NEW
Font size
WorksheetsULANGAN HARIAN 2 (Kawih) KELAS X
Total questions: 15
Worksheet time: 12mins
Manuk Dadali téh nya éta salasahiji anu kaasup kana conto kawih. Aya bédana antara kawih, kakawihan jeung tembang. Lalaguan Sunda nu kauger ku patokan disebut ...
Tembang
Pupuh
Kakawihan
Kawih
pantun
Sedengkeun lalaguan Sunda anu teu kauger ku patokan disebut ...
Tembang
pantun
Pupuh
Kakawihan
Kawih
Lalaguan Sunda anu sok dihaleuangkeun ku barudak basa ulin disebut ...
Tembang
Kakawihan
Pupuh
Kawih
pantun
Kawih bisa dibédakeun jadi kawih klasik jeung kawih pop. Kawih Klasik téh nya éta kawih anu aya di jaman baheula, sedengkeun kawih pop nya éta kawih nu aya di jaman kiwari. Nu teu kaasup kana kawih nya éta ...
Pupuh sinom
Hayang kawin
Bangbung hideung
Panon hideung
kalangkang
Kawih bisa dibédakeun jadi kawih klasik jeung kawih pop. Kawih Klasik téh nya éta kawih anu aya di jaman baheula, sedengkeun kawih pop nya éta kawih nu aya di jaman kiwari. Nu kaasup kana conto kawih buhun nya éta ...
Kalangkang
Pangandaran
Bulan Batu Hiu
Karatagan Pahlawan
Mobil Butut
Kakawihan téh nya éta lalaguan Sunda nu dihaleuangkeun ku barudak lamun keur arulin. Nu kaasup kana conto kakawihan nya éta ...
Pupuh Ladrang
Manuk Dadali
Pérépét Jéngkol
Kalangkang
Cinta
Sedengkeun nu kaasup kana kawih modern nya éta ...
Kalangkang
Mojang Priangan
Bulan Batu Hiu
Karatagan Pahlawan
Bajing Luncat
Tembang téh lalaguan Sunda nu kauger ku aturan atawa patokan.Nu teu kaasup kana patokan dina tembang téh salasahijina nya éta ...
Jumlah engang
Jejerna
Ekspresi ngahaleuangna
sora guru lagu
Jumlah guru wilangan
Kawih nu jejerna ngeunaan paturay tineung nya éta ...
Mobil Butut
Pileuleuyan
Pangandaran
Kalangkang
Cingciripit
Kakawihan nu biasana dipaké keur nangtukeun nu jadi ucing dina ulinan ucing sumput nya éta ...
Cingciripit
Pérépét jengkol
Oray-orayan
Jaleuleu Ja
Kalangkang
Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir titadina
Lamun bakal nyeri haté
Hoream teu sudi teuing
Neangan pipanyakiteun 2x
Ungkara dina lagu di luhur ngébréhkeun rasa ….
gumbira
sedih
hanjelu
sumanget
kasieun
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panonpoé, panon poé disasaté
Unggal bulan-unggal bulan abdi teang
Unggal poé, unggal poé ogé hadé
Lamun ningali tina jumlah engang jeung purwakantina, kawih “Bubuy Bulan” téh diwangun ku ....
sajak
puisi bebas
pupuh
mantra
sisindiran
Upama ku urang diregepkeun, kawih “Bubuy Bulan” téh némbongkeun rasa pangarang anu ....
sedih
nalangsa
nganti -nganti
gumbira
panasaran
Rumpaka kawih téh saenyana mah sarua jeung sajak atawa puisi pédah sok dihaleuangkeun. Ieu di handap nu teu kaasup kana unsur-unsur kawih, nya éta…
Jejer
amanat
nada
purwakanti
galur
Dina rumpaka kawih aya nu disebut adegan lahir jeung adegan bathin. Adegan lahir nya eta unsur fisik rumpaka kawih nu disawang tina wangunna. Anu teu kaasup kana adegan lahir nya eta ...
tipografi
diksi
imaji
purwakanti
amanat
