WorksheetsGuguritan Bahasa Sunda
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Guguritan asalna tina kecap gurit, tina basa .................. Grath anu hartina nyusun karangan
Kawi
Sansekerta
Latin
India
Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan ...................
Novel
Carpon
Pupuh
Sajak
................... kagolong kana karangan ugeran dina wangun puisi heubeul. Pangna disebut karangan ugeran lantaran kaiket ku patokan anu tangtu, nya eta Patoka pupuh
Puisi
Guguritan
Sajak
Pupuh
Pupuh ........................... watekna sumanget, ambeuk, gede hate.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan
Asmarandana
Sinom
Kinanti
Durma
Pupuh ................watekna silihasih silih pikanyaah atawa mepeling.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan
Asmarandana
Dangdanggul
Kinanti
Magatru
Guguritan mah wangun karangan pondok. Contona guguritan karya ..................... (1852-1930) aya nu panjangna nepi ka 500 pada, réréana panjangna kurang leuwih 200 pada.
Yosép Iskandar
Agus Mulyana
H. Hasan Mustapa
Hidayat Suryalaga
Guguritan biasana nyaritakeun ................................ papatah hirup, jeung kereteg haté pangarangna.
Latar
Kaéendahan alam
Politik
Komedi
Seni nganggit guguritan maké pupuh téh salah sahiji kamekaran tina ................ anu geus matok. Guguritan dijieun bisa dikasang tukangan ku karesep, kaayaan haté, jeung kereteg pangarang nu keur karasa harita.
Rumpaka lagu
Rumpaka pupuh
Rumpaka carita
Rumpaka wawacan
Maca guguritan téh biasana ................. ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh asmarandana
dihariringkeun
Teu maké lagu
Dijero haté
Diilo
Kumpulan guguritan anu munggaran, anyar terbit taun 1991, nyaéta Jamparing Hariring karya Dédi Widyagiri, sarta dituturkeun ku Guguritan ..................... ku Yus Rusyana (1995), Ring-ring Ciawaking Wahyu Wibisana (1999), jeung Jaladri Tingtrim ku Dyah Padmini (2000)
Raja Pati
Munggah Haji
Nitip diri
Naék Haji
Angsana ligar ku mangsa
Malati lingsir ku wanci
Ganda puspita ermawar
Sesekaring taman sari
Mun teu seungit mo sari
Lamun layu moal luyu
Ligar teu maruragan
Seungitna teu daek leungit
Sapaosna seungitna angina-anginan
Guguritan tembang di luhur ka asup pupuh
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Balakbak
Angsana ligar ku mangsa
Malati lingsir ku wanci
Ganda puspita ermawar
Sesekaring taman sari
Mun teu seungit mo sari
Lamun layu moal luyu
Ligar teu maruragan
Seungitna teu daek leungit
Patokan guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaeta ?
8a , 8i,8a,8i,7i,8u,7a,8i.12a
8i 8a 8a 8i 7i 8u 7a 8i 12a
8a,8i 8i,8a,8i,8u,8a,8i,12a
8a 8a 8i 8a 7i 8u 7a 8i 12a
Guguritan anu sok di tembangkeun ogé make patokan di sebut :
Pupuh
Sajak
Puisi
Guguritan
patokan nulis pupuh magatru nyaeta
12u,8i,8u,8a,8i
12u,81,8u,8i,8o
12a,8a,8i,8i,8o
12u,818a,818a,8i,Bo
wateuk pupuh magatru nyaeta
Sedih
Gumbira
Bungah
Lulucon
wateuk pupuh Durma nyaeta
Ngambek
Lulucon
Bungah
Gumbira
Pupuh dihandap anu teu kaasup pupuh sekar ageung, nyaeta ...
Kinanti
Durma
Sinom
Asmarandana
Aya sabaraha jumlah padalisan dina pupuh mijil ...
6 padalisan
7 padalisan
8 padalisan
9 padalisan
Watek nyaeta ...
Jumlah suku kata dina tiap padalisan
Huruf vokal dina tungtung padalisan
Baris
Karakter dina unggal pupuh
Anu kaasup pupuh sekar alit ...
Asmarandana
Sinom
Mijil
Kinanti
