WorksheetsLatihan B. Sunda
Total questions: 15
Worksheet time: 15mins
Dina paguneman urang téh pasti silih témpas atawa silih témbal, kukituna paguneman téh dilakukeun ku….
sorangan bari sorana bedas
duaan tapi nu ngomongna saurang
duaan atawa leuwih bari silih témpas
sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur
Lamun urang nyarita jeung jalma anu pantes dipihormat, saluhureun, atawa dina suasana anu resmi biasana ragam basa anu dipakéna kudu basa....
kasar
saayana
lemes
loma
Yayan: “Punten!”
Adang: “Mangga! Éh geuning Yayan. Mangga ka lebet, Yan!”
Yayan: “Hatur nuhun, da moal lami ieu téh”
Adang : "Aya naon Yan ?”
.........
Sempalan di luhur kaasup kana….
diskusi
debat
sawala
paguneman
Indung kuring mah guru, ngajarna di SMP.
Ragam basa hormat tina éta kalimah nya éta….
pun ibu mah guru, ngajarna di SMP
pun ema mah guru, ngawulangna di SMP
pun ibu mah guru, ngajarna di SMP
pun biang mah guru, ngawulangna di SMP
Ayeuna pun adi tos kelas 5 SD.
Dina kalimah anu geus dibacakeun aya kecap pun adi, kecap pun miboga harti….
anu kuring
anu batur
anu saha waé
anu salira
Salah sahiji kaulinan anu henteu dibarung ku kakawihan nyaéta….
ucang-ucang anggé
pérépét jéngol
anjang-anjangan
ambil-ambilan
Dumasar kana prak-prakanana kaulinan barudak téh aya nu di barung ku….
wawangsalan
kakawihan
paribasa
sisindiran
Gatrik téh mangrupa kaulinan barudak anu dilakukeunna ku lobaan. Gatrik ilaharna ngagunakeun alat anu dijieuna tina….
awi
kai
beusi
plastik
Cara nangtukeun ucing dina kaulinan ucing-ucingan nyaéta ku….
lulumpatan
tatarucingan
hompimpah
seuseurian
Anu kaasup kana kaulinan barudak anu dibarung ku kakawihan nyaéta....
pérépét jéngkol, ambil-ambilan, jeung eundeuk-eundeukan
ucang-ucang anggé, jajangkungan, jeung pérépét jéngkol
boy-boyan, sondah, jeung ucing-ucingan
oray-orayan, gatrik, jeung cingciripit
Sagala rupa hal anu kungsi kaalaman ku hiji jalma disebut….
biografi
autobiografi
biantara
pangalaman
Pangalaman téh kabagi kana dua bagéan nyaéta….
batur jeung dulur
batur jeung sapopoé
sapopoé jeung luar biasa
sapopoé jeung pribadi
Pangalaman anu bisa jadi ngan saukur karandapan sakali dina saumur hirup disebut pangalaman….
luar biasa
sapopoé
biasa
pribadi
Pupujian asalna tina kecap...
pupuji
pujian
mupuji
puji
Éling-éling dulur kabéh,
Ibadah ulah campoléh,
Beurang peuting ulah weléh,
Bisina kaburu paéh
Eusi pupujian di luhur kaasup kana pupujian….
tobat ka pangéran
pépéling keur sakabeh manusa
ajaran pikeun agama islam
muji ka Gusti Alloh
