Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SISINDIRAN

Total questions: 25

Worksheet time: 6hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran nyaeta salah sahiji karya sastra prosa buhun nu umumna diwangun ku opat padalisan. Sisindiran teh kaasup karya sastra wangun .........

a)

prosa

b)

puisi

c)

drama

d)

carpon

2.

Tema / eusi sisindiran. Iwal .............

a)

amarah

b)

silih asih

c)

piwuruk

d)

sesebred

3.

sapadana diwangun ku dua padalisan. Sapadalisanna cangkang jeung padalisanna eusi nyaeta sisindiran............

a)

rarakitan

b)

wawangsalan

c)

paparikan

d)

wawacan

4.

Lamun urang nginum kanteh

Ulah resep make poleng

Lamun urang leutik keneh

Ulah resep ngomong goreng


Ungkara diluhur teh kaasup sisindiran .............

a)

rarakitan silih asih

b)

rarakitan piwuruk

c)

paparikan silih asih

d)

paparikan piwuruk

5.

Pilih sisindiran mana anu disebut rarakitan !

a)

Lamun rek meuli kaneron

kaditu ka warung dodo

Lamun urang tetep niron

Salawasna bakal bodo

b)

Jalan-jalan ka ciater

Loba tangkal nu ngajajar

Lamun urang hayang pinter

Kudu garetol diajar

c)

Kuring resep kana combro

meulina ti Sukajadi

Kuring resep ka jang Ibro

ngan hanjakal tara mandi

d)

Kuring resep buah kiwi

Hanjakal acan arasak

Kuring resep ka neng dewi

Hanjakal teu bisa masak

6.

Bedana paparikan jeung rarakitan nyaeta ...........

a)

Jumlah engang tiap padalisan kudu dalapan

b)

Lamun rarakitan mah kecap dina awal jajaranana sok dibalikan deui

c)

Sora vokal tungtung padalisan kudu murwakanti

d)

Jumlah padalisana kudu opat

7.

Anggeuskeus paparikan dihandap ieu !


Poe saptu poe kemis

Salasa heuleut-heuleutan

Saha itu muril kumis

..................................

a)

Osok loba gogodana

b)

Cimata geura susutan

c)

Lempangna eundeuk-eundeukkan

d)

Mun rek milu geuwat dangdan

8.

1.sapadana aya opat padalisan

2.unggal padalisan aya dalapan engang

3 sora engang anu panungtung padeukeut dina padalisan kahiji jeung katilu,kadua jeung kaopat

4.kecap anu mimiti sarua dina padalisan kahiji jeung katilu,kadua jeung kaopat


Ciri-ciri paparikan nyaeta ............

a)

1-2-3

b)

1-2-4

c)

2-3-4

d)

4-3-1

9.

Aron pacampur jeung gigih

Mun didahar kabuhulan

Niron ulangan kapanggih

Era teu cukup sabulan


Wangun sisindiran diluhur teh kaasup kana ............

a)

paparikan

b)

rarakiran

c)

wawangsalan

d)

guguritan

10.

Bongan suku teu mataan

Titajong lebah nu bala

Nyebutkeun duit jutaan

Ongkos ojeg nginjem heula


Eusi sisindiran diluhur nyaeta paparikan...............

a)

papatah

b)

piwuruk

c)

sesebred

d)

silih asih

11.

Ngaliwat ka leuweung tiis

Niat arek ka kamojang

Ngaku-ngaku selebritis

Hayang dideukeutan mojang


cangkang jeung eusi sisindiran diluhur nyaeta padalisan.........

a)

1,2+3,4

b)

1,3-2,4

c)

.1,4+2,3

d)

2,3-1,4

12.

Sisindiran nu diwangun ku sindir jeung eusi disebut .............

a)

paparikan

b)

wawangsalan

c)

sisindiran

d)

rarakitan

13.

Kembang bodas buah bunder,

.............................................(wangsalna jeruk}


Kalimah eusi wawangsalan diluhur nyaeta ...........

a)

Dag dig dug rasaning ati

b)

Ngaheruk nya pipikiran

c)

Lantaran dipikacinta

d)

Teu beunang dipikameumeut

14.

ulah sok nyiar kahulu

bisi aya anu mabok

............................

Bisi aya nu nyabok

a)

ulah jadi jalma liar

b)

ulah osok puak paok

c)

ulah osok gede hulu

d)

Ulah jadi sok gumede

15.

belut sisit saba darat

kapiraray siang wengi

wangsalna ...........

a)

simeut

b)

oray

c)

keong

d)

belut

16.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nu guna dunya aherat


Karangan diluhur kaasup conto ...........

a)

paparikan

b)

wawangsaln

c)

rarakitan

d)

puisi

17.

Sing getol nginum jajamu

Nu guna nguatkeun urat

Sing getol neangan elmu

Nu guna dunya aherat


Upama nilik kana eusina karangan diluhur teh ...............

a)

sesebred

b)

silih asih

c)

guguyon

d)

piwuruk

18.

Dina paparikan jeung rarakitan, bagian cangkangna aya dina padalisan............

a)

kahiji jeung katilu

b)

kadua jeung katilu

c)

Kahiji jeung kadua

d)

kadua jeung kaopat

19.

Dadampar di pagulingan

Alim ka nu kirang surti


Wawangsalan diluhur teh wangsalna ...........

a)

bantal

b)

simbut

c)

kasur

d)

guguling

20.

Wawangsalan dihandap teh wangsalna reungit

a)

Langit cai Leumpang ngijing, kadeuleu kayap-keyepna

b)

Laleur leutik hama raga, liarna sakolona langit

c)

Laleur hideung panyeureudan, kirangbara urang jadi

d)

Manuk lisung anu jalu, dagoan di pasampangan

21.

Hayam rintit nonggeng ka langit nyaeta...........

a)

Ganas

b)

Jagong

c)

Rambutan

d)

Komoceng

22.

Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh . nyaeta .......

a)

Balon

b)

Kertas

c)

Karet

d)

Kulit

23.

Kecap rajekan dwipurwa anu make rarangken tukang an diantarana ..........

a)

sisindiran

b)

terus-terusan

c)

borangan

d)

ngahalangan

24.

Cing pek teangan kalimah dihandap anu ngagunakeun kecap rajekan dwipurwa anu make rarangken tukang an ?

a)

Barudak keur ngalaan jambu tadi isuk.

b)

Kamari kuring jeung babaturan indit ka Tangkuban Perahu.

c)

Siti maturan indungna balanja ka Pasar.

d)

Pa, dihaturanan sumping ka rorompok.

25.

Kecap papanasan, huhujanan, kaasup conto kecap pagawean anu hartina .............

a)

“ngalakukeun pagawean terus-terusan”

b)

“ngalakukeun pagawean saperti anu”

c)

“ngalakukeun pagawean niru-niru

d)

“ngalakukeun pagawean kakenaan ku”