WorksheetsTES DRAMA SUNDA
Total questions: 20
Worksheet time: 40mins
Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....
épilog
dialog
monolog
prolog
katalog
Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....
antagonis
protagonis
piguran
aktor
aktris
Titenan gambarna! Dina galur carita drama, lebah tanda tanya disebut ....
éksposisi
komplikasi
antiklimaks
klimaks
konfrontasi
Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....
tragédi
komédi
stratégi
sandiwara
komédi-tragédi
Conto drama tragédi kawentar anu ditulis ku dramawan Inggris anu kasohor, William Shakespeare, nyaéta ....
Roméo jeung Juliét
Rama jeung Sinta
Nganti-nganti Godot
Tunangan
Jas Hujan Pesenan
Tengetan runtuyan ieu di handap:
1) loba improvisasi
2) peran sutradara penting kacida
3) dipintonkeun di tempat terbuka
4) make naskah
5) taya wates jeung nu nongton
Téater rayat atawa drama tradisional cirina dituduhkeun ku nomer ....
1, 2, 3, 4, 5
1, 3, 5
2, 4
1, 3, 4, 5
1, 5
Mana runtuyan struktur manggungkeun drama anu merenah?
nyadiakeun naskah drama, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, manggung
nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, nulis naskah, latihan, manggung
nangtukeun aktor jeung aktris, nyusun naskah, nangtukeun sutradara, latihan, manggung
manggung, nangtukeun sutradara, nangtukeun aktor jeung aktris, latihan, nyusun naskah
nyusun naskah, latihan, nangtukeun sutradara jeung aktor/aktris, latihan
Ceuk MA Salmoen, istilah "drama" dina basa Sunda téh kaasup anyar, lantaran éta istilah nepi ka taun .... teu kapanggih.
1970-an
1980-an
1990-an
1960-an
1950-an
Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....
kacapi suling
ketuk tilu
sandiwara
tanjidor
ronggéng gunung
Drama tradisinal anu séting panggungna ngagunakeun pakarangan terbuka, maké oncor nu ditancebkeun maké tihang awi, sarta waktu magelaran pamaénna bisa interaksi langsung jeung nu nongton disebut ....
ubrug
banjet
sandiwara
tunil
longsér
Mana dina pernyataan ieu di handap anu kagolong kana ciri-ciri téater rayat atawa drama tradisional?
pagelaran jeung sétingna dinamis
pagelaranana dilaksanakeun dumasar atawa matok kana skénario
pamaénna leuwih ngandelkeun improvisasi
umumna dipagelarkeun di téater tertutup
pamaénna (aktris jeung aktorna) dipilih dumasar hasil casting
Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....
gending karesmén
tunil
sandiwara rayat
banjet
tarling
Karék dina taun 1970-an muncul drama modérn dina basa Sunda, antaran baé ditandaan ku dipagelarkeunana drama "Masyitoh" nu ditulis ku ....
Hidayat Suryalaga
Ajip Rosidi
Utuy Tatang Sontani
Achdiat Kartamiharja
Tegus Karya
Karék dina taun 1970-an muncul drama modérn dina basa Sunda, antaran baé ditandaan ku dipagelarkeunana drama "Masyitoh" nu ditulis ku ....
Hidayat Suryalaga
Ajip Rosidi
Utuy Tatang Sontani
Achdiat Kartamiharja
Tegus Karya
Wahyu Wibisana kagolong pangarang naskah drama anu kuat dina basa Sunda mah, sarta geus loba ngahasilkeun naskah drama anu dipanggungkeun salila taun 1960-an nepi ka taun 1990-an, antarana baé anu kawentar téh drama ....
Siliwangi Maharaja Pajajaran
Statsion Para Arwah
Pasaran
Tonggérét Banén
Jeblog
kulantaran ngebrehkeun paripolah palku, nyaeta palaku teh sina langsung meta, boh lahirna boh batina, Drama teh sok disebut sastra
lakon
hirup
paeh
carita
pintonan
karya sastra dina wangun pagunemana (dialog) diantara para palakuna, kalawan dibarengan ku katerangan-katerangan sejenna nu dibutuhkeun pkeun kaperluan pintonan (pagelaran) disebutna..
teater
pilem
drama
sinetron
gending karesmen
ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur unsur naskah drama nyaeta..
pertelaan palaku
cacandran
prolog jeung epilog
wirahma
babak jeung adegan
Di desa cihapit ribut yen aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunnana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa newak eta garong.
Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean ...
pertelaan palaku
prolog
epilog
babak
adegan
Sani : Buru lalaunan-lalaunan!
ajen : Buru bantuan! lain lalaunan-lalaunan!
Sani : Sip atuhh, urang gancangan asupkeun kana kurungna!
Ajen : Bawa tuh..!
Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean...
babak
adegan
prolog
epilog
dialog
