NEW
Font size
WorksheetsBAHASA SUNDA - PENILAIAN HARIAN TEMA 5
Total questions: 15
Worksheet time: 13mins
Si Jalak Harupat
Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di Tangerang, sasih Désember 1945.
Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun kaping ....
a. 31 Desember 1945
b. 31 Maret 1897
c. 31 Maret 1945
d. 31 Desember 1897
Si Jalak Harupat
Raden Oto hirup di lingkungan kulawarga priyayi anu boga jiwa ngarayat. Oto aktif dina organisasi Budi Utomo sarta kapilih jadi anggota Dewan Kota. Taun 1925 Oto sabatur-batur ngadegkeun Sakola Kartini. Nya dina waktu harita, Oto ngeritik Paguyuban Pasundan. Anjeunna nadar rék meuncit hayam, tuluy embé, lamun Paguyuban Pasundan bakal bubar.
Nadar Raden Oto lamun Paguyuban Pasundan bubar nyaeta ....
a. Ngadegkeun Sakola Kartini
b. Bakal aktif dina organisasi Budi Utomo
c. Bakal jadi anggota Paguyuban Pasundan
d. Bakal meuncit hayam jeung embe
Taun 1928 Oto pindah gawé ka Jakarta, jadi guru HIS Muhammadiyah. Waktu di Jakarta, Oto jadi anggota Paguyuban Pasundan, anu kungsi dikeritik.
Raden Oto pindah gawé ka Jakarta taun ....
a. 1897
b. 1925
c. 1945
d. 1928
Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung, 31 Maret 1897. Ari pupusna di Tangerang, sasih Désember 1945.
Raden Oto téh pupusna di ....
a. Jakarta
b. Tangerang
c. Bandung
d. Garut
5. Raden Oto Iskandardinata dibabarkeun di Bandung.
Dibabarkeun sarua hartina jeung ….
a. Dilahirkeun
b. Dinikahkeun
c. Dinadarkeun
d. Dinobatkeun
Kalimah pananya nu nunjukeun ‘jumlah’ nyaéta ....
Saha ngaran adina Dedi?
Di mana sakolana Yunus?
Sabaraha jumlahna murid kelas 3?
Iraha peré sakolah?
Kecap *sura-seuri* kaasup Kana kecap rajekan ...
Dwipurwa
Dwireka
Dwilingga
Dwimadya
.... bumina pa Dadang teh?
kecap pananya nu cocog keur ngeusian kalimah tanya diluhur nyaeta ....
Saha
Naon
Dimana
Kumaha
Di pilemburan, bulan Puasa teh bulan nu pangrame-ramena. Ari sore, sanggeus baruka, kolot-kolot daratang ka masigit, taraweh. Barudak oge rea nu daratang atawa marilu jeung bapana.
Kalimah pananya nu cocog jeung kaayan dina bacaan di luhur nyaeta …
Bulan naon nu pangrame-ramena di pilemburan teh?
Saha anu unggal peuting ka masigit, tapi ngan ukur ulin wungkul teh?
Unggal naon Gopar hudang tanghian pisan?
Naon anu dipigawe barudak lamun beres bubaran taraweh?
Dudi keur ulin di lapangan.
Kalimah pananya anu bener nyaēta …
Dimana Dudi sakola?
Iraha Dudi ulin?
Dinama Dudi ulin?
Jam sabaraha Dudi ulin?
Jalma bisa disebut pahlawan lamun ….
Diajar sing getol
Boga jasa anu manfaat
Silih tulungan
Beunghar
…. Pa Ahmad angkat ka Bandung ?
kecap pananya no cocok keur ngesian kalimah pananya di luhur nyaeta ....
Saha
Dimana
Iraha
Sabaraha
Kecap rajēkan dwireka tina kecap tulis jadi ….
tutulisan
tulas-tulis
menulis
tulis-tulis
Kecap rajekan dwireka nu hartina *mengkol ka hiji tempat nepi ka poho kana tujuan poko* nyaeta ....
pungkal-pengkol
sumpang-simpang
luak lieuk
rarat-reret
.... sababna Asih teu milu ka imah Galih ?
Kecap tanya nu cocog keur ngisian kalimah tanya di luhur nyaeta ....
kumaha
sabaraha
naon
iraha
