WorksheetsPenilaian Tengah Semester Kelas VII
Total questions: 25
Worksheet time: 1hrs 16mins
Obrolan silih témpas antara dua urang atawa leuwih disebut ....
Paguneman
Monolog
Prolog
Épilog
Basa nu digunakeun nalika ngobrol jeung babaturan nyaéta ....
basa loma
basa lemes
basa kasar
basa resmi
Malati: “ Téh Rum hayu urang indit ka sakola!”
Arum: “Nya ké antosan sakedap nuju sasarap heula.”
Malati: “Nya sok diantosan dina téras nya.”
Arum: “di dieu baé atuh ngantosanna méh sakalian sasarap.”
Tatakrama basa keur ka batur tina kecap indit nyaéta ....
Mangkat
Mios
Angkat
Indit
Sétra : “Assalamualaikum, kumaha damang Bapa?”
Pa Permana: “Waalaikumsalam, éh geuning Setra, alhamdulillah cageur Jang, kumaha sawangsulna?”
Sétra: “Alhamdulillah, aya hibar pangdunga ti sadayana.”
Pa Permana: “Nya sukur atuh ari papada waluya mah. Di mana ayeuna sakola téh?”
Sétra: “Kaleresan abdi katampi di SMP Mundinglaya.”
Pa Permana: “Euleuh milu bungah atuh bapa téh ari hidep katampa di sakola favorit mah.”
Sétra: “Muhun alhamdulillah.”
Tatakrama basa keur ka sorangan tina kecap cageur nyaéta ....
Damang
Saé
Cageur
Pangésto
Rakha: “Mbu, Rakha amitan bade .... ka sakola.”
Bu Ami: “Oh enya, tos sasarap teu acan?”
Rakha: “Atos, Mbu engké Rakha wangsulna rada siang badé latihan Pramuka heula.”
Bu Ami: “Muhun, kadé kalangkung netepan lohor nya.”
Rakha: “Moal atuh Mbu, Rakha mios heula nya, assalamualaikum.”
Bu Ami: “Waalaikum salam, kadé nya ati-ati di jalan.
Tatakrama basa nu merenah pikeun paguneman Rakha nu kosong nyaéta ....
Wangsul
Angkat
Sasarap
Mios
(Baca paguneman di handap pikeun ngajawab soal nomor 6-8)
Waktu keur diajar di kelas, Amir ngarasa mules beuteung. Terus manéhna nyampeurkeun guruna nu maksudna rék ménta idin.
Amir : ”Bapa punten neda widi bade kapengker!”
Pa Guru : “Kapengker kamana Mir?”
Amir : “Aduh punten, maksad téh bade ka jamban!”
Pa Guru : “Oh kitu, nya manga. Tutup deui pantone nya!”
Amir : “Muhun mangga.”
(Amir kaluar ti kelas, bari teu poho nutupkeun deui panto kelas)
Sanggeus bérés ti cai, terus Amir asup deui ka kelas bari teu poho ngetrok panto heula.
Pa Guru : “Mangga kalebet!”
(Amir muka panto)
Amir : ”Assalamualaikum.”
Pa Guru : “Waalaikumsalam. Aéh gening Amir, sok kalebet!”
Amir : “Mangga, hatur nuhun Bapa!”
Pa Guru : “Sami-sami, sok calik deui Mir!”
Amir : “Muhun Pa.”
Tokoh utama anu aya dina paguneman di luhur nyaéta….
Amir jeung Bu Guru
Amir jeung Pa Guru
Amir jeung babaturanana
Amir wungkul
Naon sababna Amir ménta idin rék kaluar kelas…
Aya nu nyauran ti bagéan kesiswaan
Hayang istirahat ti heula
Rék solat lohor
Ngarasa mules beuteung
Téma anu merenah dina téks paguneman di luhur nyaéta….
Méré idin ka siswa nu ménta idin
Cara cumarita ka guru
Ménta idin
Wawanohan jeung babaturan anyar
Saupama urang rék nelepon guru, hadéna ngagunakeun kalimah saperti….
A : “Assalamualaikum ibu, hapunten ngawagel waktosna. Nepangkeun abdi Amir kelas 7 G, abdi bade tumaros dupi tugas Amir atos katampi ku ibu?”
B : “Waalaikumsalam, muhun Amir tos dipeunteun ku ibu.”
A : “Bu, ari tugas Amir geus asup can?”
B : “Atos”
A : “Halo bu, nuju naon?”
B : “Ieu sareng saha?”
A : “Ieu sareng Bu Amel?”
B : “Muhun leres”
(1) Galih : “Muhun nya, hayu atuh urang ka lebet aula bilih kabujeng dikawitan acarana.”
(2) Galih : “Nepangkeun, abdi Galih ti SMP Guru Minda, dupi sadérék saha?”
(3) Wirahma : “Oh abdi Wirahma wawakil ti M.Ts Subanglarang.”
(4) Wirahma : “Aamiin. Nu pangutamina mah urang tiasa nambihan réréncangan.”
(5) Galih : “Nuhun atuh tiasa ditepangkeun, mudah-mudahan tiasa gawé bareng dina ieu kagiatan.”
(6) Wirahma : “Muhun, hayu.”
(7) Wirahma : “Muhun nya, mangkaning salami tilu dinten urang kedah sasarengan, abdi mah nembéan da ngiring acara LDKS tingkat kabupaten téh.”
(8) Galih : “Sami abdi gé da nembéan, tapi alhamdulillah nya urang kéngéng kasempetan kanggo ngiring ieu kagiatan, mudah-mudahan wé tiasa nambihan pangaweruh sareng pangalaman.”
Susunan kalimah paguneman anu merenah nyaéta…..
2-3-5-7-8-4-1-6
2-5-8-3-1-4-6-7
2-3-6-1-7-4-8-5
2-5-6-7-8-1-3-4
Ragam basa nu dipaké dina paguneman di handap nyaéta….
Wildan : “San, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu!”
Isan : “Hayu, ajak atuh nu séjén ngarah ramé.”
Wildan : “Ajakan saha nya San?”
Isan : “Kumaha mun ngajak si Engkus jeung si Nanang”
Wildan : “Sok atuh, sms ku manéh wé nya!”
Basa lemes
Basa kasar
Basa loma
Basa hormat
Aksara vokal dina basa Sunda jumlahna aya….
5
6
7
8
Aksara konsonan dina basa Sunda jumlahna aya….
16
17
18
19
Kamonésan nu mideng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh disebut ....
Kaulinan barudak
Pupujian
Paguneman
Pangalaman Pribadi
Rupa-rupa kaulinan barudak:
(1) Gatrik
(2) Papanggalan
(3) Langlayangan
(4) Anjang-anjangan
(5) Éncrak
(6) Sondah
Jumlah kaulianan barudak di luhur nu cocog keur budak lalaki nyaéta aya ....
1
2
3
4
Rupa-rupa kaulinan barudak:
(1) Gatrik
(2) Papanggalan
(3) Langlayangan
(4) Anjang-anjangan
(5) Éncrak
(6) Sondah
Jumlah kaulianan barudak di luhur nu cocog keur budak awéwé nyaéta aya....
2
3
4
5
Kakawihan nu dikawihkeun bari leumpang ayang-ayangan nyaéta....
Prangpring
Cingcangkeling
Ayang-ayang Gung
Eundeuk-eundeukan
Bahan nu cocog pikeun nyieun kaulianan barudak jajangkungan nyaéta ....
Kai
Suluh
Rokrak
Awi
Eundeuk-eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Leupas deui ku aki
Leupas deui ku aki
Beunang deui ku nini
Kakawihan di luhur cocog keur kaulinanan barudak ....
Ayang-ayang gung
Eundeuk-eundeukan
Oray-orayan
Pérépét jéngkol
Ngaran kaulinan di luhur nyaéta….
Sondah
Béklen
Oray-orayan
Simar
Rupa-rupa kaulinan barudak:
(1) Béklen
(2) Anjang-anjangan
(3) Gatrik
(4) Ngadu kaléci
(5) Oray-orayan
(6) Hahayaman
Nu kaasup kaulinan barudak diulinkeun ku barudak lalaki jeung awéwé nyaéta ....
5, 6
3, 4
1, 2
2, 3
Nu jadi pangbéda antara kaulianan barudak dina gambar 1 jeung gambar 2 nyaéta ....
Ngadu kaléci diulinkeun ku sorangan jeung congklak diulinkeun ku sorangan
Ngadu kaléci diuinkeun ku ku budak awéwé sarta lalaki jeung congklak diulinkeun ku budak awéwé sarta lalaki
Congklak diulinkeun ku lalaki jeung ngadu kaléci diulinkeun ku awéwé
Congklak diulinkeun ku awéwé jeung ngadu kaléci diulinkeun lalaki
Kaonjoyan atawa kelebihan tina kaulianan barudak pérépét jéngkol nyaéta ....
Bisa ngajaga kakompakan
Bisa ngajaga babaturan
Bisa ngadatangkeun cilaka
Bisa ngadatangkeun kacapé
Conto kaulinan barudak nu dibarung ku kakawihan nyaéta…..
Cingciripit
Ucing sumput
Boy-boyan
Sondah
Ngaran kaulinan di luhur nyaéta…..
Jajangkungan
Gatrik
Kolécér
Pepelotokan
