wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN KELAS 07 KAULINAN

Total questions: 30

Worksheet time: 2hrs 30mins

Name
Class
Date
1.
Salah sahiji cara pikeun ngundi atawa ngabagi balad dina kaulinan barudak nyaéta …
a)
Suten
b)
Udunan
c)
Gambréng
d)
Ucing-ucingan
2.
Kaulinan barudak anu butuh tempat anu lega terus nyieun garis, tiap garis aya nu ngajagaan. Éta kaulinan téh ngaranna …
a)
Galah
b)
Sondah
c)
Gatrik
d)
Ucing-ucingan
3.
Kaulinan anu ngagunakeun karét diuntun panjang, terus dicekelan ku duaan. Bagian tengahna diputerkeun, jeung nu maénna kudu asup kana puteran karét. Lamun karétna keuna kana anggota awak hartina lasut. Biasana dipaénkeun barudak awéwé. Éta kaulinan téh disebutna …
a)
Sapintrong
b)
Loncat tinggi
c)
Boy-boyan
d)
Oray-orayan
4.
Lamun nyieun kalang, urang bisa nyieun gurat ngagunakeun rokrak atawa maké apu. Naon hartina gurat téh?
a)
Garis
b)
Kojo
c)
Suten
d)
kelompok
5.
Tempat maén galah bisa di buruan, bisa ogé di rohangan anu lega, copélna sagedé lapang voli atawa lapang badminton. Naon maksud tina kecap copélna téh?
a)
Sakurang-kurangna
b)
Ukuranana
c)
Teu meunang
d)
Sabisa-bisa
6.
Kaulinan barudak awéwé anu ngagunakeun kewuk jeung bal, disebutna …
a)
Béklen
b)
Congklak
c)
Éngklé
d)
Anyang-anyangan
7.
Istilah séjén kaulinan jajangkungan anu ngagunakeun awi disebutna …
a)
Égrang
b)
Gatrik
c)
Sorodot gaplok
d)
Sépdur
8.
Butuh sabaraha urang lamun rék suten téh?
a)
Duaan
b)
Saurang
c)
Tiluan
d)
Opatan
9.
Di handap ieu kaulinan anu maké kakawihan nyaéta …
a)
Cingciripit
b)
Galah
c)
Gatrik
d)
Boyboyan
10.

Di handap ieu anu teu kaasup kana ciri kaulinan barudak tradisional nyaéta …

a)

Barudak jadi boga daya imajinasi

b)

Ngamangpaatkeun anu di sabudeureun.

c)

Ngalibatkeun jalma réa

d)

Ngandung pesen moral anu luhur

11.
Jenis kaulinan barudak anu dipaénkeun sacara kelompok jeung butuh kakuatan fisik nyaéta …
a)
Galah
b)
Anjang-anjangan
c)
Sépdur
d)
Ucing Jibéh
12.

Kaulinan di handap ieu ngaranna naon?

a)

Sépdur

b)

Congkak

c)

Sondah

d)

Sapintrong

13.

Kaulinan barudak dina gambar nyaeta…

a)

congklak

b)

éngklé

c)

béklen

d)

sondah

14.
Nangtukeun nu éléh jeung nu meunang dina kaulinan, ku cara ngadukeun jempol, curuk atawa cinggir, disebut ...
a)
suten
b)
salaman
c)
pakeupeul
d)
hompipah
15.
Dihandap ieu nu kaasup kaulinan barudak nu dipaénkeun ku barudak awéwé nyaéta..
a)
Anyang-anyangan
b)
Gatrik
c)
Langlayangan
d)
Ngadu kaléci
16.
Dihandap ieu lain cara pikeun nangtukeun tim dina kaulinan galah asin nyaéta …
a)
nunjuk sorangan
b)
dikocok
c)
suten
d)
hompimpah
17.
Kaulinan barudak anu butuh tempat anu lega terus nyieun garis, tiap garis aya nu ngajagaan. Éta kaulinan téh ngaranna …
a)
Galah
b)
Sondah
c)
Gatrik
d)
Ucing-ucingan
18.
Kaulinan anu ngagunakeun karét diuntun panjang, terus dicekelan ku duaan. Bagian tengahna diputerkeun, jeung nu maénna kudu asup kana puteran karét. Lamun karétna keuna kana anggota awak hartina lasut. Biasana dipaénkeun barudak awéwé. Éta kaulinan téh disebutna …
a)
Sapintrong
b)
Loncat tinggi
c)
Boy-boyan
d)
Oray-orayan
19.
Istilah séjén kaulinan jajangkungan anu ngagunakeun awi disebutna …
a)
Égrang
b)
Gatrik
c)
Sorodot gaplok
d)
Sépdur
20.
Kakawihan pikeun kaulinan anu maénna nyimpen ramo dina dampal leungeun nyaéta …
a)
Cingciripit
b)
Ucang anggé
c)
Sépdur
d)
Ayang-ayang gung
21.
Saméméh prungna maén galah, urang kudu ngajieun heula kalang. Naon anu disebut kalang téh?
a)
Aréa kaulinan
b)
Ukuran lapang
c)
Jumlah pamaén
d)
Ngabagi pamaén
22.

Kaulinan barudak di gigir biasana sok dipaénkeun ku budak lalaki anu ngaranna. . . .

a)

Gatrik

b)

Engklé

c)

Sorodot gaplok

d)

Oray – orayan

23.
Anu kaasup kaulinan has barudak awewe, nyaeta . . . .
a)
Éngklé
b)
Galah asin
c)
Boy – boyan
d)
Ngadu kaléci
24.
Anu teu kaasup kana fungsi kaulinan barudak nyaéta . . .
a)
Néangan musuh
b)
Olahraga
c)
Ngabentuk karakter
d)
Ajang hiburan
25.

Léngkah – léngkah cara maén:

a. Mimitina barudak dibagi jadi dua kelompok.

b. Regu anu meunang ngalungkeun bal kana kénténg (menara) anu dijaga.

c. Susun kenténg atawa patah jadi menara.

d. Regu anu éléh jadi nu jaga, sedengkeun anu meunang maén.

e. Masing – masing ketua regu suit pikeun nangtukeun nu meunang jeung éléh


Susunan anu bener cara maén kaulinan barudak di luhur nyaéta . . . .

a)

a – e – d – c – b

b)

a – b – c – d – e

c)

a – c – e – b – d

d)

a – e – c – d – b

26.

Ngaran kaulinan barudak di gigir ngaranna . . . .

a)

Sapintrong

b)

Gatrik

c)

Ngadu kaléci

d)

Boy – boyan

27.

Kaulinan barudak anu aya dina gambar di gigir sok dipaénkeun ku budak . . . .

a)

Awéwé

b)

Lalaki

c)

Bapa – bapa

d)

Awéwé jeung lalaki

28.
Anu teu kaasup kana kaulinan barudak nu maké kakawihan nyaéta . . . .
a)
Engrang
b)
Oray – orayan
c)
Cingciripit
d)
Eundeuk – eundeukan
29.

Kaulinan barudak di gigir ngaranna . . . .

a)

Pérépét jengkol

b)

Gatrik

c)

Gobak sodor

d)

Anjang – anjangan

30.
“jol Pa Dalang mawa wayang jrék jrék nong”. Lagu di gigir aya dina kaulinan . . . .
a)
Cingciripit
b)
Anjang – anjangan
c)
Oray – orayan
d)
Gasing