wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Bahasa Sunda kelas 3 Bab 1

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Alam sabudeureun urang sakitu ....

a)

Nyingkurna

b)

Endahna

c)

Kotorna

2.

Alam sabudeureun urang kudu ....

a)

Dipake

b)

Dipiara

c)

Diruksak

3.

Nu ngadamel alam teh nyaeta ....

a)

Pamarentah

b)

Manusa

c)

Allah

4.

Hareupeun imah farida aya taman. Teu lega tapi meni resik. Sakurilingna dipager. Anu dipiara di taman teh lolobana kekembangan. Aya kembang sedep malem, eros, malati, jeung anggrek. Lamun pasosore, farida remen nyebor eta tatangkalan. Farida nyeborna make embrat sangkan baseuhna rata.

Tangkal anu aya di taman hareupeun imah farida nyaeta tangkal .....

a)

Kekembangan

b)

Sampeu

c)

Cau

5.

Alat anu dipake nyebor kembang ku farida nyaeta....

a)

Kored

b)

Gunting pangkas

c)

Embrat

6.

Pakakas anu sok dipake miara taman nyaeta ....

a)
b)
c)
7.

Pakakas paranti ngabersihan pakarangan nyaeta ....

a)

Embrat

b)

Lap pel

c)

Sapu nyere

8.

Resik hartina ....

a)

Tempat anu alus

b)

Tempat anu beresih tur endah

c)

Tempat anu tiis hnte hareudang

9.

Kalakay teh hartosna ....

a)

Kulit buah nu garing

b)

Tempat nu pikabetaheun

c)

Daun nu geus garing

10.

“Pepelakan kudu digemuk (dipupuk) sangkan morontod” . Kecap morontod hartosna ....

a)

Gancang gede (subur)

b)

Loba hama

c)

Hente ngaruksak pepelakan

11.

Salah sahiji cara pikeun ngajaga alam nyaeta ....

a)

Tatangkalan dituaran

b)

Miceun sampah ka tempatna

c)

Ngabalaan pakarangan

12.

Sirah Cai

Barudak kelas tilu, dicaram (dilarang) ulin ka hulu cai. Sabab tempatna nyingkur. Huku cai teh loba pisan mangfaatna pikeun warga. Cai ti hulu cai dialirkeun ka perumahan jeng ka sawah. Cai na herang ngagenyas. Tatangkalan di sabudeureun hulu cai kudu dipiara, ulah diganggu komo nepi ka dituaran mah. Lamun tatangkalan na diganggu, tangtu cai nu kaluar tina hulu cai teh bakal ngurangan.

Barudak dicaram ku kolotna ulah ulin ka ....

a)

Jalan raya

b)

Hulu cai

c)

Mesjid

13.

Hulu cai teh hartosna ....

a)

Balong gede

b)

Laut

c)

Sumber mata air

14.

Hulu cai tempatna ....

a)

Nyingkur

b)

Gede pisan

c)

Rame

15.

Tatangkalan di hulu cai ulah ....

a)

Dipelakan

b)

Dimangfaatkeun

c)

Diganggu atanapi dituaran

16.

Lamun tatangkalan diganggu, cai bakal ....

a)

Loba cai na

b)

Ngurangan

c)

Nambahan

17.

Nyingkur hartosna ....

a)

Tempatna jauh jeung tiiseun

b)

Tempatna endah

c)

Tempatna loba pisan jalma

18.

Kecap "angkat", lamun make awalan di- jeung ka- maka cara penulisan anu bener nyaeta ....

a)

Di-angkat, ka-angkat

b)

Diangkat, kaangkat

c)

Di angkat, ka angkat

19.

Cai beresih .... mandi ku Asep

a)

Pake

b)

Dipake

c)

Kapake

20.

Kalimat anu make awalan di- nyaeta ....

a)

Dimana imah hidep?

b)

Baju anyar dicokot ku adi

c)

Bapa aya di kantor