NEW
Font size
WorksheetsB. Sunda kelas 5
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Oray-Orayan
Oray-orayan, luar leor mapay sawah
Entong ka sawah, paréna keur sedeng beukah
Mending ge teuleum, di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi?
Anu mandina pandeuri.
Soal :
Naon nu luar-leor mapay sawah?
Anu mandi
Oray
Éntog
Barudak
Kaulinan gambar anu di luhur?
Gatrik
Gobag Sodor
Ucing Sumput / Petak Umpet
Ambil - ambilan
Naon hartina tina "kaulinan"?
Permainan
Wilayah
Anak - anak
Jaman dahulu
Olah raga nu maké rakét jeung bal leutik nyaeta...
Ngalestarikeun budaya daerah sangkan teu punah teh nyaeta tanggung jawab ….
masarakat
polisi
tentara
pa camat
Kalompok kecap barang nu biasa aya di sakola, nyaeta ... ( Bahasa Sunda )
Guru, bor, kelas
Siswa, guru, sawah
Pulisi, masjid, bor
Satpam, guru, sapedah
Hawa di kampung mah masih karasana seger kusabab loba keneh ….
mobil
tatangkalan
sakola
pabrik
Kabudayaan jeung kasenian daerah teh supaya teu punah kudu di ….
ganti
robah
jual
lestarikeun
Kaulinan anu maké papan kai dieusi kuwuk nyaéta ....
Galah asin
Oray-orayan
Congkak
Damdaman
anu di maksud gebeg dina maen langlayangan , nyaeta
langlayangan beurat sabeulah
langlayangan nyirorot
langlayangan leupas sorangan
ngaberean sina luhur
Bi Darmi nyangu dina kompor
subjek dina kalimah di luhur nyaeta......
nyangu
kompor
dina kompor
Bi Darmi
Kelompok kecap barang nu biasa aya di jalan, nyaéta ....
korsi, meja, lomari
papan tulis, kapur, guru
pulisi lalu lintas, mobil, motor
satpam, kapur, mandor
Kalimah nu nuduhkeun kalimah aktif, nyaéta ....
Congklak tina kai dijieun ku bapa.
Surat ijin keur diserat ku Sinta.
Kembang ros keur dipélak ku Ani.
Ani keur meuli sayur di pasar.
Dihandap ieu anu kaasup teu karangan narasi nyaeta....
dongeng
novel
paguneman
carpon
Kalimah panyeluk ditungtungan kutanda
?
!
.
"
Peuting harita mah ... lantaran listrikna pareum.
Kecap kaayaan nu merenah nyaeta ....
caang mambra
poek mongkleng
pait molelel
hejo carulang
Tanda baca anu mernah aya dina kalimah ....
Di, hayu urang indit ayena ?
Ibu bade angkat ka mana!
Irma, dagoan kuring!
Upami enjing bade ka mana.
Karangan anu ngabambarkeun hiji hal kalawan eces nepi ka bubuk leutikna, nyaeta ....
deskripsi
narasi
eksposisi
dongeng
sacara umum, karangan deskripsi kudu malire tilu hal, nyaeta ....
sistematis, runtun, ngawincik
sistematis, ngawincik, dadaran
sistematis, ngawincik, ngagunakeun kalimah nu maneuh
sistematis, ngagunakaeun kalimah nu maneuh, runtun
Kalimah anu subjekna teh malampah hiji pagawean atawa subjekna biasana nujadi pelakuna, nyaeta disebat ...
kalimah pasif
kalimah kaayaan
kalimah aktif
kalimah panyeluk
