wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Basa Sunda Pangajaran 1

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Perhatikeun sajak dihandap ieu kanggo ngajawab no.1 - 3 !


Ari bilangan taunna

Lima ratus cariosna

Tujuh puluh panambahna

Sareng sahiji punjulna

Sajak di luhur disebut…

a)

paparikan

b)

pupujian

c)

wawangsalan

d)

pupuh

2.

Anu dicaritakeun dina sajak diluhur tadi téh nyaeta ngeunaan….

a)

Nabi Muhammad

b)

Sholat

c)

Tatarucingan

d)

indung bapa

3.

dumasar kana sajak anu tadi, lahirna teh taun....

a)

570

b)

571

c)

517

d)

175

4.

Baca sempalan pupujian ieu dihandap !

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah kaliwat

Tara ngalakukeun sholat


Jalma nukumaha nu bakal ngarasakeun nyeri na sakarat téh ?

a)

tara ulin

b)

teu bisa pupujian

c)

teu bisa ngaji

d)

tara sholat

5.

eusi pupujian ngagambarkeun ... iwal

a)

Pépéling

b)

Puji ka manusa

c)

puji ka Allah

d)

sholawat nabi

6.

Pupujian sok disebut oge …

a)

sajak

b)

pupuh

c)

dongeng

d)

nadom

7.

Kecap anu wangunna beda tapi hartina sarua disebut …

a)

antonim

b)

sinonim

c)

homonim

d)

hiponim

8.

Dihandap ieu anu kaasup conto sarua hartina nyaeta …

a)

gede x leutik

b)

beunghar x miskin

c)

wawuh x wanoh

d)

poek x caang

9.

Titenan pupujian dihandap ieu !


anak adam anjeun di dunya ngumbara

umur anjeun di dunya teh moal lila


isi pupujian diluhur nyaeta….

a)

ngingetan kana maot

b)

ngingetan kana ibadah

c)

ngingetan sholawatan

d)

ngingetan sedekah

10.

anu kaasup kecap kaagamaan dihandap ieu nyaeta...

a)

sholat, sodakoh, mimbar, mikrophone

b)

pupujian,hutbah, obat, alquran

c)

ngaji , nawar,sajadah,sholat

d)

mimbar, du’a, kopeah,pasantren

11.

Hutbah kudu komunikatif,maksudna ….

a)

Ngagunakeun basa anu baku

b)

Ngagunakeun basa anu merenah jeung jelas

c)

Ngagunakeun basa gaul

d)

Ngagunakeun basa nu modern

12.

Titenan pupujian di handap ieu !


Dupi sadayana cai

nu sok dianggo susuci

éta aya tujuh rupi

walungan anu kahiji

cai laut kaduana

cai sumur katiluna

cai ibun kaopatna

cai és nu kalimana

cai nyusu kagenepna

cai hujan ka tujuhna

éta cai sadayana

sok dianggo susucina.


Pupujian diluhur diwangun ku …. Pada

a)

2

b)

3

c)

4

d)

5

13.

Titenan pupujian di handap ieu !


Dupi sadayana cai

nu sok dianggo susuci

éta aya tujuh rupi

walungan anu kahiji

cai laut kaduana

cai sumur katiluna

cai ibun kaopatna

cai és nu kalimana

cai nyusu kagenepna

cai hujan ka tujuhna

éta cai sadayana

sok dianggo susucina.


Pupujian diluhur diwangun ku …. Padalisan

a)

3

b)

4

c)

12

d)

13

14.

Dumasar kana pupujian nu di luhur tadi aya sabaraha hiji cai anu bisa di pake susuci ?

a)

4

b)

5

c)

6

d)

7

15.

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah weleh

Bisina kaburu paeh


Padalisan kadua tina pupujian diluhur diwangun ku …. Engang

a)

4

b)

3

c)

8

d)

7

16.

dumasar kana pupujian diluhur,unggal jajaran ngabogaan sora anu sarua ditungtungna anu disebut….

a)

engang

b)

padalisan

c)

pada

d)

purwakanti

17.

Dumasar kana asal kecapna , nu disebut pupujian nyaeta …

a)

pupujieun

b)

puji

c)

pujian

d)

pupujian

18.

Kumaha proses sumebarna pupujian di masyarakat ?

a)

sacara lisan

b)

sacara tinulis

c)

Ngaléwatan Koran

d)

Ngaléwatan media éléktronik

19.

Hurungkeun heula atuh hawuna rék . . . hui mah, Nyi !

a)

beuleum

b)

meuleum

c)

ngabeuleum

d)

dibeuleum

20.

dihandap ieu mangrupakeun kecap anu make rarangken hareup ti- iwal …

a)

tinyuh

b)

titajong

c)

tibalik

d)

tipayun

21.

caina haneut lantaran kapentrang ku panon poe

kecap kapentrang saharti jeung kecap …

a)

katiisan

b)

kapanasan

c)

kaduruk

d)

kaibunan

22.

Beja yén isukan puasa ….. ku pangurus masjid

a)

béwara

b)

wawaran

c)

diwawarkeun

d)

ngawawarkeun

23.

Lamun keur loba nu setor duit, dibank wayahna kudu …

a)

ngantay

b)

ngariung

c)

ngumpul

d)

ngaharewos

24.

kalimah dihandap ieu anu make rarangken hareup di- nyaeta …

a)

Ti isuk nepi ka sore pagawean si Dayu ngan diuk wae dina korsi

b)

ayeuna mah pun bapa dines na atos ngalih

c)

bada sholat pa ustad sok dikir wae

d)

isuk-isuk keneh Udin geus disapatu rek indit gawe

25.

Rék dimana waé urang cicing, urang kudu hade...

a)

goréng

b)

adat

c)

akhlak

d)

pangarti

26.

Teruskeun pupujian dihandap ieu !


Mun hirup urang nyorangan

…..

a)

Poék taya nu nyaangan

b)

Matak jauh panineungan

c)

Moal aya nu marengan

d)

Ngarah angger sauyunan

27.

Saha ari nu nyieun pupujian teh?

a)

Pa Ustad

b)

Bapa atawa ibu guru

c)

babaturan urang

d)

Kolot urang baheula

28.

Eusian titik-titik kalimah dihandap ieu !

Sirahna … kana panto

a)

tibalik

b)

tidagor

c)

titajong

d)

tiguling

29.

nu disebut guru lagu nyaeta …

a)

tiap-tiap kalimah atawa jajaran nu ngawangun pada

b)

katangtuan jumlah engang dina tiap padalisan

c)

katangtuan purwakanti sora dina tungtung padalisan

d)

pasipatan nu dipibanda ku hiji-hijina pupujian

30.

kecap sugih hartina …

a)

malarat

b)

miskin

c)

teu boga nanaon

d)

beunghar