wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Pangajaran 5 Level 5

Total questions: 15

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Urang kudu reueus jadi bangsa Indonésia anu diwangun ku rupa-rupa...bangsa.

a)

Kaulinan

b)

Sélér

c)

Salur

d)

Alat

2.

Rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké aturan payokan pupuh disebutna....

a)

Pupuh

b)

Sajak

c)

Karatagan

d)

Kawih

3.

Nu disebut rampak sekar nyaéta....

a)

Ngawih ku saurang

b)

Kakawihan

c)

Ngawih babarengan

d)

Menyanyi solo

4.

Alat kasenian nu dijieunna tina awi, cara maénkeunna dioyagkeun. Disebutna ....

a)

Rebab

b)

Suling

c)

Calung

d)

Angklung

5.

Nu ngalakonkeun wayang dina pagelaran wayang golèk atawa wayang kulit, disebutna ....

a)

Dalang

b)

Pamayang

c)

Nayaga

d)

Sindén

6.

Ieu di handap ngaran alat kasenian nu cara maénkeunna ditakol, iwal (kecuali) ....

a)

Goong

b)

Bonang

c)

Kendang

d)

Calung

7.

Ieu gambar téh nyaéta hiji kasenian nu ayana di wewengkon Rancakalong, Sumedang. Éta kasenian ngaranna ....

a)

Wayang kulit

b)

Wayang golék

c)

Lais

d)

Tarawangsa

8.

Ngawih ku saurang (menyanyi solo) disebutna ....

a)

Ngawih babarengan

b)

Rampak sekar

c)

Anggana sekar

d)

Kakawihan

9.

Ieu gambar téh ngaranna ....

a)

Gitar

b)

Kacapi

c)

Rebab

d)

Biola

10.

Runtuyan kekecapan anu angger atawa matok tur ngandung harti injeuman atawa babandingan lambang kahirupan, disebutna ....

a)

Sajak

b)

Pupuh

c)

Paribasa

d)

Babasan

11.

"Sok ngagulkeun diri sorangan" harti tina paribasa ....

a)

Ngadu angklung

b)

Ngélmu angklung

c)

Kawas wayang pangsisina

d)

Goong nabeuh manéh

12.

Harti tina paribasa "pupulur méméh mantun" nyaéta ....

a)

Ménta bayaran méméh digawé

b)

Rupana goréng patut

c)

Ngantep ka kolot

d)

Bener kabéh

13.

"Ulah sok sirik ka rejeki batur, sabab sagala rupana ogé geus aya nu ngatur, nyaéta Allah." Éta kalimah téh salasahiji babandingan tina babasan ....

a)

Goong saba karia

b)

Dogdog pangréwong

c)

Darma wawayangan

d)

Ngélmu angklung

14.

Prak lengkepan lirik kawih "Tanah Sunda"!


Tanah sunda (wibawa)

gemah ripah (tur éndah)

....

a)

seuweu pajajaran

b)

muga tong kasmaran

c)

nu ngumbara suka betah

d)

hirup sauyunan tara pahiri-hiri

15.

Prak lengkepan lirik kawih "Tanah Sunda"!


Urang sunda (....)

Sing towéksa (percéka)

Nyangga darma anu nyata

a)

pajajaran

b)

sawawa

c)

samawa

d)

miara