wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda XII Resensi Buku

Total questions: 28

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Tulisan anu eusina mangrupa timbangan hade goréngna hiji buku atawa karya sastra disebut...

a)

Presensi

b)

Resensi

c)

Residensi

d)

Resolusi

2.

Tina basa Perancis, resensi teh disebut...

a)

Recensie

b)

Revidere/Recensere

c)

Review

d)

Recreate

3.

Dina basa Walanda, resensi teh disebut...

a)

Recensie

b)

Revidere/Recensere

c)

Review

d)

Recreate

4.

Objek anu bisa diresensi, iwal...

a)

Musik

b)

Buku

c)

Film

d)

Lukisan

5.

Aya sabaraha struktur dina resensi?

a)

4

b)

5

c)

6

d)

7

6.

Judul, pangarang, penerbit, taun terbit, kandel buku, jeung ukuran buku kaasup kana bagian struktur resensi...

a)

Timbangan hade goreng karya

b)

Data karya

c)

Kasang tukang

d)

Rekomendasi/saran keur nu maca

7.

Pangajen nu nulis resensi kana alus jeung goréngna buku nu dirésénsi disebut...

a)

Timbangan hade goreng karya

b)

Kasang tukang

c)

Sinopsis

d)

Data buku/karya

8.

Kacindekan atawa saran nu nulis ka nu maca résénsi disebut...

a)

Rekomendasi/saran

b)

Timbangan hade goreng

c)

Data karya/buku

d)

Sinopsis

9.

Ngadadarkeun rangkuman eusi buku, kaasup kana bagean struktur resensi...

a)

Rekomendasi/Saran

b)

Timbangan Hade Goreng

c)

Sinopsis

d)

Data Karya

10.

Nyaéta alesan nu nulis résénsi dina ngarésénsi éta buku, kaasup kana bagean struktur resensi....

a)

Kasang Tukang

b)

Rekomendasi/Saran

c)

Data Karya

d)

Sinopsis

11.

Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....

a)

recensere

b)

review

c)

reduplication

d)

recensie

e)

resensi

12.

Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “recensie” nu asalna tina basa ....

a)

Prancis

b)

Jerman

c)

Bélgia

d)

Walanda

e)

Inggris

13.

Titénan runtuyan ieu di handap:

1) buku

2) film

3) upacara adat

4) pintonan drama

5) album musik

Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 3, 4, 5

c)

1, 2, 4, 5

d)

2, 3, 4, 5

e)

3, 4, 5

14.

Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....

a)

méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna

b)

ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana

c)

ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku

d)

méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna

e)

méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina

15.

Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....

a)

buku fiksi atawa non fiksi

b)

buku kasohor atawa buku teu kasohor

c)

buku penting atawa buku nu teu penting

d)

buku kandel atawa buku ipis

e)

buku murah atawa buku mahal

16.

Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga kitu téh kapanggih dina wanda résénsi ....

a)

arguméntatif

b)

informatif

c)

kritis

d)

naratif

e)

déskriptif

17.

Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang atawa ngabedah buku sacara detil bab per bab tanpa dibarengan ku sawangan kritis atawa tanpa kritik. Bahasan siga kitu téh ilahar kapanggih dina résénsi jenis ....

a)

Arguméntatif

b)

Informatif

c)

Kritis

d)

Naratif

e)

déskriptif

18.

Bahasan résénsi mangrupa dadaran anu taliti, ngagunakeun métodeu kaélmuan, sarta ngagunakeun sikep kritis anu obyéktif dina nyawang eusi buku. Jenis résénsi kawas kitu téh kagolong kana résénsi ....

a)

kritis

b)

déskriptif

c)

informatif

d)

arguméntatif

e)

persuasif

19.

Titénan dadaran ieu di handap:


1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;

2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;

3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;

4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).


Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....

a)

1 jeung 2

b)

1, 2, jeung 3

c)

1, 3, jeung 4

d)

2 jeung 3

e)

2, 3, jeung 4

20.

“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar. Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....

a)

data buku

b)

déskripsi bab per bab

c)

kasang tukang

d)

rékoméndasi keur calon nu maca

e)

kritik kana eusi buku

21.

Résénsi buku téh biasa ditulis keur muatkeuneun dina média massa kawas koran atawa majalah, anu tulisanana mangrupa ....

a)

fiksi

b)

artikel

c)

opini

d)

kolom

e)

tajuk rencana

22.

Ku sabab muatkeuneun di média massa, karangan résénsi buku kudu ngéstokeun sarat-sarat tulisan dina média massa anu antarana baé ....

a)

basana kudu ilmiah luyu jeung aturan karangan ilmiah populér

b)

bahasanana kudu populér luyu jeung sipat koran

c)

basana kudu populér dina harti bisa kaharti ku saha baé

d)

karanganana kudu panjang sarta méré informasi anu detil

e)

tulisanana kudu naghudang kapanasaran nu maca

23.

Résénsi buku ditulis ku hiji jalma keur rupa-rupa tujuan, di antarana pikeun ....

a)

promosi buku anyar

b)

promosi majalah anyar

c)

promosi album musik anyar

d)

promosi film anyar

e)

promosi buku sorangan

24.

1) Promosi buku nu anyar terbit

2) Bukuna fénoménal

3) Bukuna geus lila terbit sarta masih dibaraca

4) Eusi bukuna penting keur dibaca ku balaréa

5) Bukuna ditulis ku pangarang sohor


Tujuan ditulisna résénsi buku téhantarana baé dituduhkeun ku nomer ....

a)

1,3,5

b)

1,2,3

c)

1,2,4

d)

3,4,5

e)

1,2,5

25.

Lamun nu dirésénsi ku urang téh buku kumpulan carita pondok, sinopsis nu kudu disusun ku urang dina éta karangan résénsi téh alusna mah ....

a)

unggal carpon dipedar hiji-hiji

b)

unggal carpon disebutkeun judulna masing detil

c)

carpon nu dimuat dina éta buku dibahas kalawan singget

d)

sakabéh carpon dibahas téma jeung ringkesan caritana

e)

carpon dina éta buku teu kudu dibahas atawa diringkes

26.

Anu teu kaasup kana Identitas Buku, nya eta….

a)

Judul Buku

b)

Jumlah Buku

c)

Pangarang Buku

d)

Nu Ngedit Buku

e)

Penerbit

27.

Kecap sejen tina teks resensi nya eta....

a)

Teks Ulasan

b)

Teks ringkasa

c)

Teks Anekdot

d)

Teks Negosiasi

e)

Teks Rangkuman

28.

Sababaraha jenis buku fiksi jeung nonfiksi bias urang reflika tina wangun

a)

Artikel

b)

Resensi

c)

Parafrasa

d)

Sinopsis

e)

Prosa