wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Akhir Semester "Bahasa Sunda"

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

kaulinan anu niru-niru jalma nu keur ngagotong jalma atawa barang nyaeta ...

a)

babangkongan

b)

kukudaan

c)

jajampanaan

d)

cicinaan

2.

conto kecap barang anau aya di jero imah nyaeta ...

a)

korsi, kulkas, méja jeung béca

b)

émbér, gayung, bor jeung radio

c)

panto, méja, korsi jeung kapur

d)

méja, korsi, televisi jeung kompor

3.

lengkepan kalimah ieu dihandap ku kecap barang!


...... dijieunna tina kulit buaya

a)

toko

b)

beubeur

c)

katél

d)

korsi

4.

lengkepan kalimah ieu dihandap ku kecap barang!


geuning ... teh beulah, jang !

a)

gayung

b)

delman

c)

dus

d)

kembang

5.

kalimah pangajak anu bener nyaeta ...

a)

dud, pangnyandakeun buku dina méja!

b)

mah, awas éta gelas peupeuh!

c)

Wan, urang sesepedahan yu!

d)

Mang, sabaraha harga buah jeruk téh?

6.

gambar diluhur nyaeta kaulinan barudak nu ngaranna ...

a)

jajampanaan

b)

oray-orayan

c)

jeblag panto

d)

ucing puntang

7.

asal karajinan diluhur nyaeta ti ....

a)

Bandung

b)

Ciamis

c)

Cianjur

d)

Tasikmalaya

8.

kaulinan anu has diulinkeun ku budak lalaki, nyaéta ....

a)

oray-orayan

b)

sondah

c)

ngadu kaléci

d)

beklen

9.

"Reno ngajak Aufa kerja kelompok"

Eta kalimah lamun dirobah kana kalimah pangajak, jadina ...

a)

"Reno jeung Aufa keur kerja kelompok"

b)

"Reno, urang kerja kelompok, yu! ceuk Aufa

c)

"Aufa urang kerja kelompok, yu!" ceuk Reno

d)

"Ren, Aufa urang kerja kelompok, yu!"

10.

oray naon nu aya dina kakawihan oray-orayan téh?

a)

oray bungka

b)

oray sawah

c)

oray welang

d)

oray kobra

11.

kecap pananya sabaraha dipaké pikeun nanyakeun ...

a)

jumlah

b)

kaayaan

c)

pilihan

d)

barang

12.

Akbar keur jongjon ulin, jol tukang es ngaliwat meuni ti buburanjat meuli es.


sasaruaan kata anu digaris handapan nyaeta ....

a)

damang

b)

gancang

c)

mijah

d)

anteng

13.

Rifqi lulumpatan di jalan anu leueur, teu kungsi lila rifqi ...

a)

tiseureule

b)

tijalikeuh

c)

titajong

d)

tisoledat

14.

kalimah ieu dihandap anu bener maké tanda bacana, nyaeta ...

a)

Saha nu diajar basa sunda.

b)

dimana meuli saptu bola teh!

c)

wan, punten pangnyandakeun patlot!

d)

aduh, pulpen abdi kakantun dibumi.

15.

kacap kaayaan pinter sarua hartina jeung ....

a)

calakan

b)

bodo

c)

kedul

d)

getol

16.

alat kesenian nu dijieun tina awi, disadakeunana ku cara ditakolan, disebutna ...

a)

angklung

b)

calung

c)

suling

d)

bangsing

17.

alat musik diluhur dipaénkeunna ku cara ....

a)

ditakol

b)

ditiup

c)

dioyag-oyag

d)

ditepak

18.

ieu di handap anu henteu kaasup kana kecap kaayaan, nyaeta ...

a)

babarian

b)

ingkud-ingkudan

c)

jongjon

d)

turun

19.

ieu di handap kalimah pananya nu teu makè kecap pananya, nyaeta ...

a)

Dimana bumi bu Dewi teh?

b)

Saha murid kelas 5 anu tiasa mupuh teh?

c)

Sabaraha yuswa bu Dewi teh?

d)

Barudak kelas 5 rajin maca buku?

20.

karangan anu eusina nyaritakeun hiji kajadian nyaeta ..

a)

Carita pangalaman

b)

dongeng

c)

pidato

d)

carita pondok

21.

Baca ieu pupuh!


Dupi irung lemesna téh nya pangambung

Pipi mah disebat damis

Upami buuk mah rambut

Ceuli sok disebat cepil

Kasarna angkeut mah gado


Padalisan kahiji sempalan pupuh diluhur ngabogaan guru wilangan ...

a)

7 engang

b)

8 engang

c)

10 engang

d)

12 engang

22.

Dupi irung lemesna téh nya pangambung

Pipi mah disebat damis

Upami buuk mah rambut

Ceuli sok disebat cepil

Kasarna angkeut mah gado


eta pupuh kaasup sempalan tina pupuh ...

a)

maskumambang

b)

magatru

c)

asmarandana

d)

kinanti

23.

katangtuan jumlah engang dina sapadalisan disebutna ....

a)

guru lagu

b)

guru wilangan

c)

guru gatra

d)

guru wirahma

24.

watek pupuh magatru teh, nyaeta ...

a)

sayaga rek perang

b)

banyol

c)

gumbira

d)

sedih atawa prihatin

25.

aturan pupuh magatru, nyaeta ...

a)

12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o

b)

12-u, 8-i, 9-u, 8-i, 8-o

c)

12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 9-o

d)

12-u, 9-i, 8-u, 8-i, 8-o

26.

katantuan sora dina engang panungtung unggal padalisan disebutna ...

a)

guru wilangan

b)

guru lagu

c)

guru gatra

d)

guru wihara

27.

baca ieu pupuh dihandap!


urang kudu oga sobat dalit,

keur silih tulungan,

silih titipkeun nya dari

ngarah hirup henteu susah.


jumlah guru wilangan padalisan kahaji nyaeta ...

a)

7 engang

b)

8 engang

c)

10 engang

d)

12 engang

28.

baca ieu pupuh dihandap!


urang kudu oga sobat dalit,

keur silih tulungan,

silih titipkeun nya dari

ngarah hirup henteu susah.


padalisan anu jumlah engangna aya 6, nyaeta ...

a)

padalisan kahiji

b)

padalisan kadua

c)

padalisan katilu

d)

padalisan ka opat

29.

ari nu disebut padalisan dina pupuh teh sarua hartina jeung ...

a)

paragraf

b)

bait

c)

kalimah

d)

jajaran

30.

gambar diluhur dipidangkeun ku ...

a)

sinden

b)

nayaga

c)

dalang

d)

artis