wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sisindiran Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran asal kecap tina....

a)

sundar-sindir

b)

sisindir

c)

sindir

d)

sindiran

2.

sisindiran kaasup karya sastra wangun puisi nu ditulis kalawan kreatif, diwangun ku...

a)

cangkang

b)

eusi

c)

bubuka jeung panutup

d)

cangkang jeung eusi

3.

Paparikan asal kecap tina 'parik' nu ngandung harti...

a)

deukeut

b)

padempet

c)

jauh

d)

ngahiji

4.

Rarakitan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta kecap mimiti dina jajaran…

a)

Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

Ka-2 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-4 eusi

d)

Ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

5.

sawah ngemplang ditanduran

ka huma ngala jarami

ulah renggang duduluran

dasarna silaturahmi


Sisindiran di luhur kaasup wangun...

a)

paparikan

b)

wawangsalan

c)

rarakitan

d)

papantunan

6.

saur saha batik mirah

sok atuh geura tarosan

saur saha abdi narah

sok atuh geura tarosan


Rarakitan di luhur nu kaasup cangkang aya dina padalisan...

a)

kahiji

b)

katilu jeung kaopat

c)

kadua

d)

kahiji jeung kadua

7.

Paparikan mibanda salasahiji ciri ieu di handap, nyaéta padeukeutna sora dina jajaran…

a)

Ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang

b)

Ka-3 jeung jajaran ka-4 eusi

c)

Ka-1 jeung ka-3, ka-2 jeung ka-4

d)

Ka-2 jeung jajaran ka-3

8.

Dumasar kana sipatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

Paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

Piwuruk, sésébréd, silihasih

c)

Cangkang, eusi, wangsal

d)

Wawangsalan, tatarucingan, paparikan

9.

Tangkal tanjung sisi gunung

tangkal laja jeung kalapa

nya munjung kudu ka indung

nya muja kudu ka bapa


Watek paparikan di luhur nyaeta...

a)

piwuruk

b)

silih asih

c)

sesebred

d)

asmara

10.

Sing getol nginum jajamu

nu guna nguatkeun awak

sing getol neangan elmu

nu guna dunya aherat


Sisindiran di luhur kaasup wangun ....

a)

Rarakitan

b)

Wawangsalan

c)

Paparikan

d)

Papantunan

11.

Mawa peti dina sundung,

Dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

Kabisa teu beurat mawa.


Sisindiran di luhur kaasup kana wanda…

a)

Wawangsalan

b)

Tatarucingan

c)

Paparikan

d)

Rarakitan

12.

Téks:

Pikasureun dijarumat,

Jarumna harga sasénan.

Saluhureun kudu hormat,

……………………………


Ungkara anu merenah keur ngalengkepan sisindiran di luhur, nyaéta…

a)

Sasama kudu ajénan

b)

Hubungan dihargaan

c)

Dulur baraya agéhan

d)

Sasama kudu ajénan

13.

Bibika tipung tarigu,

Ku engkang henteu kaharti.


Wangsalna, nyaéta…

a)

Kungkang

b)

Bibika

c)

Tipung

d)

Roti

14.

kleup maen bal Maung Bandung

tos nasib kedah paturay


Naon wangsal sisindiran di luhur....

a)

Persib

b)

Arema

c)

Spanyol

d)

Persija

15.

Mana nu kaasup wawangsalan di handap ieu nu wangsalna cepot...

a)

Panakawan anak semar

nineung ku kempot pipina

b)

Awi lantas pisulingeun

rek miang beurat ngalengkah

c)

Bulan cikal awal taun

tara-tara tisasari

d)

Manila ibukotana

katampina matak isin

16.

Torotol kembang sapatu

kembang bolang gurat-gurat

sing getol nu ima waktu

bekel mulang ka aherat


Sisindiran di luhur kaasup wangun....

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

sajak

17.

Torotol kembang sapatu

kembang bolang gurat-gurat

sing getol nu ima waktu

bekel mulang ka aherat


Watek sisindiran di luhur nyaeta...

a)

Piwuruk

b)

Sesebred

c)

Silih asih

d)

Asmara

18.

Gabus lain deleg lain

bogoh mah balaka bae


Eusi wawangsalan di luhur nyaeta...

a)

bogo

b)

jaer

c)

impun

d)

gurame

19.

Wangsalna "simeut", ari cangkangna nyaéta…

a)

Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut.

b)

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun.

c)

Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang.

d)

Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran.

20.

Wangsalna "jeruk", ari cangkangna nyaéta…

a)

Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut.

b)

Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun.

c)

Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang.

d)

Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran.