NEW
Font size
WorksheetsKaulinan Barudak
Total questions: 30
Worksheet time: 15mins
Dina kaulinan ieu téh digunakeun batu. Biasana baladan (duaan atawa tiluan séwang). Carana, mimiti nyieun heula tanda dina taneuh (make rokrak, cangkang kerang, atawa tutup botol limun). Lian ti nyieun tanda, kudu nyieun gurat sababaraha méter jauhna tina tanda. Ieu gurat téh tempat caricing mun rék ngalungkeun batu. Ari batu téh dialungkeun sina padeukeut-deukeut kana tanda. Sabaraha urang nu pangdeukeutna kana tanda sabaraha urang anu jauh. Anu deukeut jadi balad sarta pangheulana maén. Cara maénna nyaéta batu disimpen dina tonggong dampal suku, dijungjungkeun saeutik ka luhur, terus éngklé-éngkléan dibawa ka hareup pikeun diadukeun (ditémbakkeun) kana batu usuh nu geus dipasang. Kaulinan ieu disebutna ...
Congklak
Encrak
Engkle
Cingciripit
Barudak ngumpul limaan atawa genepan. Tuluy nguntuy bari nyekel taktak babaturanana anu aya hareupeunana. Budak nu panghareupna jadi hulu oray, ari nu pangtukangna jadi buntut oray. Geus kitu, leumpang ngénca jeung ngatuhu, nurutan oray ngaléor siga oray. Bari luar-léor téh babarengan ngawih. Kaulinan siga kieu disebutna kaulinan ....
ambil-ambilan
eundeuk-eundeukan
oray-orayan
cingciripit
Ieu kaulinan téh basajan pisan. Cukup ku tiluan atawa opatan tur carana gampang. Salasaurang namprakkeun leungeun, ari nu séjénna neundeun curuk kana dampal leungeun nu ditamprakkeun téa. Sanggeus kitu, nu namprakkeun leungeun téh ngawih kieu. Cingciripit tulang bajing kacapit kacapit ku bulu paré bulu paré seuseukeutna jol pa dalang mawa wayang jrék-jrék nong….Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk téa. Saha-saha nu kacapit curukna, jadi ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakkeun dampal leungeun bari kakawihan. Kaulinan ieu disebutna kaulinan
Bulan bentang
Oray-orayan
Cingciripit
Ambil-ambilan
Kaulianan barudak nu di foto ieu nyaeta ....
sepdur-sepdur
oray-orayan
boy-boyan
damdaman
di handap ieu nu kaasu kaulinan make alat nyaeta ....
Congklak teh kaulinan budak anu kalolobaan dimaenkeun ku awewe tapi lalaki ge teu nanaon, congklak biasa dimaenkeun ku...
saurang
duaan
tiluan
opatan
Bebentengan nyaeta kaulinan budak anu biasana diulinkeun ku...
dua urang
dua tim
limaan
saurang
Kaulinan budak anu make kakawihan nyaeta...
congklak
galah asin
gatrik
oray-orayan
di handap ieu nu kaasup kaulinan tradisional barudak nyaeta ....
PS jeung Game tina HP
PS jeung mengbal
Game tina HP jeung Langlayangan
Hahayaman jeung gatrik
Anu kaasup kaulinan has barudak awewe, nyaeta....
pal-palan
ngadu karbit
ngadu muncang
congkak
di handap ieu nu kaasup kaulinan khas lalaki nyaeta ....
Kumaha ari cara maen gatrik teh....
awi disimpen dina dua batu terus dicongkel ku awi deui
make batu diarahkeun ka awi
make awi diarahkeun kanu batu
make awi jeung batu
Cara maena nyaeta alungkeun kojo kana kotakan kahiji, tuluy diajlengan bari engkle mapay kana kotakan sejena nepi ka balik deui ka tempat.
Kaulinan anu dimaksad paragraf di luhur, nyaeta....
Ngadu kaleci
Oray-orayan
Galah asin
Sondah
Entong ka sawah ,parena keur sedeng beukah. kalimah di gigir manrupa rumpaka lagu...
Cingcangkeling
Pileuleuyan
Oray - orayan
Bandung Lembang
Barudak sunda biasana samemeh prung metakeun hiji kaulina sok dimimitian ku...
Nembang
Ciciputri
Hompimpah ( Gambreng )
Meungpeunan panon
Naon sababna Oray-orayan teh ulah ka sawah ?
Sabab di sawah loba nu keur dibuat.
Sabab di sawah loba barudak keur alulin.
Sabab di sawah parena keur seudeung beukah.
Sabab di sawah loba nu keur mandi.
Kawih anu di kawihkeun upama barudak arulin tuluy pasea nya eta …
Hompimpah
Tampolong bahe
Trang trang kolentrang
Cingkorokok
Kawih anu di kawihkeun lamun ucingna ngokok nya eta...
Hompimpah
Tampolong bahe
Cingkorokok
Trang trang kolentrang
Kawih anu di kawihkeun upama arulin breg hujan, nya eta …
Cingkorokok
Hompimpah
Trang trang kolentrang
Tampolong bahe
Kaulinan anu dibarung ku kakawihan nyaéta…
Gatrik
Ucing-ucingan
Oray-orayan
Sorodot gaplok
Kakawihan anu dikawihkeun bari eundeuk-eundeukan dina tangkal nya eta..
Eundeuk eundeukan
Prangpring
Ayang-ayang Gung
Cingcangkeling
Mayung, kapakan, ngabandang, nyasar, kaasup kana istilah kaulinan barudak maén…
Langlayangan
Péclé
Ngadu kaléci
Halma
Kaléci paragi nyéntang/nojo disebut…
Kokojo
Golotok
Gundu
Céntang
Néwak langlayangan nu éléh kulanglayangan deui, disebut…
Blep
Dur
Ngabandang
Kapakan
Kamonesan anu mindeng dilakukan ku barudak dina mangsa keur rineh disebut…
Kaulinan barudak
Kakawihan
Sisindiran
Pupujian
Nu disebut kaulinan campuran nyaeta ....
kaulinan anu husus diulinkeun ku barudak awewe
kaulinan anu husus diulinkeun ku barudak lalaki
kaulinan anu husus diulinkeun ku barudak
kaulinan anu husus diulinkeun ku barudak lalaki jeung barudak awewe babarengan
kaulinan lalaki ieu teh, teu bisa diulinkeun di ....
lapangan
sawah nu geus di panen
taman nu lega
parkiran nu loba mobil
Kaulinan barudak di handap nu merlukeun jalma loba nyaéta ….
békles
congkak
hahayaman
jajangkungan
"Waktu ngucapkeun “jék-jék nong”, dampal leungeun nu namprak tuluy dikeupeulkeun. Ari tujuanana pikeun nyapit curuk téa. Saha-saha nu kacapit curukna, jadi ucing. Anu jadi ucingna kudu namprakkeun dampal leungeun bari kakawihan “Cingciripit”. Dina sempalan carita di luhur, Keur naon gunana namprakkeun leungeun dina kaulinan cingciripit?
keur ngeupeulkeun
keur nyapit
keur namprakeun
keur ngawihkeun
Kaulinan barudak anu kaasp kana Olah raga nyaeta...
Galah Asin
Eundeuk-eundeukan
Prang-pring
Cingcangkeling
