NEW
Font size
WorksheetsLatihan Soal Basa Sunda (Kalimah Akif & Pasif)
Total questions: 10
Worksheet time: 6mins
Wangenan kalimah aktif nu bener nya eta ....
kalimah nu jejerna kakeunaan pagawean
kalimah nu jejerna ngalakukeun pagawean
kalimah nu caritaannana ngalakukeun pagawean
kalimah nu katerangannana ngalakukeun pagawean
Nu mangrupa conto kalimah aktif nu bener nya eta ....
Indungna keur disiaran ku Bi Cioh di buruan.
Isukan manehna bakal disunatan ku dokter Imron.
Di tukangeun imahna, Jajang keur mesek kalapa.
Di gigireun imahna, Sueb dipacok hayam.
Perhatikeun kalimah di handap!
1) Jatnika melak cau di kebon tukang.
2) Sulaeman mulung buah dukuh di kebon Mang Saja.
3) Ka sakola sapeda dituyun ku Aisah.
4) motor didorong ku barudak di lapangan basket.
5) Poe Senen bandera diibarkeun ku paskibra.
Nu mangrupa kalimah aktif nu bener nya eta ....
1 jeung 2
2 jeung 3
3 jeung 4
4 jeung 5
Munadi miceun runtah ka susukan (1). Munadi dicarekan ku bapana(2). Munadi dibaeudan ku adina(3). Munadi dimandian ku indungna(4).
Nu mangrupa kalimah aktif, kalimah ka ....
1
2
3
4
Kalimah nu jejerna kakeunaan pagawean, mangrupa wangenan kalimah ....
aktif
pasif
reaktif
langsung
conto kalimah pasif nu bener nya eta ....
Komar keur maca buku di perpustakaan.
Salamah nyisiran buukna anu kusut katebak angin.
Ka Tasik Bani angkat sareng ramadan tadi subuh.
Suku na ditincak ku Memet di lapang bola.
Tengetan kalimah dihandap!
1) Soang ngudag anak hayam
2) Indung hayam ngabintih soang nu memerik anakna.
3) Soang dibaledog ku juragan Mastur.
4) Ucing diusapan Husna di tepas imahna.
5) Anak ucing diletakan ku indungna.
Nu nuduhkeun kalimah pasif nyaeta ....
1, 2, jeung 3
1, 2, jeung 4
2, 3, jeung 4
3, 4, jeung 5
Imam ulin jeung Kasno di buruan(1). Kasno dibaledog ku Mamat(2). Mamat lumpat ka pipir imah(3). Kasno ngudag Mamat ka pipir imah(4).
Kalimah kasabaraha nu mangrupa kalimah pasif?
1
2
3
4
Kang Nunu ngajalankeun kareta api ka Garut. Saupama dirobah kana kalimah pasif, eta kalimah jadi ....
Kang Nunu dijalankeun kareta api ka Garut.
Ngajalankeun kareta api Kang Nunu ka Garut.
Kareta api dijalankeun Kang Nunu ka Garut
Kareta api ngajalankeun Kang Nunu ka Garut.
Ucing ditalenggoran barudak di kebon salak. Saupama dirobah jadi kalimah aktif, eta kalimah jadi ....
Barudak nalenggoran ucing di kebon salak
Barudak ditalenggoran ucing di kebon salak.
Ucing nalenggoran barudak di kebon salak.
Di kebon salak, ucing ditalenggoran ku barudak.
