WorksheetsUlangan B. Sunda Bab 3
Total questions: 15
Worksheet time: 8mins
Di Indonesia aya dua usum, nyaeta usum hujan jeung usum . . . .
Halodo
Muguran
Angin
Usum halodo ditandaan ku . . .
Hujan ngecrek
Sok aya caah
Sok aya kahuruan
Dina usum hujan sok . . .
Kakurangan cai
Aya kahuruan
Baju baseuh hese garing
Hujan ngagebret dibarung ku sora dor dar . . . .
Angin
Panon poe
Gelap
Runtah nu dipiceun ka walungan bisa nimbulkeun caah.
Caah sarua jeung . . . .
Longsor
Banjir
Hujan
Jalan loba nu kakeueum cai, lamun keur usum . . .
Halodo
Angin
Hujan
Datangna caah teh sabab sok miceun . . . . ka walungan
Runtah
Dahareun
Cai
Mun usum halodo cai sumur sok saat, wayahna cai kudu . . .
Dihemat
Dikotoran
Diwadahan
Dina usum hujan angin, loba . . . . . nu rungkad
Tatangkalan
Angin
Bentang
Pek baca sisindiran di handap ieu!
Kekebul ngotoran kaca
Mangsana usum halodo
Mun urang teu resep maca
Tangtu jadi jelma bodo
Sisindiran di luhur ngingetkeun urang sangkan urang . . .
Getol maca
Getol diajar
Getol ulin
Pek baca sisindiran di handap ieu!
Cai hujan keur kekemu,
Diwadahan kana botol,
Urang wajib nyiar elmu,
Ka sakola kudu getol.
Nasehat Sisindiran di luhur nyaeta . .
Urang kudu getol nyiar elmu
Urang kudu getol mawa botol
Urang kudu getol kekemu
Pek hidep baca sisisndiran di handap ieu!
Ka pasar meuli calana
Jalana ka Sindangkasih
Sangkan teu benang ku Corona
Kudu rajin .........
Kecap anu tepat pikeun ngeusian sisindiran di luhur nyaeta . . .
Beberesih
Kukumbah
Make masker
Pek hidep baca sisisndiran di handap ieu!
Kudu daek nginum jajamu
Gunanana nguatkeun urat
Kudu daek neangan elmu
Nu guna dunya ...........
Kecap anu tepat pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaeta . . .
Aherat
Alam
Manusa
Sora gelap . . . . matak waas nu ngupingna
TIngkarelip
Tingjeleger
Tingburusut
Barudak . . . . lalumpatan sieun kahujanan
Tingkalayang
Tingberebet
Tinggeleber
