NEW
Font size
WorksheetsLATIHAN SOAL
Total questions: 20
Worksheet time: 31mins
Hiji hal anu ngabedakeun dongeng jeung golongan carita liana nyaeta….
jalan carita, palaku atawa waktu kajadianana dumasar kana kanyataan
jalan carita, palaku atawa waktu kajadianana loba anu teu asup akal (pamohalan)
jalan carita dina dongeng mah matak pkaresepeun
dongeng mah caritana nyaritakeun pangalaman pangarangna
Galah
Galah sok disebut oge galah asin, galah sodor atawa gobag sodor, mangrupa kaulinan nu bisa diiluan ku barudak lalaki jeung awèwè. Bisa lalaki wungkul, bisa awvwè wungkul, bisa ogè campuran. Kaasup kaulinan anu mikabutuh pamaèn anu loba, sakurang-kurangna genep atawa dalapan urang. Tempatna ogè kudu di tempat anu lega. Bisa di buruan, di lapangan atawa di rohangan anu lega. Nu paling penting dina kaulinan galah, para pamaèn kudu bisa papanjang-panjang lèngkah, paawas-awas, papinter-pinter bulucat balicet, jeung patarik-tarik lumpaT
Kolot
Lalaki
Awewe
Awewe jeung lalaki
Kakuping suara adzan
Di masjid ti katebihan
Singhoreng teh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjid mah
Pribumi atawa semah
hayu urang berjama'ah
Eusi pupujian pupujian diluhur the kaasup kana….
Pepeling
Ajaran agama
Pujian ka Alloh
Riwayat kangjeng Nabi
Basa pun bapa dirawat di rumah sakit, abdi mharaos sedih. Di rorompok the tiiseun. Biasana pun bapak sok ngagetrik-getrik miwarang sholat upami tos waktosna sholat. Anu matak sedih the, pun biang kedah tunggu di rumah sakit. Abdi di rorompok kedah ngurus adi-adi saperti ngamandian sareng ngacukan sarta kedah nyangu.
Naon nu karasa ku hidep sanggeus maca sempalan carita di luhur?
Biasa
Sedih
Gumbira
Bungah pisan
Budak lalaki the gancang ngala pucuk eurih sarta beuteung oray diturih. Gorehel adina kapanggih tijero beuteung oray tuluy dibawa balik. Barang datang sok adina digolerkeun ditengah imah sarta tuluy digeberan ku manehna bari ngawih “ geber-beger hihid aing, hihid aing kabuyutan,titinggal nini awaking”. Kerenyed suku adina the usih pok deui lanceuka ngawih. Kerenyed deui awakna usik, kitu bae saterusna nepi ka eta adina hirup deui.
Bagian anu eusina pamohalan atawa teu asup akal tina dongeng di luhur the nyaeta….
budak lalaki ngala pucuk eurih
digeberan ku hihid kabuyutan
nu geus maot hirup deui
suku budak kekerenyedan
Baca sempalan dongeng di handap !
Gunung Tangkuban parahu
Jaman baheula, ditengah leuweung, aya hiji putri anu kacida geulisna. Ngarana Dayang Sumbi. Basa eta putri keur ninun di saung ranggon, taropong paranti ngasupkeun benang murag ka kolong. Dayang Sumbi terus jangji, lamun aya anu pangyokotkeun eta taropong, mun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki.
Teu kungsi lila jol aya anjing jalu ngarana si Tumang. Eta taropong the dicokot ku si Tumang. Sok eta taropong the dibikeun ka Dayang Sumbi.Sanajan sedih, Dayang Sumbi kapaksa kawin jeung si Tumang. Si Tumang jeung Dayang Sumbi boga anak lalaki anu kacida kasepna, ngarana Sang Kuriang, ti leutik nepi ka gede, Sangkuriang diasuh ku si Tumang.
Sakali mangsa, Dayang Sumi hayangeun pisan jantung mencek, Sang Kuriang dititah moro. Hanjakal Sang Kuriang teu meunang mencek.Tungtungna, si tumang dipaehan. Jantungna dibikeun ka dayang Sumbi.
Basa dayang sumbi terangeun, Dayang Sumbi kacida ambekna. Beletak bae sinduk nu keur dipake masak the ditakolkeun kana sirah Sang Kuriang tepi ka pitak. Sirahna baloboran getih/ Geus kitu, Sang Kuriang diusir. Sangkuriang terus bae indit
Pesan moral (pieunteungeun nu bias dicokot tina eta dinging nyaeta….
Ulah ngabohong kanu jadi kolot
Jadi budak kudu siga sangkuriang
Jadi budak kudu siga dayang sumbi
Meunang ngabohongan kanu jadi indung
Baca sempalan dongeng di handap !
Si Kabayan Ngala nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. ‘’nu kolot ngala nangka the, Kabayan’’ ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyoren bedog rek ngala nanga. Barang nepi ka kebon, Si Kabayn alak – ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gede pisan. Tuluy wae di ala. Barang dipanggul kacida beuratna.
‘’Wah moal kaduga yeuh mawana.’’ Pikir Si Kabayan. Tuluy we nangka the ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung wae balik ti heula da geus kolot ieuh’’. Ceuk Si Kabayan nyarita ka nangka.
Bagian anu eusina pamohalan atawa teu asup akal tina sempalan Dongeng di luhur nyaeta….
Kabayan ngala nangka
Kabayan dititah ku mitohana
Kabayan nyoren (mawa) bedog
Nangka nu geus kolot titah balik tiheula
Baca sempalan sajak di handap!
Angin ngaharewos nebak ceuli
Ngeleketek hate nu beuki rehe
Hawa nyecep nembus tulang
Reup, panon pereum teu karasa
Kecap anu ngandung harti konotatif dina padalisan kahiji nyaeta
Hawa
Ceuli
Angin
ngaharewos
TUKANG MULUNG
Karya: Miati Suci Armilita
Ngagidig ngagandong goni
Nahnay nyorang gang-gang perumahan
Nu solokanna hapeuk
Kawas ngagarajag késangna
Rebun-rebun muru rongsokan ngawujud gunung
Pananggeuhan bisa nyambung sésa umur
Ditumbu gacok kurah-koréh
Sugan manggihan gepokan
Carangka runtah diungkaban
Susuganan manggihan lambaran
Kalah ka manggihan gambar ngajebian
Kahirupan hangru dina bungburukan
Unggal isuk paburu-buru jeung asu
Duh, itu nu jaregud paingan wae jaramedud
Sihoréng sok aya nu rajeun rajin
Tukang mulung rumpad-rampid sagala diampihan
Teu, bararaid teuing ….
Kuring mah tukang mulung sajati
Isin teuing ku Gusti rido léngoh
Tibatan téga ngadodoho nu bongoh
(Dicutat tina Manglé Alit no. 1899)
Sajak diluhur ngagambarkeun rasa….
Sedih
Bungah
Gumbira
Keuheul
Kamana jalan ka Jogja
Kaditu ka palih wétan
………………………………..
………………………………..
Kalimah anu pernah pikeun ngalengkepan rarakitan diluhur nyaeta….
Kamana jalan ka Jogja
Kaditu ka semarang
Kamana jalan ka sorga
Kaditu kapangaosan
Kmana kuring sakola
Kaditu kanu jauh
Kamana urang rek indit
Kaditu rek ka jogja
Samping hideung dina bilik
Kumaha nurunkeunana
Abdi nineung kanu balik
Kumaha nuturkeunana
Sisindiran diluhur kaasup kana wangun….
Paparikan sesebred
Paparikan piwuruk
Paparikan silih asih
Rarakitan silih asih
Sisindiran nu diwangung ku dua baris sarta aya aya
maksud (wangsal) anu kudu dijawab disebut….
Rarakitan
Sisindiran
Paparikan
Wawangsalan
Teu halangan hujan angina dor-dar gelap
Mun maung bandung tandang
Paduli dimana
Komo maen di kandang
Pada ngadeugdeug geus pasti
Mun persib marag
Di mana ge di sungsi
Watek guguritan diluhur nyaeta….
Sedih
Banyol
Gumbira
Sumanget
sakedap deui barudak kelas 9 bade nyayakeun acara perpisahan, barudak anu jadi panitia keur nyusun runtuyan acara anu baris dilaksnakeun,diantarana :
1 .maos ayat suci Alqur`an
2. laporan pupuhu panata calagara
3. Bubuka
4. Biantara-biantara
5. pintonan kesenian
6. pamungkas / Du’a
7. Upacara adat “Pangjurung Geusan Nanjung”
8. nembangkeun kawih “tanah Sunda”
Runtuyan acara anu merenah nyaeta….
3-1-2-8-4-7-5-6
1-3-2-8-4-7-5-6
3-2-1-5-6-7-4-8
2-1-3-4-5-7-8-6
pancen utama pangjejer acara, nyaeta….
ngatur jalana acara sangkan tartib tur lancar
ngatur anu boga hajat sangat tarti
ngatur pamarn nu rek mangung
ngatur pakean anu rek minton
Nyiar Elmu
Dosa lamun teu diajar
Eta jalma pasti sasar
Bakal leungit sipat sobar
Sangsara di alam Mahsar
Nyiar elmu diwajibkeun
Ku Rosul diparentahkeun
Anu bakal nyalametkeun
Pek diajarna sing leukeun
Eusi pupujian pupujian diluhur the kaasup kana….
Pepeling
Ajaran agama
Pujian ka Alloh
Riwayat kangjeng Nabi
Sikap moral picontoeun dina carpon
Baca sempalan novel di handap!
(1)Ku kitu oge, pikir kuring kacida nalangsana, rek ngalawan ngan ukur ku hate, tina sok dipangmeunangkeun.(2)Sakapeung sok menta ingkah ti dulur, niat bubujang di Juragan Mantri, purah nganteur ka desa – desa, ngurisan.
(3)Sabada magrib, kuring jeung batur-batur biasa ka masigit, taraweh.(4)sawareh babaturan kuring sok tadarus, ari kuringmah tara milu, nenjokeun bae tukangeun batur.
Sikap picontoeun nu bisa dicokot tina tikoh kuring nyaeta….
Kedul
Sabar
Bangor
Kuuleun
Baca sempalan bianatra di handap!
Ibu miwah bapa anu ku sim kuring dipihormat, dina salebet tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, tangtos pisan seueur kalepatan. Rupina aya ti antawis Ibu sareng Bapa anu dugi ka ngaraos jengkel, keuheul,sareng bendu, margi ningali murid anu teu taat kana aturan, bangor, lalawora dina diajar sareng apilain kana nasehat katut papatah. Ku seueurna kalepatan anu nembe ditaan, sim kuring saparakanca seja nyuhunkeun dihapunten, pamugi ibu sareng bapa kersa ngahapunten ka sim kuring sadaya.
Bagian biantara diluhur kaasup kana bagian….
eusi biantara
bubuka biantara
panutup biantara
rarangkay biantara
Anu kaasup kana bagian bubuka biantara nya éta ….
Rupina mung sakitu biantara nu tiasa didugikeun, mudah-mudahan aya hikmah, guna sareng mangpaatna.
Sakitu nu kapihatur. Nagahaturkeun nuhun kana perhatosanana, neda sihapunten tina naon rupi kalepatan sinareng kakirangan.
Syukur Alhamdulillah urang sanggakeun ka Alloh SWT anu Maha Kawasa anu parantos maparin nikmat sinareng rahmat-Na ka urang sadayana.
Sateuacan mungkas ieu biantara simkuring umajak ka sadayana anu sami hadir,hayu urang sami-sami ngadu’a, mugia urang sadaya aya dina rido Alloh Swt.
Luas Kampung Naga the legana 5 hektar, 1,5 na pakampungan penduduk, 3,5 hektarna balong, sawah jeung leuweng karamat. Dikampung Naga aya 113 wangunan, 110 wangunan imah penduduk anu tiluna nyaeta hiji masjid, hiji bale patemon jeung hiji deui Bumi ageing.
Salahsahiji wangunan nu aya di Kampung Naga nyaeta Bumi Ageung, anu gunana pikeun….
imah kapala desa
Tempat paranti ibadah
Tempat pertemuan /kumpul warga
Tempat nyimpen barang-barang pusa
