NEW
Font size
WorksheetsSOAL SUNDA BAB 2 SISINDIRAN KELAS XI IPA 1-7
Total questions: 10
Worksheet time: 14mins
Mawa peti dina sundung,
dibawa ka Nusa Jawa.
Pangarti teu beurat nanggung,
kabisa teu beurat mawa.
Sisindiran di luhur mibanda sifat....
silih asih
sésébréd
piwuruk
silih asah
silih asuh
Dumasar kana sifatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....
paparikan, rarakitan, wawangsalan
piwuruk, sésébréd, silih asih
cangkang, eusi, wangsal
wawangsalan, tatarucingan, paparikan
tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
Teks:
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun awak
Sing getol neangan elmu
nu guna dunya aherat
sisindiran di luhur kaasup kana wanda...
Wawangsalan
Tatarucingan
Teteguhan
Paparikan
Rarakitan
Ciri sisindiran nyaeta unggal padalisan diwangun ku.....engang
9
7
5
8
4
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaeta...
unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi
padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang
sapadana diwangun ku opat padalisan
padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
..............................
..............................
Reog dongkol asli Banjar
yu riksa ku sadayana
Cangkang nu luyu pikeun ngalengkepan paparikan di luhur nyaeta.....
Tangkal jengkol ngajalajar
hoyong ngalaan buahna
Reog teh seni ti Banjar
yu riksa seni Sundana
Barudak keur dialajar
harusu reujeung daria
Ka pasar jeung si Bi Ipah
Inditna kana kareta
Ongkos ti Bandung nepi ka Banjar
Hargana dualas lima
Dumasar kana watekna, sisindiran dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta.....
Paparikan, rarakitan, wawangsalan
Piwuruk, sesebred, silihasih
Cangkang, eusi, wangsal
Wawangsalan, tatarucingan, paparikan
Tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
Sisindiran teh asalna tina kecap "sindir", anu hartina...
Omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun
Omongan atawa caritaan anu dijentrekeun
Omongan atawa caritaan anu dikawihkeun
Omongan atawa caritaan anu direka-reka
Teks:
Sawah ngemplang ditanduran
ka huma ngala jarami
Ulah renggang duduluran
dasarna silaturahmi
Sisindiran di luhur teh watekna nya eta...
Piwuruk
Silihasih
Sesebred
Wangsal
Paparikan
Wangsalna "salak", ari cangkangna nya eta....
Buah sisitan ngagonyok, ulah sok galak timburu
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun
Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikahayang
Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran
Maung tutul saba kasur, diri teu ngareunah cicing
