WorksheetsTES BASA SUNDA SMK
Total questions: 50
Worksheet time: 50mins
Anu teu kaasup kana kalimah pananya nyaeta ...
ditungtungan ku tanda tanya
responna mangrupa jawaban
make kecap pananya
responna mangrupa tindakan
Jalma anu ngalakukeun wawancara kudu boga sipat ... ka narasumber
netral
pro
ngera-ngera
kontra
mihak
Fungsi kecap mana atawa nu mana nyaeta pikeun nanyakeun ...
pilihan
waktu
tempat
kaayaan
kayakinan
Fungsi kecap sabaraha, sakumaha nyaeta pikeun nanyakeun ...
waktu
barang
tempat
jumlah bilangan
kajadian
Bagean dina wawancara anu eusina nanyakeun identitas narasumber nyaeta ...
tatakrama
eusi
panutup
bubuka
kasang tukang
Kagiatan wawancara di televisi kaasup kana kagiatan wawancara nu sipatna ...
bebas
relatif
aya patokanana
teu kauger
bebas kauger
Istilah pikeun jalma nu diwawancara nyaeta ...
reporter
narasumber
wartawan
interviewer
intermezzo
Wanda wawancara dumasar kana carana diwengku jadi ...
hiji
dua
tilu
opat
lima
Kecap pananya nu fungsina pikeun nanyakeun cara atawa kaayaan nyaeta ...
ku naon
kumaha
sakumaha
kunanaon
sakumna
Kecap pananya nu fungsina pikeun nanyakeun sabab/kalakuan nyaeta ... .
naon
naha
kamana
kumaha
iraha
"Budak teh geus indit sakola kitu?" Eta kalimah kaasup conto ngawangun kalimah ku cara ...
nambahan kecap pananya
nambahan tanda tanya
nambahan lentong
nambahan kecap kitu
nambah pananyaan
"Numutkeun Bapa, naon anu janten bangbaluh salami ieu?" Kalimah patanyaan ieu aya di beh ...
eusi
bubuka
panutup
kacindekkan
kasang tukang
Identitas jalma nu ngalakukeun wawancara aya di bagian ... tina struktur wawancara.
eusi
bubuka
panutup
wawanohan
pedaran pertanyaan
Fungsi bubuka dina wawancara nyaeta pikeun ... .
nu ngawawancara jeung narasumber silih pairan
bisa nyindekkeun wawancara
ngarahkeun naon waé anu rék di diskusikeun
nambah élmu wawasan
bisa nerangkeun hasil wawancara
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya, nyaéta....
ditungtungan ku tanda pananya
diwangun tina kalimah wawaran
ngandung kecap pananya
miharep résponsi nu mangrupa jawaban
miharep résponsi nu mangrupa tindakan
Wartawan : ... ?
Pa RT : "Kaleresan abdi ogé ningali awal kajantenan ieu musibah téh. Malihan mah abdi nu nelepon petugas damkar."
Pananya anu pas pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ... .
Saha nami lengkep bapa?
Naon kalungguhan sareng padamelan bapa?
Iraha kajadian kahuruan téh?
Di mana kajadian kahuruan lumangsung?
Naha bapa aya dina pas kajadian kahuruan?
Di handap ieu anu teu kaasup syarat makéna basa dina wawancara nyaéta.…
kekecapana sifatna denotatif
kekecapana komunikatif
ngungkapkeuna teu berbelit-belit
ngagunakeun istilah asing sangkan katingalina intelek
kekecapana disaluyukeun jeung jalmi anu badé di wawancara
Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna ....
paguneman
wawancara
sawala
konferensi
seminar
Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap ... .
naon, mana, saha, ku saha, naon, sababna, kumaha
mana, di mana, kamana, iraha, kunaon, kumaha
saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha
saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha
saha, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha
Dina laporan hasil wawancara wangun narasi mah umumna maké basa nu ... .
kasar
lemes
loma
gaul
asing
Anu kagolong kana ciri-ciri téater rayat atawa drama tradisional nyaeta ... .
pagelaran jeung sétingna dinamis
pagelaranana dilaksanakeun dumasar atawa matok kana skénario
pamaénna leuwih ngandelkeun improvisasi
umumna dipagelarkeun di téater tertutup
pamaénna (aktris jeung aktorna) dipilih dumasar hasil casting
Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....
gending karesmén
tunil
sandiwara rayat
banjet
tarling
Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....
épilog
dialog
monolog
prolog
katalog
Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....
antagonis
protagonis
piguran
aktor
aktris
Titenan gambarna! Dina galur carita drama, lebah tanda tanya disebut ....
éksposisi
komplikasi
antiklimaks
klimaks
konfrontasi
Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....
tragédi
komédi
stratégi
sandiwara
komédi-tragédi
Tengetan runtuyan ieu di handap:
1) loba improvisasi
2) peran sutradara penting kacida
3) dipintonkeun di tempat terbuka
4) make naskah
5) taya wates jeung nu nongton
Téater rayat atawa drama tradisional cirina dituduhkeun ku nomer ....
1, 2, 3, 4, 5
1, 3, 5
2, 4
1, 3, 4, 5
1, 5
Runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah nyaeta ... .
nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung
nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung
nangtukeun aktor jeung aktris, nyusun naskah, nangtukeun sutradara, latihan, manggung
manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah
nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan
Tarjamahan tina kalimah "Saya merasa bangga menjadi orang Sunda." anu merenah nyaéta....
Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda
Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda
Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda
Kuring ngarasa genah jadi urang Sunda
Kuring ngarasa puas jadi urang Sunda
Lamun urang rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta....
ékabasa
dwibasa
istilah
asing
umum
Média nu kalintang penting pikeun narjamahkeun disebut....
buku
koran
kamus
majalah
novel
Marilah kita melestarikan bahasa Sunda, dengan cara mempraktikannya dalam komunikasi sehari-hari!
Kecap “melestarikan” sarua hartina jeung....
ngamalkeun
ngalastarikeun
ngamumulé
ngalarapkeun
ngarojong
Bu Eva pergi ke sekolah setiap pagi pukul 06.30.
Kecap “pergi” dina kalimah di luhur sarua hartina jeung ... .
mangkat
angkat
mios
indit
wangsul
Anu henteu kaasup kana pupuh sekar Ageung nya éta...
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Durma
Dangdanggula
és lilin mah, aduh kalapa muda
dibantun mah geuning ka Sukajadi
abdi isin, geuning, samar kaduga
sok sieun mah, aduh, henteu ...
Kecap nu cocog piekeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...
ngajadi
dunungan
paduduan
kamalinaan
dikalapaan
Munding dina kawih és lilin hartina ....
sapi
kambing
unta
kuda
kerbau
Kecap "ceuceu" dina kawih és lilin hartina ... .
adi awéwé
lanceuk lalaki
lanceuk awéwé
adi lalaki
ua lalaki
Di hanap ieu kalimah anu ngandung gaya basa mijalma / personifikasi, kajaba ....
Di langit méga milu bingung
Suling keur humaregung
Angin laut ngusapan haté kuring
Angin pangnepikeun haréwos haté kuring
Dahan kalapa oyag katiup angin
Kecap impenan hartina ....
Impian
cita-cita
kahayang
lamunan
tangisan
Paribasa batok bulu eusi madu ngandung harti ....
boga élmu tapi teu nyaho maksudna
kabudayaan asli éléh ku kabudayaan anu lain
ngunggulkeun diri sorangan
jelema anu rupana goréng tapi pinter
nu boga imah kaelehkeun ku semah
Lamun dipapatahan ku kolot téh ulah siga ... , eweuh tapakna pisan
ngaliarkeun taleus ateul
monyét ngagugulung kalapa
anjing tutung buntut
cai dina daun taleus
barangbang semplak
... atuh anu nyumputkeun sapatu urang tèh?
sabaraha
iraha
saha
naon
mana
Kecap basa lemesna tina permisi nyaèta ....
sawios
permios
wawartos
sanaos
nyarios
Sok atuh geura laporan ka Bu Dèwi!
Kecap serepan dina kalimah di luhur nyaèta ....
sok
atuh
geura
laporan
Bu Dewi
Biantara sarua hartina jeung ....
pupuh
pidato
sajak
kawih
paguneman
Pareuman ... tèh da teu dilalajoanan.
televisi
radio
laptop
komputer
tape recorder
Lapang tèh jadi tempat ... barudak.
pamandian
pagawèan
pamandangan
pangulinan
pangbalikan
(hurung) lampu, Jang, poèk!
Kecap anu merenah keur kecap dina jero kurung nyaèta ...
pahurungan
panghurungkeun
hurungan
panghurung
dihurungkeun
Anu teu kalebet kana Pandawa Lima nyaeta ...
Pandu
Bima
Nakula
Sadewa
Yudhistira
Anak na Bima nyaeta ...
Abimanyu
Srikandi
Gatotkaca
Arimbi
Arjuna
