wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Wirausaha

Total questions: 20

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan paguneman tanya jawab anu ngawawancara jeung nu di wawancara (narasumber), tujuanana pikeun ngumpulkeun informasi disebut ....

a)

wawancara

b)

reporter

c)

babacaan

d)

kalimah tanya

2.

Wawancara anu tujuanana pikeun ngumpulkeun informasi ( berita ) biasana dilaksanakeun ku ....

a)

wartawan

b)

mahasiswa

c)

tukang baso

d)

barudak sakola

3.

Perhatikeun gambar ieu di handap !

Jenis wawancara

a)

tukang dagang

b)

tukang urut

c)

korban kacilakaan

d)

dinas kasehatan

4.

Lamun urang rek ngawawancara kudu aya ....

Jawaban anu luyu jeung maksud ieu kalimah nya eta ...

a)

narasumber

b)

obyek

c)

palaku

d)

korban

5.

Kalimah pananya anu luyu lamun ngawawancara dumasar kana gambar nya eta ....

a)

Punten pak, Dupi ieu tahu didamelna tina naon nya ?

b)

Cing pak sebutkeun tina naon ieu tahu dijeunna !

c)

Saya rek nanyakeun , kumaha tah carana nyieun tahu !

d)

Rek dibawa ka mana wae ieu tahu teh Mang !

6.

Dupi emang tos lami icalan comro teh ?

Jawaban anu luyu pikeun ieu kalimah pananya nya eta ....

a)

Kawit mah mang teh ti Ciparay

b)

Leres neng, tos sapuluh taun langkung

c)

Biasa we neng, icalan nguriling ka kampung - kampung

d)

Muhun Neng, comro teh didamelna tina sampeu anu diparud

7.

Dina nyusun kalimah pikeun wawancara biasana ngagunakeun kecap pananya saperti ieu di handapt, iwal ti ....

a)

Saha

b)

Di mana

c)

Iraha

d)

Jung

8.

Mang Adun nuju dadasar daganganana , sateuacan nu meuli datang. Kecap dadasar ngandung harti ....

a)

ngamparkeun jeung ngatur dagangan

b)

wawangunan tempat dagang

c)

tempat jual beuli anu merenah

d)

wawangunan panjang anu dibilikan

9.

Jumlah siswa kelas genep ayeuna aya 93 urang .

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....

a)

barang

b)

bilangan

c)

pagawean

d)

sifat

10.

Dudi meuli manuk japati....

a)

sapasang

b)

salosin

c)

sajodo

d)

salawe

11.

Modal dagangan gede, ari nu dijual jeung batina saeutik, harti tina paribasa .....

a)

elmu tungtut dunya siar

b)

dagang peda ka Cirebon

c)

legok tapak, genteng kadek

d)

dagang oncom rancatan emas

12.

Elmu tungtut, dunya siar . Paribasa ieu ngandung harti ....

a)

hirup kudu neangan elmu jeung harta pikeun kasalametan dunya aherat

b)

beja atawa berita gancang narekabna bari sok ditambahan

c)

jalma nu rea pangalamanana

d)

jalma beunghar anu terus - terusan babanda

13.

Peuting lilikuran dina bulan Ramadhan mah biasanan sok dipake itikap di masigit. Kecap lilikuran saruan hartina jeung ....

a)

20

b)

12

c)

60

d)

21

14.

Ari jadi jalma teh kudu hade ku omong, goreng ku omong. Hartina ....

a)

Hade goreng bebeja heula

b)

ngomongkeun batur

c)

tara loba omong

d)

tukang ngomong kagorengan

15.

Ngajual dagangan teh poe ieu mah henteu meunang bati, kalah ka ....

a)

koredas

b)

untung

c)

rugi

d)

beak

16.

Dagang es dina usum hujan kieu mah kalah ka teu laku. Istilah dina perdagangan basa Sunda ....

a)

ngeumbreuk

b)

dadasar

c)

untung

d)

toko

17.

Wati : resep atuhnya unggal dinten nuang comro

Tukang dagang : Ah bujeng-bujeng Neng nuang comro, ku ngangseuna ge tos giung.

Paguneman di luhur salah sahiji conto wawancara ka ....

a)

tukang tahu

b)

tukang ciok

c)

tukang baso

d)

tukang comro

18.

Kecap -kecap ieu di handap anu teu kaasup tempat jualan nya eta ....

a)

jongko

b)

pasar

c)

warung

d)

saung

19.

Gambar di luhur kaasup kana pasar ....

a)

serba aya

b)

kolontong

c)

manuk

d)

kurung manuk

20.

Anu teu kaasup kana kalimah bilangan di antara kalimah - kalimah ieu di handap , nya eta ....

a)

Sapatuna dua rampasan

b)

Dadan meuli buku tulis lima siki

c)

Rata - ratana peunteun rapotna dalapan

d)

Ahmad mah jangkungan sameter sapuluh