wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

review materi semester 1 kelas-11

Total questions: 20

Worksheet time: 39mins

Name
Class
Date
1.

Sawatara kecap anu disusun atawa ucapan matok anu dipaké dina harti injeuman disebut…

a)

babasan

b)

paribasa

c)

uga

d)

cacandraan

e)

kila-kila

2.

Ciri-ciri paribasa dihandap ieu, iwal...

a)

Paribasa sifatna ngabandingkeun, ngupamakeun, jeung mapandékeun

b)

Paribasa téh omongan anu hartina lain harti sajalantrahna.

c)

Paribasa mangrupa kalimah anu teleb sarta anteb kana haté nu diajak nyarita

d)

Paribasa henteu bisa dirobah, dikurangan, dileuwihan, sarta dilemeskeun kekecapanana, sabab geus mangrupa wangun basa anu geus matok (pakeman).

e)

Paribasa tèh omongan anu teu matok

3.

Ditilik tina maksud anu dikandungna, paribasa téh bisa dipasing–pasing jadi sabaraha golongan?

a)

5

b)

4

c)

3

d)

2

e)

1

4.

babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup disebut?

a)

babasan

b)

paribasa

c)

uga

d)

cacandraan

e)

kila-kila

5.

basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa disebut?

a)

pakeman basa

b)

paribasa

c)

babasan

d)

mantra

e)

kabahasaan

6.

Ramalan di kalangan masarakat Sunda disebut…

a)

cacandraan

b)

uga

c)

paribasa

d)

babasan

e)

kila-kila

7.

Bandung heurin ku tangtung mangrupa conto tina pakeman basa…

a)

cacandraan

b)

uga

c)

babasan

d)

paribasa

e)

kila-kila

8.

Paribasa anu cocog pikeun budak anu umpamana teu beunang dicarék pisan nyaéta…

a)

Nya picung, nya hulu maung

b)

Kawas budak rodék hulu

c)

Cara hurang, tai ka hulu-hulu

d)

Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot

e)

Uyah mah tara téés ka luhur

9.

“Jaga mah, barudak, ….. ka nu digawé mawa kéjo dina …., nandakeun angker gawé. Nya buktina aya nu dagang di pasar.”

Ungkara nu pangbenerna pikeun ngalengkepan éta uga nyaéta…

a)

nganteuran, iteuk

b)

ngiriman, iteuk

c)

ngalakonan, boboko

d)

ngabaturan, boboko

e)

nyampeur, piring

10.

Tanda aya bangsat kukulamprengan néangan palingeun, kila-kilana nya éta…

a)

Lamun ngimpi néwak lauk

b)

Lamun aya sora manuk sit uncuing

c)

Lamun kekenudan panon katuhu

d)

Lamun panas ceuli

e)

Lamun aya sora manuk bébéncé

11.

“Budak Pa Haji mah geulisna saumur nyunyuhun hulu.”

Ungkara anu digurat handapan miboga harti…

a)

Taya tandinganana

b)

Ti barang lahir, ti barang inget

c)

Turunan indung/bapana

d)

Nu keur untung tambah untung

e)

Salilana (Awét Ngora)

12.

Di handap ieu mangrupa paribasa panyaram lampah salah, iwal…

a)

Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan

b)

Ulah incah balilahan

c)

Ulah dipapayung di jero imah

d)

Ulah nyeungceurikan upih ragrag

e)

Ulah kuméok méméh dipacok

13.

Kila-kila lamun panas ceuli tandana nyaéta…

a)

aya anu ngomongkeun

b)

aya anu sono ka urang

c)

aya anu maot

d)

rek manggih kabagjaan

e)

rek manggih ka sedih

14.

Cianjur Katalanjuran. Kecap katalanjuran tina kecap talanjur anu hartina…

a)

Kaleuleuwihi

b)

Kahadéan

c)

kanyamanaan

d)

kamonesan

e)

kagorengan

15.

Ulah mandi pabeubeurang, pamali bisi…

a)

tereh maot

b)

tereh malarat

c)

teu menang jodo

d)

tereh peot

e)

teu ngarenah awak

16.

Paribasa anu bener pikeun ngagambarkeun hiji jalma nu leutik sirahna henteu surup jeung awakna nyaéta…

a)

Hulu dijieun suku, suku dijieun hulu

b)

Cara hurang, tai ka hulu-hulu

c)

Hulu peutieun

d)

Dosa salaput hulu

e)

Hutang salaput hulu

17.

Babasan beurat birit ngandung harti…

a)

hese dititah

b)

hese dicarek

c)

hese mandi

d)

hese ulin

e)

hese dahar

18.

Nu kaasup kana paribasa wawaran luang nyaéta…

a)

Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan

b)

Uncal tara ridueun ku tanduk

c)

Kudu bisa kabula-kabalé

d)

Kudu hadé gogod, hadé tagog

e)

Ulah incah balilahan

19.

“Kudu éra atuh awak badag, ulah kuméok méméh dipacok!”

Ungkara anu digurat handapan miboga harti…

a)

Ulah geumpeur, kudu gedé kawani

b)

Ulah bosenan, kudu satia salilana

c)

Ulah nyebut teu sanggup saacan dicoba

d)

Ulah popoyok ka kolot, da engke ke kaalaman

20.

Di handap ieu mangrupa paribasa pangjurung laku hadé, iwal…

a)

kudu bisa kabula-kabalé

b)

kudu nurut ka kolot

c)

kudu boga piker rangkepan

d)

kudu hadé gogod, hadé tagog