Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN HARIAN 1 BAHASA SUNDA

Total questions: 10

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Biantara dina basa Indonesia sarua hartina jeung....

a)

upacara

b)

pidato

c)

rapat

d)

diskusi

2.

Rupina cekap sakitu cariosan ti simkuring, nyuhunkeun dihapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. Hatur nuhun.


Eta kekecapan teh mangrupa.....tina biantara

a)

bubuka

b)

eusi

c)

kacindekan

d)

panutup

3.

Di handap ieu nyaeta anu kudu dilakukeun dina nepikeun biantara, nyaeta . . . .

a)

Jelas dina nyaritana

b)

Loba seuri waktu nyarita

c)

Roman anu baeud

d)

Bubuka mah teu pati perlu

4.

Di handap ieu lain mangrupa ciri-ciri anu aya dina biantara resmi, nyaeta . . . .

a)

Biantara direspon ku unggeuk

b)

Biantara direspon ku ngajukeun pananya

c)

Biantara direspon ku ngagodeg

d)

Biantara direspon ku keprok

5.

Dina biantara perlu dilarapkan Tatakrama Basa Sunda. Umpama nyarita di hareupeun anu saluhureun saperti dihreupeun Ibu / Bapa Guru perlu ngagunakeun . . . .

a)

Ragam Basa Loma

b)

Basa anu kasar

c)

Basa anu bebas, boh kasar boh lemes

d)

Ragam Basa Hormat / Lemes

6.

Nyarita dina biantara di hareupeun jalma anu geus akrab atawa sahandapeun . . . .

a)

Bisa ngagunakeun Ragam Basa Loma

b)

Bisa ngomong sangeunahna

c)

Teu perlu ngahargaan ka anu ngaregepkeun

d)

Teu meunang ngagunakeun Ragam Basa Hormat / Lemes

7.

Dihandap ieu anu henteu saluyu jeung naon hartina biantara, nyaeta . . . .

a)

Dina biantara, utamana biantara resmi, biasana komunikasina ngan saukur saarah atawa monologis

b)

Biantara biasana direspon ku ngan saukur unggeuk, ngagodeg jeung keprok

c)

Biantara nyaeta nyarita dihareupeun saurang jalma

d)

Naskah biantara kudu disusun sacara merenah jeung rapih

8.

Dihandap ieu anu henteu saluyu jeung anu disebut biantara anu merenah . . . .

a)

Eusi biantara kudu dieusi ku eusi jeung kacindekan, sedengkeun bubuka jeung panutup mah teu pati perlu

b)

Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu urang apal

c)

Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu matak kataji ka anu ngaregepkeun

d)

Eusi biantara kudu dieusi ku topik anu dipikaresep ku urang

9.

Di handap ieu nyaeta hal anu salah anu aya patalina jeung biantara, nyaeta . . . .

a)

Dina biantara teu resmi kadang aya oge komunikasi dua arah, gumantung kana suasanana

b)

Dina biantara teu resmi naskah biantara teu meunang dibaca

c)

Dina nepikeun biantara, naskhana bisa dibaca atawa bisa oge teu dibaca

d)

Dina nepikeun biantara, nyarita kudu tatag

10.

Salah sahiji hal anu kudu diperhatikeun ku urang dina nepikeun biantara nyaeta lentong kudu merenah.

Kecap lentong sarua hartina jeung . . . .

a)

Artikulasi

b)

Ekspresi

c)

Intonasi

d)

Gestur