Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS (Sunda) XII

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun temurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna ...

a)

Folklor

b)

Budaya

c)

Tradisi

d)

Étika

e)

Tatakrama

2.

Ieu di handap anu henteu kaasup upacara daur hirup, nyéta ...

a)

Adat nu nyiram

b)

Adat ngariksa nu Reuneuh

c)

Adat ngariksa nu Ngajuru

d)

Adat Mulasara Bali

e)

Adat Nyalin

3.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran, nyaéta téhnik ...

a)

Pérsuasi

b)

Identifikasi

c)

Ilustrasi

d)

Définisi

e)

Prosés

4.

Anu henteu kaasup karakter dina Pangimbuhing Twah, nyaéta ...

a)

Emét

b)

Imeut

c)

Kandulan

d)

Rajeun

e)

Leukeun

5.

Anu henteu kaasup kana karakter goréng opat paharaman, nyaéta ...

a)

Babarian

b)

Humandeuar

c)

Kukulutus

d)

Langsitan

e)

Pundungan

6.

Ieu di handap henteu kaasup kana unsur Dasa pasanta (Panengtrem Haté), nyaéta ...

a)

Ramah

b)

Hool

c)

Cangcingan

d)

Nyecep

e)

Asih

7.

Pangimbuhing Twah anu hartina ‘mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme tur gedé tasa tulung tinulungan’, nyaéta ...

a)

Pakapradana

b)

Marogol-rogol

c)

Gapitan

d)

Purusa ning sa

e)

Larawleya

8.

Dina sistem kapamingpinan Sunda “Tri Tangtu di Bumi”, sang prabu kudu boga palasipah ngagurat batu, nyaéta ...

a)

Ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem

b)

Taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa

c)

Boga watek nengtremkeun dina kaadilan

d)

Jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah, silih asuh

e)

Kudu lumampah dumasar tékad, ucap, jeung lampah

9.

Ngeunaan tipeu jeng gaya kapamingpinan Sunda bisa kapanggih naskah kuno ...

a)

Sanghiang Siksa Kaandung Karesian

b)

Amanat Galunggung

c)

Séwaka Darma

d)

Carita Ratu Pakuan

e)

Darmajati

10.

Aya rupa-rupa beulitan iket luyu jeung umur, jabatan, jeung waktu dipakéna. Ieu di handap anu henteu kaasup kana beulitan iket, nyaéta ...

a)

Barangbang semplak

b)

Parékos nangka

c)

Koncér/paitén

d)

Kuda balap

11.

Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebutna ...

a)

Wawacan

b)

Hikayat

c)

Carita pantun

d)

Dongéng

e)

Carita wayang

12.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaéta ...

a)

Golék

b)

Kulit

c)

Purwa

d)

Potéhi

e)

Prabu

13.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana kulawarga Semar dina carita pawayangan Sunda, nyaéta ...

a)

Si Cépot

b)

Si Déwala

c)

Si Garéng

d)

Si Petruk

e)

Nyi Sutiragén

14.

Carita Bratayuda kaasup tina salahsahiji bagian carita wayang ...

a)

Ramayana

b)

Arjuna Sasrabahu

c)

Mahabarata

d)

Déwa Ruci

e)

Jagal Bilawa

15.

Hubungan pandawa lima ka Karna téh, nyaéta ...

a)

Pernah kapilanceuk

b)

Pernah lanceuk misah bapa

c)

Pernah lanceuk béda indung

d)

Pernah lanceuk saindung sa bapa

e)

Taya hubungan duduluran

16.

Siloka bubuka pegelaran anu dikawihkeun ku dalang dina wiwitan caritana disebutna ,,,

a)

Murwa

b)

Nyandra

c)

Kakwén

d)

Antawacana

e)

Janturan

17.

Anu disebut putra panengah Pandawa téh nyaéta ...

a)

Yudistira

b)

Arjuna

c)

Bima

d)

Nakula

e)

Sadéwa

18.

Tokoh Rahwana atawa Dasamuka aya dina carita wayang ..

a)

Mahabarata

b)

Arjuna sasrabahu

c)

Ramayana

d)

Dewa Ruci

e)

Jabang Tutuka

19.

Ieu di handap kalimah anu teu ngandung kecap dirarangkénan hareup N-, nyaéta ...

a)

Manéhna meuli buku ti Palasari

b)

Leungeuna numpang dina beuteung burayutna

c)

Ngan ka ema nu tara ngantep téh

d)

Sigana mobil beus téh geus tepi ka nu dituju

e)

Semar neundeun deui duit emas

20.

Rarangkén hareup N- anu teu robah jadi nge- aya dina kecap ieu di handap, nyéta ...

a)

Ngemil

b)

Ngecor

c)

Ngebom

d)

Ngelas

e)

Ngecét