ….
Sedih
Ambek
Kesel
Gumbira
Aminah keur . . . ngagambar rupa-rupa bubuahan ku Rina.
Diajarkeun
Diajaran
Ajaran
Ngajar
Keur hujan poyan aya … melengkung di langit.
Bentang
Bulan
Katumbiri
Cai hujan
Kalakay anu marurag biasana dijieun gemuk. Cara ngajieun gemuk (kompos) tina kalakay, nyaéta ….
Kalakay dipiceun ka walungan.
Kalakay dikumpulkeun dina émbér.
Kalakay diasupkeun kana lobang, sina buruk.
Kalakay diparabkeun ka sato.
Lamun keur usum … tatangkalan paraeh.
Panen
Tandur
Ngijih
Halodo
Disabudeureun imah loba tatangkalan nu paraeh.
Disabudeureun sarua hartina jeung ….
Disakurilingeun
Disakabéhkeun
Disajalaneun
Disatempateun
Di usum ngijih, hawana karasa ….
Hareudang
Bayeungyang
Tiris
Paranas
Gambar ieu gunana pikeun ….
Motong tangkal
Ngored
Nyapu
Siram tatangkalan
