wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

B.SUNDA Kelas VII

Total questions: 60

Worksheet time: 45mins

Name
Class
Date
1.

Bagja : "Ieu korsi kosong kénéh, meunang kuring diuk di dieu?"

Ahmad : "Heug. Tacan aya nu nyicingan."

Bagja : "Nuhun, nya!"

Sabaraha urang nu keur gunemcatur téh?

a)

genep urang

b)

dua urang

c)

tilu urang

d)

hiji urang

2.

Saha baé ngaran-ngaranna?

a)

Ahmad jeung Kuring

b)

Ahmad jeung Bagja

c)

Ahmad jeung Korsi

d)

Ahmad jeun Tacan

3.

Bagja : "Kenalkeun, kuring Bagja!"

Ahmad : "Kuring Ahmad."

Bagja : "Asal ti SD mana? Kuring mah ti SD Binong 1."

Ahmad : " Kuring ti SDN 2 Cilimus, Kuningan."

Di mana éta gunemcatur téh lumangsungna?

a)

Di SD Binong 1

b)

Di SDN 2 Cilimus, Kuningan

c)

Di Sakola anyar

d)

Di SD baheula

4.

Heug. Tacan aya nu nyicingan.

Rarangkén tukang dina kecap nyicingan nyaéta ...

a)

-ing

b)

-nyi

c)

-an

d)

-ngan

5.

Kenalkeun, kuring Bagja.

Rarangkén tukang dina kecap kenalkeun nyaéta ...

a)

-eun

b)

-keun

c)

-un

d)

-ken

6.

Aranjeunna di dieu muka usaha. Rarangkén tukang dina kecap Aranjeunna nyaéta ...

a)

-na

b)

-nna

c)

-eun

d)

-ar

7.

Dina raraga miéling Tepung Taun Kemerdékaan Republik Indonesia ka-63, sakola badé ngayakeun kagiatan, nyaéta lomba kabersihan kelas.

Wawaran di luhur ngagalantangkeun ngeunaan ...

a)

Lomba kabersihan kelas

b)

Tepung Taun Kemerdékaan Republik Indonesia ka-63

c)

Sakola badé ngayakeun kagiatan

d)

Raraga miéling Tepung Taun

8.

Sim kuring salaku ketua OSIS ngumumkeun ka sakumna pangurus OSIS sangkan hadir kana rapat panitia Pasantrén Ramadhan dinten Salasa, kaping 27 Oktober 2008.

Wawaran di luhur kaasup kana jenis ...

a)

Wawaran libur sakola

b)

Wawaran Halal Bihalal

c)

Wawaran lomba

d)

Wawaran rapat

9.

Ngagalantangkeun pangumuman aya sababaraha hal anu kudu di perhatikeun di antarana, kecuali ...

a)

audiéns

b)

iraha waktosna

c)

dimana tempatna

d)

teu jelas sorana

10.

Dina sajarah "Asal-usul Ngaran Tangerang" ngaran Tangerang téh asalna ti dua kecap, nyaéta ...

a)

tengger jeung perang

b)

tengger jeung terang

c)

tengger jeung herang

d)

tengger jeung tugu

11.

Kampung anu masih keneh nyekel tur ngalaksanakeun tali paranti karuhunna disebut kampung ....

a)

buhun

b)

adat

c)

babakan

d)

dusun

12.

Anu mingpin Kampung Kasepuhan Ciptagelar disebutna ....

a)

pamangku kampung

b)

sesepuh girang

c)

puun

d)

jaro

13.

Kampung Kasepuhan Ciptagelar asalna mah pindahan ti ....

a)

Desa Sirnarasa

b)

Desa Sirnaresmi

c)

Desa Ciptamulya

d)

Desa Cisimeut

14.

Warga masarakat kasepuhan anu masih keneh aya rundayan pamingpin kampung disebutna ....

a)

warga jiwa deket

b)

warga jiwa luar

c)

warga jiwa jauh

d)

warga jiwa jero

15.

Di kampung Ciptagelar, dukun tani teh disebutna ....

a)

pamakayaan

b)

pamangku

c)

bareusan

d)

sesepuh

16.

Anu dianggap ngadegkeun Kampung Naga teh nyaeta ....

a)

Eyang Dalem Singaparna

b)

Ki Demang Haur Tangtu

c)

Ucup Sucipta

d)

Puun Buluh Panuh

17.

Wangun suhunan imah di Kampung Naga, nyaeta ....

a)

Suhunan jure

b)

Suhunan panjang

c)

Suhunan capit gunting

d)

Suhunan julang ngapak

18.

Di Sunda teh aya istilah-istilah arsitektur, nyaeta ngaran-ngarah bentuk imah. Di handap ieu mangrupakeun istilah arsitektur Sunda, iwal ti ....

a)

badak heuay

b)

julang ngapak

c)

kuda heuay

d)

parahu kumureb

19.

Kalimah anu eusina ngawawarkeun atawa mere beja ka batur, anu dipiharep meunang responsi anu mangrupa perhatian mangrupakeun harti tina kalimah ....

a)

panyapuk

b)

pananya

c)

wawaran

d)

parentah

20.

Kalimah di handap ieu anu mangrupakeun conto kalimah panyapuk nyaeta ....

a)

kampung Ciptagelar teh kaasup kana kampung adat.

b)

tah, lamun kitu mah kuring oge satuju.

c)

kunaon barudak teh caricing wae di luar?

d)

kampung adat ngukuhan tali paranti karuhunna

21.

Kumaha kaayaan imah di kampung Ciptagelar teh?


Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....

a)

wawaran

b)

pananya

c)

panyapuk

d)

parentah

22.

Nu disebut kalimah panyapuk teh nyaeta ....

a)

kalimah anu eusina ngawawarkeun atawa mere beja ka batur, anu dipiharep meunang responsi nu mangrupa perhatian

b)

kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka batur, anu dipiharep meunang responsi nu mangrupa jawaban

c)

kalimah anu eusina ngaenyakeun, nyatujuan, atawa nyapukan naon-naon nu diomongkeun ku batur

d)

kalimah anu eusina mere parentah ka batur

23.

Di handap mangrupakeun ngaran-ngaran kampung adat nu aya di Jawa Barat, iwal ti ....

a)

Kampung adat Ciptagelar

b)

Kampung adat Naga

c)

Kampung adat Mahmud

d)

Kampung adat Cirebon

24.

"Nepangkeun nami abdi, Sule! "

a)

Berpamitan

b)

Memohon ijin

c)

Memperkenalkan diri

d)

Berterimakasih

25.

"Bade kamana, Kang? "

a)

Menyapa

b)

Menegur

c)

Berterimakasih

d)

Memohon ijin

26.

"Hatur nuhun, Neng! "

a)

Memohon ijin

b)

Berterimakasih

c)

Menyapa

d)

Menegur

27.

"Abdi bade mulih tipayun ka imah! "

a)

Menegur

b)

Menyapa

c)

Berkenalan

d)

Mohon pamit

28.

Kaulinan barudak nu maen biasana barudak awewe

a)

Beklen

b)

Galah

c)

Oray-orayan

d)

Ngadu kaleci

29.

Oray-orayan

Luar-leor ka sawah

...


Kakawihan eta dikawihkeun dina kaulinan barudak?

a)

Dam-daman

b)

Eundeuk-eundeukan

c)

Paciwit-ciwit lutung

d)

Oray-orayan

30.

(teks pupujian)

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah weleh

Bisina kaburu paeh

....


Isi pupujian itu adalah

a)

Ajakan menuntut Ilmu

b)

Ajakan memanfaatkan waktu

c)

Ajakan beribadah

d)

Ajakan saling mengingatkan kesabaran

31.

(teks pupujian)

Anak Adam anjeun di dunya ngumbara

Umur anjeun di dunya teh moal lila

....


Isi pupujian di atas adalah

a)

Mengingatkan kematian

b)

Mengingatkan beribadah

c)

Mengingatkan bersolawat nabi

d)

Mengingatkan tentang zakat

32.

Dongeng yang menceritakan asal usul kejadian suatu tempat, benda, hewan, atau tumbuhan.


Dalam bahasa Sunda.

a)

Dongeng fabel

b)

Dongeng Sasakala

c)

Dongeng Mite

d)

Dongeng Parabel

33.

(teks sajak "Aci Lemah Cai")


Sikep saregep marengan lagu kebangsaan

"Indonesia Raya"

Kareueus tan wangenan

Diparengkeun jadi bangsa Indonesia

....


Isi sajak diatas?

a)

Perjuangan

b)

Patriotisme

c)

Kebhinekaan

d)

Bela Bangsa

34.

Sipat tokoh Nyi Endit dalam dongeng sasakala "Situ Bagendit"

a)

welas asih (pengasih)

b)

Berehan (pemurah)

c)

Pedit (kikir)

d)

Ngedul (malas)

35.

Iklan Layanan Masyarakat ieu maksudna, ngajak cicing di imah supaya dijauhkeun tina panyakit

a)

panas

b)

corona

c)

sesek napas

d)

batuk

36.

Iklan Layanan Masyarakat ieu maksudna, ngajak supaya urang sarerea ngajauhkeun diri tina...

a)

tutuwuhan

b)

akar-akaran

c)

jarum suntik

d)

Narkoba

37.

Aksara Sunda Ini dibaca!

a)

Kaganya

b)

Kaganga

c)

Kagana

d)

Kagasa

38.

Senjata ini merupakan simbol pusaka masyarakat Jawa Barat. Senjata ini bernama...

a)

kujang

b)

keris

c)

pedang

d)

tombak

39.

Pakarangan hartina nyaeta ....

a)

tanaman

b)

bunga

c)

pohon

d)

halaman

40.

anak bangkong...

a)

bogo

b)

buyur

c)

buruy

d)

bancet

41.

anak gajah...

a)

lone

b)

begu

c)

menel

d)

belo

42.

conto kecap panganteur:

am dahar

barakatak seuri

dug=....

a)

beledug

b)

luncat

c)

sare

d)

diadu

43.

jajangkar nyaeta sesebutan keur hayam nu geus kolot.

a)

bener

b)

salah

44.

anjing=ngagoggog

ucing =ngeong

entog=.....

a)

sesegrok

b)

ngawekwek

c)

ngahoshos

d)

ngagerem

45.

Minangka pamungkas saur, bilih ngawur, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, Wassalamu”alikum Wr.Wb.,

Paragraf di luhur kaasup...............biantara.

a)

Bubuka

b)

Panutup

c)

Sambutan

d)

Salam Pamuka

e)

Salam Panutup

46.

Baca ieu sempalan biantara!

Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.

Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?

a)

paturay tineung

b)

hajat kawinan

c)

tujuh belasan

d)

karang taruna

47.

Naon anu disebut biantara téh?

a)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara

b)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama

c)

nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara

d)

nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan

48.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

49.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

50.

Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

salam panutup

51.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

52.

…….

Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal nu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantara urang kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pelajaran jeung babaturan…..


Ungkara kalimah diluhur mang rupa conto bagian…..

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

harepan biantara

53.

Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…..

a)

Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir

b)

Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun

c)

Urang tampil sangakan ka puji ku batur

d)

Urang moal salah macakeun teks biantara

54.

Jalma nu ahli biantara disebut …..

a)

orator

b)

hotib

c)

operator

d)

proklamator

55.

1) Miboga tujuan

2) eusina ngandung bebeneran

3) cara nepikeunana disaluyukeun jeng pamiarsa/audience

4) nyiptakeun suasana efektif jeng pamiarsa/ audience

5) cara nepikeunana jelas serta matak ngirut

6) nggunakeun intonasi, artikulasi sarta volume sora nu jelas.


sawatara hal diluhur nyaeta mangrupa…...biantara

a)

sifat biantara

b)

Tujuan biantara

c)

ciri-ciri biantara

d)

fungsi biantara

56.
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
a)
Dongeng
b)
Biantara
c)
Pupuh
d)
Pantun
e)
Carita Wayang
57.

Hadirin sadayana.

Acara paturai tineung téh jadi panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa lulus sepertos ayeuna, upami teu di didik sareng diaping ku ibu iwah bapa guru sadayana.

Ku kituna abdi sadaya ngahaturkeun séwu nuhun kasadaya, muga–muga waé amal kasaean ibu miwah bapa guru kénging ganjaran anu satimpal.


Saha nu biantara dina wacana diluhur téh !

a)

wakil murid

b)

wakil guru

c)

kepala sekola

d)

para siswa

58.

pamingpin ieu di handap anu handal dina biantara atawa disebut orator ulung

a)
b)
c)
d)
e)
59.

Dina téhnik biantara aya anu disebut téhnik ékstémporan. Naon éta téh maksudna …

a)

téhnik maca naskah

b)

téhnik ngapalkeun

c)

téhnik ngapalkeun gurat badagna

d)

téhnik improvisasi

60.

Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....

a)

kacapi suling

b)

ketuk tilu

c)

sandiwara

d)

tanjidor